CONTOH PUPUJIAN SUNDA
Eling sadayana umat
muslimin sareng muslimat
hayu énggal geura sholat
ibadah téh ulah telat
bisina kaburu paéh
sabab urang bakal paéh
nyawa dicabut ku allah
sadaya gé bakal paéh
Eling sadayana umat
muslimin sareng muslimat
hayu énggal geura sholat
ibadah téh ulah telat
bisina kaburu paéh
sabab urang bakal paéh
nyawa dicabut ku allah
sadaya gé bakal paéh
Dina raraga milangkala kamerdékaan Indonesia anu ka-73, Karang Taruna Desa Tumaritis ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan Désa Tumaritis. Ieu kagiatan téh minangka ngareuah-reuah milangkala kamedékaan anu ka-73, sarta salasahiji kasempetan pikeun némbongkeun kaparigelan jeung karancagéan sakumna masarakat Désa Tumaritis. Salian ti éta, ieu kagiatan téh pikeun miara tur ngamumulé budaya nu aya di Indonésia. Dina ieu kagiatan téh bakal mintonkeun sababaraha seni tradisi Sunda, di antarana nyaéta calung, longsér, ibing penca, réog, tari, jeung rampak kawih.
Réprési Orba dina Novél Sunda
Judul Buku : Galuring Gending
Pangarang : Tatang Sumarsono
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2001
Jumlah Kaca : 413
DUA tilu taun katompérnakeun, teu réa buku Sunda anu medal. Komo novél mah. Ku diterbitkeunana novél Galuring Gending (GG) karangan Tatang Sumarsono ku PT Kiblat Buku Utama (2001), geus mawa angin seger keur dunya pabukon Sunda nu keur katiga. Sanajan kaitung elat sabenerna mah, lantaran kapan éta novél téh hasil saémbara ngarang novél Paguyuban Pasundan taun 1999.
Aya nu istiméwa dina éta novél téh. GG kagolong kana novél anu nyaritakeun sual politik nu arang kapanggih jadi téma-téma novél Sunda. Bisa diitung ku ramo novél Sunda modél kitu téh. Anu pangahirna diterbitkeun jadi buku nyaéta Cihaliwung Nunjang Ngidul (1997) beunangna Abdullah Mustappa, nu medar gonjang-ganjingna politik di sabudeureun peristiwa DI/TII jeung G/30-S/PKI. Umumna mah kapan novél Sunda téh réa ngaguar téma-téma kulawarga, rumaja, atawa sajarah. Dina GG, Tatang milih téma politik anu panghaneutna, nyaéta galura politik saméméh Présidén Suharto marén taun 1997, sok sanajan réa ngambahanana tina kajadian-kajadian politik saméméhna. Dina sastra Indonésia gé apan, pangpangna dina wangun prosa, can réa pangarang anu ngaguar éta téma mah
Mun aya nu nanyakeun, kabiasaan naon nu ayana ngan di Indonsia wungkul anu patali jeung lebaran? Pasti jawabanana kabiasaan mudik. Apanan urusan mudik téh di nagara urang mah geus jadi urusan nasional. Lain ngan suku Sunda wungkul nu biasa migawéna, tapi geus jadi tradisi sakumna sélér bangsa nu aya di Indonésia. Urang Sumatera, urang Maluku, urang Sulawesi, urang Kalimantan, Papua, Bali, jsb. geus biasa migawé ieu tradisi dina usum lebaran. Meureun pédah nagara urang mah loba pulona, sarta pangeusina loba nu ngumbara ka pulo séjén. Dina waktuna milih balik ka lembur téh sok disataun-sakalikeun. Da sapopoé mah riweuh ku gawé téa, ongkoh tara aya liburan rada lila anu bareng saréréa, iwal usum lebaran. Katurug-turug, kapan tos lebaran mah wanci anu kacida mustarina pikeun silihlubarkeun kasalahan anu dipigawé, boh dihaja boh teu kahaja, salila sataun landung.
