WAWACAN SUNDA

  • WAWACAN SUNDA

    WAWACAN SIMBAR KANCANA

    Kacaturkeun karajaan Talaga nu dipingpin ku hiji taja nu nelah Raja Talaga Manggung. Raja Talaga Manggung boga anak dua nyaeta nu cikal ngaranna Raden Panglurah jeung nu bungsu ngaranna Simbar Kancana. Simbar Kancana geus boga salaki, ngaranna Palembang Gunung. Dina hiji waktu Raden Panglurah dititah tapa ka gunung Bitung ku ramana. Tujuanana pikeun ngeberesihkeun diri. Raja hayang Raden Panglurah bisa jadi raja nu bisa mingpin karajaan Talaga kalayan bener Kahayang ramana dicumponan ku Raden Panglurah Raden Panglurah tuluy indit tatapa di gunung Bitung salila tujuh taun tujuh bulan tujuh poe tujuh peuting Sanggeus Raden Panglurah indit tapa di gunung Bitung, Palembang Gunung salaku minantu Raja Talaga Manggung ngarasa hayang jadi…

  • WAWACAN SUNDA

    WAWACAN BANDUNGSARI BASA SUNDA

    Gambuh Kacarios nu kasarung, dina leuweung luwang-liwung, Raden Kuda Gambar Sari, nyorang lebak nyorang pasir, ayeuna di leuweung gonggong. Raden keueung kalangkung, curucud cisoca ngucur, barina nyaur ngalengis, manahna rada ngucur, barina nyaur ngalengis, manahna rada kaduhung, teu nga ku-ngaku saur kolot. Pasrah ka Gusti Yang Agung, bari maca alhamdu, alhamdulillah hirobbilaalamin, hurip nuhun simagonggong. Panggih eujeung manuk ciung, eunteup dina luhur kayu, ari Kuda Gambarsari, bongan Agus teu ngaku-ngaku, kana omongan baréto. Ku Raden tuluy kdangu, manuk ciung téh di luhur, tuluy Radén alak-ilik, bersaha nu cumeluk, kawas-kawas sora ewong.

  • WAWACAN SUNDA

    WAWACAN SURYANINGRAT BASA SUNDA

    Kacaturkeun hiji karajaan nu ngaranna Banuringsit diparéntah ku Raja Suryanagara. Eta raja téh boga putra ngarana Suryaningrat. Ari Suryaning rat téh boga garwa ngaranna Ningrumkusumah, anak patih. Sanggeus raja Suryanagara tilar dunya, Raden Suryaningrat diangkat jadi raja. Horéng diangkatna Suryaningrat téh teu dipikaresep ku Raja Duryan. Karajaan Banu ringsit diserung ku Raja Duryan, kalawan pangrojong ti rahayat Banuring- sit Istri Suryaningrat, nyaéta Ningrumkusumah, dipaksa pikeun jadi istri Raja Duryan Ku cara make élmu sirep. Ningrumkusumah bisa ngabebaskeun sa lakina. Tuluy maranéhna kabur ka leuweung Maranéhna tuluy ngalalana, antukna nepi ka wewengkon nagara Durselam. Waktu keur mandi di hiji ta man anu éndah, Ningrumkusumah katingali ku patih Indra Bumi nu dibéré…

  • WAWACAN SUNDA

    WAWACAN SULANJANA BASA SUNDA

    Ganti anu dicarita, Sang Prebu Siliwangi, manahna héran kacida, ku panganggo Nyi Nawangsih, ana nya ku héran teuing, paré saranggeuy geus tangtu, paréntah teu daék béak, taya sudana saeutik, unggal taun leuit kudu baé tambah. Nu kumaha kapiatina, ayeuna meungpeung keur sepi, hayang nyaho rék ditéang, panganggona Nyi Nawangsih, Sang Prebu tuluy indit, seug lajeng asup ka dapur, tatapina éta raja, hanteu jongjon rada risih, hanteu kaur balas nyoréang ka tukang. Ti dinya tuluy dibuka, sadayana ditingali, Raja hookeun kacida, ngahuleng barina dzikir, na kumaha héran teuing, nyaur dina jero kolbu, langkung pinter Nawang Wulan, panganggona langkung leuwih, ngan saranggeuy berkatna kabina-bina.

