Kira-kira tabuh lima, kuring geus anjeucleu dina mobil. Kabagéan diuk téh di tukang, dina luhureun tumpukan karung béas. Mang Mahmud diukna di hareup, ngaréndéng jeung Kang Kosasih katilu supir.
“Tah, silaing aya batur ngobrol ayeuna mah, Jana,” ceuk supir ka kenékna. Apal kuring ogé ka Si Jana téh, budak ti Guranténg, ngan pédah wawuhna ukur saliwat.
“Kadé silaing diukna sing ati-ati, Kondi, bisi ragrag!” ceuk Kang Mahmud. “Jeung kadé deuih ulah nundutan!”
“Moal, Mang,” cekéng téh.
Teu kungsi lila, mobil geus maju ninggalkeun lembur. Béak jalan désa anu taringgul, bras waé ka jalan aspal.
“Rék udud, euy?” ceuk Si Jana bari ngasongkeun roko anu geus gepéng dua batang, balas hantem kadiukan meureun.
“Uing mah tara udud,” cekéng téh.
Diuk téh ngeunah bari nyelegon, dina tumpukan karung béas, nyanghareup ka tukang. Jadi tumpak mobil téh karasana mundur. Lantaran kitu, angin anu ngahiuk ti hareup teu nebak teuing.
“Geus tepi ka lebah mana ieu téh?” ceuk kuring, duméh harita geus kadéngé adan isa.
“Karék gé Ujungberung,” témbal Si Jana.
“Ari mobil rék dibawa meuting di Bandung, Na?”
“Moal. Geus nurunkeun barang mah, rék terus balik deui, lantaran isukan aya tarikeun.”
“Atuh tabuh sabaraha cundukna deui ka lembur, mun wayah kieu di dieu kénéh?”
“Kana tengah peuting.”