MATERI LAPORAN PERISTIWA SUNDA
-
MATERI LAPORAN PERISTIWA BAHASA SUNDA SMP KELAS 8
Peristiwa, nyaéta kajadian anu luar biasa tur mikat haté. Peristiwa ilaharna mangrupa kajadian anu tara kapanggih sapopoé, tapi mangrupa kajadian langka tur istimewa. Peristiwa téh sok dilaporkeun. llaharna nu sok ngalaporkeun. peristiwa téh umumna para wartawan. Palebah dieu, laporan peristiwa bisa jadi laporan jurnalistik. Laporan téh ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun. Ditilik tina cara nepikeunana, laporan téh bisa sacara lisan bisa ogé ku tulisan Laporan anu ku hidep geus dibaca di luhur mah kaasupna kana laporan tulisan Ari ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu: Kahiji, laporan kagiatan. Eusina ngeunaan geus dilaksanakeunana hiji kagiatan. Upamana waé laporan kagiatan piknik, laporan kagiatan…