KAMPUNG ADAT SUNDA
-
MATERI BAHASAN KAMPUNG ADAT SUNDA SMP KELAS 9
Bahasan téh hiji tulisan nu ngabahas (medar) hiji masalah. Eusina bisa naon waé biasana dumasar kana fakta-fakta boh tina hasil panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan. Nu penting mah aya pangaweruh-pangaweruh (kanyaho) anyar anu gedé mangpaatna keur anu maca. Biasana dina bahasan loba pamanggih-pamanggih pribadi tapi dumasar kana pangalaman, boh tina pangalaman pribadi boh tina pangalaman tokoh-tokoh nu geus sohor. Pamanggihna teh teu sagawayah tapi bisa dibuk tikeun bebeneranana. Sabenerna mah bahasan téh rék sarua jeung ésay, boh cara nulisna boh eusina. Ngan dina ésay mah subyektivitasna (pamanggih pangarang) leuwih tandes, leuwih jelas. Masalah naon waé bisa dijieun bahasan, nu penting mah aya pangaweruh pangaweruh (kanyaho) anyar nu gedé mangpaatna keur…
-
CONTOH KAMPUNG ADAT SUNDA
Kampung Budaya Sindangbarang téh perenahna di Sindangbarang, Désa Pasireurih, Kacamatan Tamansari, Kabupatén Bogor Barat. Anggangna kira-kira 5 kilométer ti Kota Bogor. Kawilang babari upama urang hayang ngajugjug ka ieu tempat. Bisa tumpak angkot jurusan Sindangbarang, turun di pertelon. Ti dinya mah kari tumpak ojég. Jalanna kawilang nanjak sarta loba péngkolan. Tapi upama geus anjog ka Kampung Budaya, urang dipapagkeun ku pamandangan alam nu matak waas. Leuweung maleukmeuk di jauhna. Imah-imah panggung parentul. Ngajajar asri tur hégar katénjona. Aya Imah Gedé, nyaéta imah pupuhu kampung nu nampeu ka lahan nu lega ngagemblang, kawas alun-alun. Di sisi ieu lahan ngadarangong leuit nu suhunanana nyarungcung éndah pisan. Tangkal kalapa jeung awi tingrunggunuk di…