MATERI CARITA PANTUN

  • MATERI CARITA PANTUN,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    CARITA PANTUN: EUSI GALUR WANGUN RAJAH DIALOG & MONOLOG

    Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana médiana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan. Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalépa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.

  • MATERI CARITA PANTUN,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI CARITA PANTUN

    Carita pantun téh carita nu biasa dilalakonkeun ku juru pan tun dina pagelaran seni nu disebut mantun. Najan kitu, saenyana mah pagelaran mantun téh aya dina jero hiji upacara tradisional Ayana carita pantun téh kawilang geus heubeul. Kateranganana nya kapanggih dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kandang Kare sian (1440 Saka; 1518 Maséhi). Dina éta naskah disebutkeun aya prepantun (juru pantun) jeung opat lalakon pantun, nyaéta Lang galarang, Banyakcatra, Siliwangi jeung Haturwangi. Eusi éta opat pantun téh kiwari geus teu dipikawanoh deui. Mantun biasana diayakeun dumasar pamundut salah saurang nu boga maksud ngayakeun salametan. Upamana, sukuran nem patan imah anyar (réngsé diwangun), kalahiran, sanggeus panén, kawinan, sunatan, hudang gering tina kasakit…

error: Content is protected !!