MATERI DONGENG SUNDA

  • DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO
    MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO

    Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Hiji hal anu ngabédakeun dongéng jeung golongan carita lianna pangpangna dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana loba anu teu katepi ku akal (pamohalan). Najan kitu, keur nu ngabandunganana pangpangna barudak tinangtu baris ngumbar pantasi anu pohara. Dongéng jadi pohara dipikaresepna, pangpangna ku barudak. Ku ngabandungan dongéng sacara teu langsung budak diwawuhkeun jeung rupa-rupa atikan. Kituna téh lantaran dina dongéng mah leubeut naker ku ajén-ajén atikan. Nya ajén atikan pisan anu ngajadikeun ciri pangpentingna dina dongéng. Upamana baé, atikan kacerdasan, atikan kaéndahan, jeung atikan kasusilaan.

  • DONGENG SUNDA SMP KELAS 7
    MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DONGENG SUNDA : FABEL SASAKALA SAGE & MITE

    Dina dongéng téh sok aya pieunteungeunana sok aya ogé picontoeunana. Tah anu disebut picontoeun mah kalakuan hadé anu kudu diturutan, lantaran bakal mawa kahadéan boh keur dirina sorangan boh keur batur. Dina dongéng di luhur, teu kacaritakeun tokoh anu bisa dijadikeun picontoeun keur urang. Tah ajén-ajén kahadean anu aya dina dongéng saperti kitu téh disebutna ajén atikan moral. Dongéng téh lain ngan sakadarkeur hiburan, tapi ogé jadi bahan/alat pikeun nepikeun atikan. Dumasar kana eusina dongéng téh dibagi jadi genep golongan, nyaéta:

  • MATERI DONGENG SUNDA KELAS 7
    MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DONGENG BAHASA SUNDA SMP KELAS 7

    Dongeng nyaéta carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna ogé tara kapaluruh, hésé ditéangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riungan ka riungan séjénna. Ukuran carita dongéng ilaharna parondok, méh sarua jeung carpon, tapi dina dongéng mah aya unsur pamohalan nu teu kaharti ku akal.

  • MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DONGENG BASA SUNDA SMA KELAS 10

    Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. Éta dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan, tapi nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén. Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di sawatara wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun. Dijieun carita anyar atawa dijieun film. Ari maksudna mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé. Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui,…

  • DONGENG BAHASA SUNDA
    MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DONGENG BAHASA SUNDA

    Dongéng nya eta carita anu tumuwuh di masarakat, sumebar sacara lisan ti hiji jalma ka jalma lian, ti hiji generasi ka generasi saterusna sarta eusina loba anu pamohalan. Hal anu pamohalan atawa teu asup akal dina dongéng upamana waé aya sasatoan bisa ngomong, parahu nangkub robah jadi gunung, jalma bisa hiber jeung sajaba ti éta. Dongéng téh mangrupa karya sastra lisan sabab sumebarna tatalepa sacara lisan, tapi sanggeus ayana kamajuan teknologi citak, réa dongéng anu disalin kana wangun tulisan.

  • MATERI DONGENG BAHASA SUNDA
    DONGENG SUNDA,  MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DONGENG BAHASA SUNDA

    Dongeng teh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran) sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun tumurun jeung sumebarna lu cara lisan. Tara kapaluruh saha pangarang atawa nu nyiptana. nilik wanda jeung eusina dongeng teh kaasup rekaan baheula. patempatan anu jadi latarna mideng tetela gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa hungkul, tapi oge sato, buta, atawa mahluk-mahluk sejena. kajadian-kajadianna sakapeung karasa pamohalan, corak rekaan heubeul mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus tema.

error: Content is protected !!