CARITA WAYANG SUNDA

CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

Assalamualaikum wr wb
Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di
bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.

Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id pun memiliki youtube channel, yang berisi video-video edukasi mengenai pembelajaran bahasa Sunda. Kalian bisa kunjungi youtube channel dengan klik link di bawah ini.
www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale

Jika ada pertanyaan seputar CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi kolom komentar di bawah.

Semoga dengan adanya blog ini bisa memberikan manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar
CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA
CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

Kumbakarna
(Saléh Danasasmita)

Kumbakarna ngahuleng nangkeup harigu bari nyéndér kana tangkal tanjung di palataran purina. Teuteupna jauh ka hareup nembus belegbegna peuting, ngaliwatan Kota Aléngka nu ngalamuk diharudum geblégan poék, teup eunteup dina puncak Gunung Gokarna nu ngelemeng ditiung langit biru ngawun-ngawun.

Béntang midang ngabaranang, mijah ku cahyana nu sumirat tina kerejep kiceupna. Angin leuleuy naburkeun segerna hawa, bari liwat ngumbara ngalanglang jagat dijajapkeun ku keleter dangdaunan. Alam giak ngidungkeun agungna peuting, dipairan ku haté nu keur ngalamun.

Tadi datang béja pikasediheun ti pangperangan. Prahasta Papatih Agung, paman manéhna, geus kasambut sabada perang sapoé jeput. Haténa yakin, Prahasta sorangan henteu sapukeun kana kawijaksanaan Rahwana, henteu narima perluna ngayakeun perang jeung pihak Rama nu dibantu ku Sugriwa. Manéhna sorangan ogé henteu panuju, malah Wibisana juru siasat Aléngka, adina pet ku hinis anu pangdipikadeudeuhna, nepi ka diusir dititah nyingkah lantaran nolak kana kahayang Rahwana.

Manéhna sapamadegan jeung Wibisana, tapi handeueuleun duméh adina jadi biluk ka pihak Rama. Henteu sotéh ngahalang-halang kana karepna, lantaran manéhna ngarumasakeun éléh seukeut dina nyawang kaayaan kanagaraan. Tapi pangpangna mah ngaragangan kana haténa, duméh Rahwana geus katambias nepi ka téga ngarogahala. Sedih jeung amarah ngagulung dina haténa. Sedih ku geus euweuh Wibisana pangeunteupan kadeudeuhna, adi nu dianggap saluhureun dina pamadegan hirup. Amarah kana kalakuan Rahwana pageusanan manéhna ngawula, lanceuk anu salilana diaping, malum tutunggul nagara.

Saméméh kajadian Rahwana nyulik Sinta ti alas Dandaka, tali duduluran di antara manéhna, Rahwana jeung Wibisana téh raket cara jaman manéhna keur leutik. Ku diiwatna Sinta jeung diboyongna ka Aléngka kareugreugan anu jadi deudeul kajembaran Aléngka mimiti rengat anu antukna silih kajeunkeun antara dulur jeung dulur. Rengat anu beuki lila beuki gedé, pamustunganana jadi bengkah ku datangna Anoman anu diutus ku Rama nepungan Sinta. Anoman ditangkep, teu ngalawan, malah sadrah pisan waktu manéhna rék dibeuleum di alunalun. Wibisana nyaram bébéakan lantaran bakal jadi cacad gedé pikeun Aléngka lamun tepi ka ngahukum utusan, komo ieu mah dihukum beuleum.

Prahasta ngawawadian, manéhna gé milu nyaram, tapi Indrajit keukeuh ménta Anoman dihukum. Manéhna anu nangkes kaamanan kota Aléngka, manéhanana anu kapapancénan ngabendung juru telik musuh nu rék norobos; kari-kari Anoman bisa molos bari teu katangén ku nu jaga, bisa jongjon nepungan Sinta, boyongan anu dituguran ku ratusan kajineman di Argasoka taman sari karajaan. Indrajit ngarasa wirang lantaran manéhna bongoh kacolongan ku Anoman.

