MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9
Biantara atawa pidato téh nyarita di hareupeun balaréa dina raraga nepikeun inpormasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur. Jalma anu ahli biantara disebutna orator. Upamana waé, Ir. Sukarno jeung Oto Iskandar Di Nata, duanana ogé kaasup orator nu kakoncara.
Aya sawatara téhnik dina nepikeun biantara. Kahiji, biantara téh ditalar (ditambul), tapi nyieun naskah heula, tuluy diapalkeun, disebutna téhnik ngapalkeun. Bisa waé naskahna mah nyieun, tapi diapalkeun ti saméméhna. Cara nu sok dipilampah ku barudak sakola dina waktu miluan pasanggiri biantara. Kadua, biantara téh ukur nyiapkeun naskah gurat badagna wungkul, lantaran dadakan dititah biantara, disebutna téhnik impromtu. Katilu, biantara nu naskahna ditataharkeun tur dibaca, ilaharna biantara resmi, disebutna téhnik naskah. Kaopat, biantara ditalar bari henteu nyiapkeun naskah heula, disebutna téhnik ékstemporan. Unggal téhnik biantara anu ditataan bieu téh tangtu boga kaunggulan jeung kahéngkér séwang-séwangan