MATERI PANUMBU CATUR BASA SUNDA
Panumbu catur atawa moderator téh sakapeung disaruakeun jeung panata acara atawa MC (mater of ceremony). Panumbu catur jeung MC téh aya bedana. Panumbu catur nyaéta anu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sesi) kagiatan. Ari panata acara mah nyepeng kadali sakabeh kagiatan.
Moderator téh pancéna jalma anu minangka panengah (hakim atawa wasit) dina hiji kagiatan, boh sawala/rapat boh diskusi. dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral, ojéktif atawa teu mihak kana salah sahiji pihak. Upama aya konflik di tengah-tengah lumangsungnana acara, panumbu catur kudu bisa jadi panengah.