MATERI WAWANCARA SUNDA

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI WAWANCARA SUNDA

    WAWANCARA SUNDA: STRUKTUR LAPORAN DIALOG & NARASI

    Wawancara kaasup kagiatan nyarita dua arah. Aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Saméméh ngalakukeun wawancara kudu tatahar heula nyusun sajumlahing pananya ngeunaan matéri nu rék ditanyakeun ka narasumber. Narasumber téh jalma nu baris dipénta kateranganana. Saupama urang perlu informasi ngeunaan hiji perkara, kadé ulah salah nangtukeun narasumber. Upama perlu informasi ngeunaan kasenian, nya datang ka narasumber nu ahli dina widang seni, Upama perlu informasi ngeunaan pendidikan, nu diwawancarana kudu ahli di widang pendidikan, perlu katerangan ngeunaan olahraga, kudu ngadatangan jalma nu ahli dina widang olahraga, upamana atlit, pelatih atawa guru olahragana pisan.

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI WAWANCARA SUNDA,  WAWANCARA BAHASA SUNDA

    MATERI WAWANCARA SUNDA

    Wawancara téh dina basa inggris disebutna interview, asal tina kecap inter (antara lolongrang ) jeung view ( paniten panempo ). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung atawa anu ngawawancara jeung nu diwawancara. Kuayana kamekaran teknologi, wawancara ge bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan media internet anu disebut video conference a. Bubuka Bubuka dina wawancara gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu rék didiskusikeun, sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara, bubka teh perlu pikeun nyiptakeun nhubungan abu hade antara nu ngawawancara jeng narasumberna.

error: Content is protected !!