Jauh tangéh ka lebaran, pamaréntah dina hal ieu kementrian perhubungan, tihothat nataharkeun arus mudik sangkan lungsur-langsar saréréa. Angkutan darat, laut, jeung udara ditataharkeun ti anggalna sangkan nyumponan bubutuh anu mudik. Malah pausahaan-pausahaan badag ogé loba anu milu nyarumbang nyadiakeun angkutan lebaran keur nu mudik. Tuh, pan saréréa milu riweuh ku ayana tradisi mudik téh.
Wasta abdi Sulastri . Dina danget ieu , abdi bade ngadugikeun pangalaman sasasih kalangkung Waktos Kahujanan .
Dina dinten Salasa ,ping 20 Agustus 2013 abdi mios ka sakola teh sorangan,margi kakakantun ku rerncangan.Leumpang teh rurusuhan da sieun kasiangan .Di satengahing jalan , breg teh hujan ageumg pisan .Kaleresan abdi teu ngabantun pajeng ,atuh abdi teh rancucut kahujanan.
Dugi ka sakola abdi kabulusan, sakujur badan ngagibrig .Abdi atuh teu wantun lebet ka kelas ,da bilih ngaganggu ka nu sanes. Jabi ti kitu, dina lebetna oge moal konsentrasi diajarna. Pangpangna deuih teu kiay ku isin.Upami teu lebet , sok bilih dialpakeun. Abdi nguliwed ka jamban
Panggung poek. Sora bangkong tingborogodod. Lampu laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja. Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung, ngome buuk. Panggung remeng-remeng. Sora ti saluareun imah:
Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.
“Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun.
“Saban Aki ka dieu, kaleresan aya wéh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dén?” saur Aki Uki bari ngalémétan réméh. Nu dialem akonakon
teu ngadangu. Kalah tumaros.
Wacana téh miboga wangun-wangun anu tangtu. Ari munculna wangun-wangun wacana téh disababkeun ku ayana cara anu béda-béda dina nepikeun eusi wacana. Aya wacana anu cara nepikeun eusina téh ku cara dicaritakeun, aya nu didadarkeun, aya nu dijelaskeun, jeung aya nu dijelaskeun bari dibéré alesan-alesan.
Ti peusar kota Bandung mah kaitung deuket Kampung Mahmud teh, kira-kira 5 km maju ngulon. bisa ngagunakeun angkot Tegalega mahmud atawa kendaraan pribadi. merlukeun waktu perjalanan 30-45 menit. Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung.Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung.
Najan kasebutna kampung adat, sabengbatan mah Kampung Mahmud teh taya beda jeung Kampung sejenna. Lebah kamekaranana ge sarua bae. Televisi, radio, hape,jeung barang elektronik sejenna geus lain barang aneh. Ngan pedah tina wangunan nu katagen masih basajan. Di Kampung Mahmud mah di pahing pisang nyieun wangunan tina tembok jeung kaca. Boh pikeun imah boh pikeun masjid. wangunana kudu imah panggung. karerean imahna teh potongan suhunan jolopang.
Guguritan téh nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang sarta maké aturan pupuh anu geus baku. Ku lantaran teu panjang téa, biasana mah mangrupa pupuh anu tujuh belas téa. Seperti conto di luhur éta mangrupa guguritan anu maké patokan pupuh sinom, kinanti, asmarandana jeung mijil. Guguritan dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh.
Dumasar kana cara nepikeunana, warta bisa dikelompokkeun jadi dua rupa nya éta:
1. Warta lisan
Warta lisan seperti nu aya dina radio, televisi, jeung nu langsung ditepikeun ku nu nepikeun warta.
2. Warta tinulis
Warta tinulis seperti nu sok remen kapanggih dina koran, majalah, tabloid, jeung sajabana.
Kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh. Ngawih hartina ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ngawih sorangan disebutna Anggana Sekar. Ari ngawih babarengan disebutna rampak sekar.
Dina nyusun Pangalaman Pribadi , perlu mikaweruh jeung maham kana léngkah- léngkah nulis karangan panglaman . Hal-hal anu kudu diperhatikeun upama rék nulis karangan pangalaman
Sisindiran téh asalna tina kecap “sindir” anu ngandung harti “omong an atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol”. Luyu jeung éta anu disebut sisindiran dina sastra Sunda téh karya sastra anu ngaguna keun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.