Anoman dibeuleum. Awakna teu busik-busik, kalah tali pangringkusna nu paregat rampung ku seuneu. Leupasna ngarampid balok nu keur hurung muntab-muntab, terus luluncatan dina suhunan. Saparona Kota

Aléngka ledis kabeuleum, sakitanana mah terus kabur teu témbong deui. Aléngka geunjleung. Indrajit murang-maring. Rahwana budal amarahna. Gempungan Déwan Karaton diayakeun dadak-dadakan. Rahwana nangtungkeun bandéra perang.

Prahasta numplekkeun pangaruhna sangkan Rahwana daék ngéléhan mulangkeun Sinta ka salakina. Pokna ogé:

“Putra Prabu sanés Paman ngalalangkungan, namung bubuhan Paman nu jadi kokolot, ngawakilan tuang éyang, ngawakilan tuang ibu, sawadina Paman kedah ilubiung dina leresan ieu mah. Ti jaman tuang éyang kénéh pun bapa jeung ibu rama aranjeun, Paman téh tacan poos dina perang nu mana baé ogé. Raga Paman, nyawa Paman, Aléngkadirja nu boga. Kahayang paman kantun sarupi, hayang téh sésa umur anu aya dibaktikeun ka nagara. Namung ulah kajadian bakti dina jalan anu kirang merenah. Paman teu ngartos upami urang muka banjir getih ku alatan Sinta wungkul, alatan hiji wanoja anu tétéla boga salaki, tur ayana di Aléngka sanés ku kahayangna sorangan.”

Manéhna geus ngarasa bungah, lantaran ceuk ijiranana, piraku Rahwana teu ngawaro kana caritaan pamanna. Bener pangkatna sahandapeun raja, tapi Prahasta téh gaganti indung bapana, malah Rahwana jadi raja téh ku lantaran Prahasta ngaleupaskeun hakna mangku kaprabon, demi kaagungan jeung kajembaran Aléngka nu bisana laksana ngan ku pangolahna para nonoman, turug-turug tedak Wisrawa ti Lokapala. Kasadrahan ieu anu pangdipikaajrihna ku sanagara, nepi ka Prahasta dipikasérab ku saréngréngan karaton.

Rahwana mémang ngabetem, tapi Indrajit ngasongkeun alesan anu bisa ngagedurkeun jiwa kalalakian Rahwana. Mémang Rahwana geus kagok asong, taya jalan geusan mundur, lantaran bakal katara leutik burihna upama mulangkeun Sinta sabada Anoman ngacak-ngacak dayeuh Aléngka, komo sanggeus Anoman ngahuru dayeuh. Piwirangeun mun kasurak ka nagri lian, malah nagara eréhan Aléngka aya bahan kana baruntak.

Wibisana ngimbangan ku ngasongkeun alesan budi. Raja nu budina luhur moal éra ngaku salah, moal éra ménta dihampura ka sasama raja, komo deui ka pantaran Rama anu dianggap guru ku Sugriwa Raja Kiské

nda, adina Subali guru Rahwana. Dibeuleumna Anoman dianggapna mangrupa kasalahan Aléngka anu kadua sabada urusan diculikna Sinta ku Rahwana. Meujeuhna mun kahuruna Kota Aléngka dianggap tebusanana.

Kagambar kénéh dina lamunanana, Rahwana ngadégdég nahan amarah, ambék ka Pamanna henteu bisa. Wibisana katempuhan narima amarah keur duaaneun. Rahwana ngawakwak ngumbar kakeuheul. Wibisana ditunjuk-rorék disebut biluk ka musuh, disebut jukutriutan, malah diusir dititah indit.