  • WAWACAN SUNDA

    WAWACAN BABAD GALUH BASA SUNDA

    Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, disandingkeun calikna deukeut ka ratu, kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti. Lajéng Ajar téh haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, éta rupina sakitu, lajéng Ratu mariksa, éta naon geuning kawas rupa daun, pék Ki Ajar téh haturan, reundeu asal ti nu ngirim. Lamun kitu mah petana, manéh Ajar méré seredan ka aing, Ratu beuki tambah bendu, manéh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkéna ngajuru, ieu pamajikan urang, medal pameget ta istri. Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manéh kudu leungit, manéh anu nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma nyieun kitu, wondéning…

  • WAWACAN SUNDA

    CONTOH WAWACAN PENDEK BAHASA SUNDA

    Asmarandana Meureun hidep gé geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongéng anu ramé, carita pantun asalna, asli dongéng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna. Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di kahiangan, bujangga karempel kabéh, para pohaci harémpak, sareng hiji satria, kasép putra Sunan Ambu, anu jenengan Guru Minda. Guru Minda hiji wengi, ngimpén tepang sareng mojang, geulis teu aya nu néndéng, ayana di alam dunya, nagara Pasir Batang, anjeunna keukeuh rék lungsur, milari ka Pasir Batang. Ibuna maparin widi, nanging kedah salin rupa, Guru Minda anu kasép, gentos rupa jadi héwan, hideung lestreng buntutan, disebat Lutung Kasarung, nembé lungsur ka dunya.

  • WAWACAN SUNDA

    WAWACAN PANJI WULUNG

    Kacaturkeun nagara Sokadana, anu kaceluk réa ketan réa keton, sugih dunya taya kakurang, sarta rajana sabar adil palamarta. Ngaran rajana Déwakéswari. Anjeunna kacida miasihna ka Tunjungsari nu keur kakandungan, selir nu asalna ti Balangbangan. Ku hal éta, praméswari langkung-langkung ijidna ka éta selir, sarta sakongkol jeung Ajar Guna Wisésa pikeun ngusir Tunjungsari ti karaton. Ajar nyaurkeun ka Raja yén selir téh geus ngalampahkeun jinah jeung salah saurang pangiringna nu ngaranna Panolih. Puguh baé Raja téh bendu sarta maréntahkeun sangkan Tunjungsari katut Panolih dihukum pati. Anjeunna miwarang Patih Lembu Jayéng Pati pikeun nelasan Tunjungsari. Tapi patih teu tégaeun pikeun nelasan Tunjungsari. Batan dipaéhan mah, Tunjungsari téh kalah tuluy disingkurkeun ka hiji…

  • WAWACAN SUNDA

    15+ CONTOH WAWACAN BAHASA SUNDA

    Kacaturkeun nagara Sokadana, anu kaceluk réa ketan réa keton, sugih dunya taya kakurang, sarta rajana sabar adil palamarta. Ngaran rajana Déwakéswari. Anjeunna kacida miasihna ka Tunjungsari nu keur kakandungan, selir nu asalna ti Balangbangan. Ku hal éta, praméswari langkung-langkung ijidna ka éta selir, sarta sakongkol jeung Ajar Guna Wisésa pikeun ngusir Tunjungsari ti karaton. Ajar nyaurkeun ka Raja yén selir téh geus ngalampahkeun jinah jeung salah saurang pangiringna nu ngaranna Panolih. Puguh baé Raja téh bendu sarta maréntahkeun sangkan Tunjungsari katut Panolih dihukum pati. Anjeunna miwarang Patih Lembu Jayéng Pati pikeun nelasan Tunjungsari. Tapi patih teu tégaeun pikeun nelasan Tunjungsari. Batan ...

error: Content is protected !!