CARITA WAYANG SUNDA
-
50+ SOAL & JAWABAN CARITA WAYANG SUNDA SMA KELAS 12
Pék pilih jawaban nu dianggap paling bener ku hidep! 1. Carita wayang ramayana téh minangka hasil karya… a. Walmiki b. Dalmiki c. Salmiki d. Asep sunandar e. Asep sunarya
-
CARITA WAYANG JAJATEN ARJUNA BAHASA SUNDA
Kacaturkeun hiji peuting, Pandawa keur ngariung dahar. Heug téh damarna katebak angin, nepi ka pareumna. Atuh puguh baé kaayaan jadi poék meredong. Sabot damar tacan dihurungkeun deui, nu dalahar mah terus baé ngahuap. Arjuna ngagerentes dina jero haténa, cacakan poék, tapi ari dahar mah geuning henteu salah ngahuap. Boa-boa mentangkeun gondéwa ogé kitu. Rék caang, rék poék, ari bari dibarengan ku rasa mah jamparing anu dipentangkeun téh moal nyalahan kana tujuanana.
-
CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA
Kumbakarna ngahuleng nangkeup harigu bari nyéndér kana tangkal tanjung di palataran purina. Teuteupna jauh ka hareup nembus belegbegna peuting, ngaliwatan Kota Aléngka nu ngalamuk diharudum geblégan poék, teup eunteup dina puncak Gunung Gokarna nu ngelemeng ditiung langit biru ngawun-ngawun. Béntang midang ngabaranang, mijah ku cahyana nu sumirat tina kerejep kiceupna. Angin leuleuy naburkeun segerna hawa, bari liwat ngumbara ngalanglang jagat dijajapkeun ku keleter dangdaunan. Alam giak ngidungkeun agungna peuting, dipairan ku haté nu keur ngalamun. Tadi datang béja pikasediheun ti pangperangan. Prahasta Papatih Agung, paman manéhna, geus kasambut sabada perang sapoé jeput. Haténa yakin, Prahasta sorangan henteu sapukeun kana kawijaksanaan Rahwana, henteu narima perluna ngayakeun perang jeung pihak Rama nu…
-
CARITA WAYANG SUNDA SINGKAT
Antara Asih jeung Adil Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal di leuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manéhna tuluy sasambat ka déwa, hayang maot babarengan. Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira baris kaidinan ménta dihirupkeun deui salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan téa, tiluanana gé kajawab ku Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta dihirupkeun deui saurang ti antara tilu dulurna nu maraot. Yudistira pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh kabéhanana ogé adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah…
-
CARITA WAYANG RAMAYANA BAHASA SUNDA
Ramayana Kacarioskeun Rama anu nuju mileuweungan, disarengan ku istrina, Déwi Sinta, sareng raina, Lasmana. Di hiji leuweung, Déwi Sinta kapincut ku hiji kijang (Kidang Kancana). Padahal éta téh kijang kajajadén, supados Rama sareng Lasmana bongoh. Kijang téh siga anu lindeuk, tapi barang badé ditéwak ngejat. Kitu jeung kitu baé, dugi ka Rama téh tebih ti Déwi Sinta. Teu lami, kakuping ku Déwi Sinta sareng Lasmana nu tulung-tulungan sapertos sora Rama. Kawitna Lasmana henteu ngandel kana éta sora téh, margi anjeunna percanten kana kasaktén rakana. Namung Déwi Sinta maksa supados Lasmana milari éta sora, nepi ka kedal kekecapan anu nyentug kana manah Lasmana. Bari nalangsa, Lasmana milari éta sora, ngantunkeun Déwi…
-
CARITA WAYANG SUNDA
CARITA WAYANG SUNDA Nepi ka kiwari, teu saeutik jalma anu resep kana carita wayang. Malah mah carita wayang téh jadi inspirasi keur nyiptakeun karya-karya seni samodél arca (patung), ibing (tari), puisi atawa prosa, ogé lagu. Di urang apan aya lagu “Ceurik Rahwana”. Ari Rahwana apan salah sahiji tokoh dina pawayangan. Naon pangna carita wayang sakitu populérna? Ari sababna mah carita wayang téh saéstuna ngandung rupa-rupa atikan jeung hikmah nu bisa dipaké eunteung kahirupan. Dina carita wayang nyampak kaarifan, kawijaksanaan, paripolah hadé goréng, sarta rupa-rupa pasipatan keur tuladeun.
-
15+ CONTOH CARITA WAYANG BAHASA SUNDA
Arya kumbakarna teh saurang pati ti karajaan Alengka Dirja. Ciri khasna teh nyaeta awakna nu gede, buluan dadana sabab manehna katurunan Buta atawa Dewana. Arya gaduh lanceuk nu ngaranna teh Dasa Muka alias Rahwana ti karajaan Angkara Murka jeung kejam. Rahwana oge ngagaduhan pun adi anu ngaranna teh Gunawan. Tapi sifatna sabalikna ti Rahwana. Gunawan anu dianggap pembelot ku Rahwana sabab Gunawan ngahiji sareung musuhna nyaeta Ramayana.
-
MATERI CARITA WAYANG SUNDA
Carita wayang téh nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang, asalna ti India, kalawan babonna (sumber) tina Ramayana karya Walmiki jeung Mahabarata karya Wiyasa (Viyasa).