Manéhna rék milu ngomong, tapi hésé kedal bareuheudeun nepi ka kapiheulaan ku Wibisana anu nyuuh ngarangkul tuur Rahwana. bébéakan meper amarah lanceukna, bari tetep mépélingan. Jengkatna suku Rahwana kanyahoan ku manéhna, tapi teu kaburu ngahalangan. Sakolépat Wibisana geus ngajengkang. Untung kénéh waktu Rahwana rék mindo manéhna kaburu luncat ngajega hareupeunana. Teu karasa kedal ucap rada sugal.

“Raka Prabu, méméh ngidek Wibisana, leyek heula Kumbakarna!”

Rahwana mencrong bari ngajengjen, manéhna melong mencarkeun sagemblengna kakuatan batin anu dibarung ku pangharepan piraku lanceuk rék téga. Lain, lain niat manéhna arék ngalawan, tapi ukur rido nalangan badan adina. Mun téa mah Rahwana téga ngarogahala, manéhna rék pasrah baé moal budi, sabab batinna teu mikeun kudu ngalawan ka lanceuk. Rahwana mundur bari terus diuk deui, manéhna jongjon neuteup kana beungeutna. Clak cipanonna nyekclak. Ngangres, lantaran saumurna kakara ngabangkang ka dulur nu pangkolotna ….

Kumbakarna ngarénjag, sadar tina panglamunanana, kagebah sora ajag nu babaung ti kajauhan; ajag lapar nu ngambeu hangruna bangké.

Rahwana téh lanceuk aing, ceuk haténa. Kudu, kudu dibélaan.

Teu bisa, bongan geus ngusir adi aing. Teu bisa bongan ka aing nuding belang bayah. Moal, aing moal perang bongan aing diiwalkeun teu meunang pipilueun. Antep sina karasaeun.

Tapi kumaha Paman Prahasta? ge uning tetep béla sanajan teu panujueun kana kahayang Rahwana?

Haténa ngagolak deui, perang batin antara milu jurit jeung ngantepkeun. Ka Prahasta hayang bébéla, tapi keuheul ka Rahwana, lantaran manéhna teu meunang pipilueun kana urusan perang, malah dititah nyingkah sagala ti Aléngka. Tilu tokoh bagilir liwat dina ciciptaanana: Prahasta, Rahwana, jeung Wibisana anu ngejat ka pihak Rama, lantaran ceuk pamikirna mémang Rahwana nu salah.

Manéhna tanggah terus nuturkeun pelengkung langit ku teuteupna nu rumeuk kahalangan ku cipanon, tapi kandeg lebah puncak Gunung Gokarna anu geus surem kasaput halimun ibun, ngeleng ipis samar-samar. Di dinya baheula manéhna tapa. Di dinya Rahwana jeung Wibisana tarapa. Di dinya manéhna sadudulur sok arulin gogonjakan sura-seuri. Di dinya jemplingna alam disasaak ku giakna tatali getih saindung, diramékeun ku tiluan.

Angin peuting anu leuleuy ngeleterkeun daun soka di katuhueun ceulina, hawar-hawar sada sora nu ngaaharéwos, “Aléngka nagri pupundén! Mumulé ku saréréa!”

Éta téh amanat indungna, sora Sukésih saméméh tilar dunya. Ditungtungna ku pépéling, “Jeung dulur mah kudu bisa silih timbang.” Kumbakarna gigisik. Leungeunna dipeureupkeun terus diketigkeun kana tangkal tanjung urut nyéndérna. Bari ngoloyong ka jero purina manéhna ngomong sorangan.

“Aing isukan rék maju jurit!”

Rebun-rebun Kumbakarna geus anjog ka datulaya, geus paamprok jeung Rahwana. Cipanonna geus ngembeng ti barang datang, lantaran henteu kuat mireungeuh lanceukna, ratu agung anu dipikasérab ku nagara tatanggana, wanci kitu keur nyuuh kénéh dina tangan-tangan korsi panganginan. Awakna siga nu nyampay. Beuki ngaleketey haténa waktu Rahwana cengkat. Beungeutna pias haropak, ciri bingung jeung kurang saré. Lain nanya, kalah melong siga nu ceuleupeung pisan.

“Kakang!” Kumbakarna nanya maké sesebutan jaman manéhna keur budak. “Piraku lalaki bingung? Urang téh tedak Wisrawa.”

Rahwana nguniang cengkat. Diukna ajeg. Bada melong sajongjongan kakara manéhna nanya.

“Naha bener ieu téh adi Kakang, Kumbakarna?” Rahwana gigisik, terus hudang, gabrug ngarangkul adina. Duanana paungku-ungku ngabudalkeun kasedih séwang-séwangan. Kumbakarna nu harelung jangkung luhur digaléntoran ku Rahwana, dipidangdam kawas nu geus tilar dunya. Duanana silih tangkeup kekereket, ngaleburkeun rasa nyaah, nepungkeun keteg jajantung.

Kumbakarna nyekel peupeuteuyan Rahwana, dicengkatkeun bari diteuteup.

“Calik Kakang!”

“Teu sangka, teu sangka Rai rék béla. Hampura, Kakang hampura ku Rai. Moal Paman Prahasta ninggalkeun urang lamun Rai teu dinyenyeri ku Kakang.”

Kumbakarna jongjon nangtung, ngahégak nahan geterna rasa di jero dada. Bari dareuda manéhna maksakeun nyarita:

“Kakang, poé ieu urang gulungkeun pangalaman anu baheula. Mangsa urang sok arulin, mangsa silih pikahéman, mangsa urang silih bélaan. Tedak Wisrawa kudu pengkuh dina pamadeganana. Piraku Kakang kaduhung, piraku Kakang ngolémbar!”

Rahwana teu némbalan, kalah ngoromél nyoo gadona bari panonna molotot siga teu puguh nu dipelongna.

“Kakang, lalaki, urang lalaki! Mana tanda pancaran Gunung Gokarna?”

Rahwana unggut-unggutan, tapi lain tanda

ngaheueuhan. Dangdak-déngdékna cara nu keur ngadéngé sora hawar-hawar ti jauhna. Kumbakarna reuwas, lantaran nyangka Rahwana rék owah. Ceg dicekel peupeuteuyanana, terus diguyaah-guyah bari nyarita satengah ditompokeun kana ceulina.

“Kakang, sing émut! Urang keur ngayonan musuh.”

Kumbakarna cengkat deui. Rahwana curinghak bari terus ngabirigidig. Batan némbalan kalah maléngos, terus anteng deui ngalamun, badis nu katerap kasakit ngajubleg.

Kumbakarna beuki bingung. Manéhna perlu nyarita. Poé éta rék miang ka médan perang. Antukna béak kasabaranana, teu ngarti kana kahéngkéran jiwa lanceukna. gegedug pupuhu Aléngka geus taya nu nyésa. kabéh perlaya ngemasi pati. Prahasta sorangan anu kuduna pada ngajaring kasalametanana, kalah geus perang ti heula, geus kasambut. Manéhna yakin miangna Prahasta téh bari ngemban pangkat patih anu kapaksa tunduk kana paréntah rajana. Raja anu saenyana mah alo tegesna. Amarahna ngusial minuhan eusi dadana. Turut karepna mah hayang namplokkeun ka Rahwana anu euweuh tanggung jawabna. teu karasaeun manéhna ngagorowok bari ngagejlig.

“Ari sieun mah ngayonan Rama, keur naon nangtang perang? Keur naon wani maling pamajikanana? Prajurit Aléngka ludes, gegedug kabéh geus tumpur, Paman Prahasta perlaya, Wibisana geus diusir. Kabéh dipaké nebusan Sinta nu tetep satia ka salakina. Ieu nagara, tuturunan ti karuhun, ancur kalebuh dina lautan napsu rajana!”

Kumbakarna ngahuleng heula, hayang nyaho nepi ka mana pangaruh ucapanana kana jiwa Rahwana anu keur langlang-lingling. Beungeutna mimiti siak-siak rada getihan, leungeunna tikekereket, dikeupeulkeun kana tungtung tangan-tangan korsi bari ngadégdég kawas nirisan.

“Lalaki, nu siga kieu?” Kumbakarna nyarita deui. “Cokot Sinta ka Argasoka, bawa ka pasanggrahan Rama. Pulangkeun, tuluy sujud, ciuman dampal sukuna!”

“Lalaki, aing lalaki!” ceuk Rahwana bari jung nangtung terus ngaléjég.

“Inget kénéh, naon hartina lalaki pencaran Gunung Gokarna?”

Kumbakarna nuyun deui ku pertanyaan bari melong ka lanceukna. Rahwana ngahuleng, rét ngarérét kana adina, terus ngusap beungeut bari gigideug.

“Rai!” ceuk manéhna saréh pisan. “Hampura!”
Kumbakarna ngemplong haténa. Ngadéngé Rahwana ménta dihampura, manéhna yakin, yén lanceukna keur aya dina puncak kasadaranana. Kasadaran mahluk awam, lain kasadaran manusa anu hayang ngawasa jagat. Ti saprak jadi raja, Rahwana cadu ngedalkeun kecap “hampura”. Murah kénéh harga nagara, malah murah kénéh harga jagat sapangeusina, ti batan kecap “hampura”.

“Kakang!” ceuk Kumbakarna, “Poé ieu Rai arék maju jurit.”

“Ulah Rai! Poé ieu Kakang nu rék tandang perang. Katarima bébéla Rai ka Kakang.”

“Ulah lepat,” ceuk Kumbakarna megat kalimah, “Kumbakarna lain rék ngabélaan Prabu Rahwana. Pamadeganana tetep, Raja Aléngka anu salah, sabab Rama ngan ukur nohonan kawajibanana, nyusul bojona anu diboyong ka dieu. Anu maju poé ieu lain Arya Kumbakarna ahli waris Prabu Somali. Lain! Tapi Kumbakarna putra Aléngka, Kumbakarna warga Aléngka anu teu ridoeun nagarana diranjah deungeun, kajeun kumaha alesanana.”

“Lebah alesanana kumaha Rai, “ ceuk Rahwana bari neuteup. Teuteu anu taya riuk-riuk ambék. “Tapi mun enya Rai rék jurit ayeuna, hayu urang bareng jeung Kakang.”

“Saé, mun seug rahwana geus lain raja Aléngka. Kumbakarna perang ku niatna sorangan, sabab ku raja teu diidinan.”

“Jadi Kakang kudu ngécagkeun kalungguhan? Rido pisan asal urang babarengan ngabélaan ieu nagara. Tinggal rai dulur Kakang anu hirup.”

“Lepat pamadegan Kakang. Raja teu meunang ngalétak ciduh. Émut kana prajurit nu geus ledis, ka gegedug, ka paman Prahasta nu perlayana nyumponan papancén ti raja. Piraku rajana kalah rék eureun? Raja wajib nebus nyawa prajuritna nu laleupas ku nyumponan paréntahna. Mun bisa ku kaunggulan.

“Jadi Kakang kudu kumaha?” ceuk Rahwana bari bingung.

“Kakang tetep jadi raja. Raja pencaran Wisrawa moal turun tina kaprabon mun nagara keur aya dina tunggara. Kumbakarna ngahaja teu milu perang sabab diiwalkeun, dicaram ku raja. Ieu tanda satia, tanda satuhu ti dirina ka rajana. Poé ieu arék jurit. Ulah diiring ku wadya balad, sabab lain tugas ti nagara, lain paréntah ti raja. Kumabakarna datang ka lanceukna rék munjungan, arék ménta dihampura bisi teu papanggih deui.

Brek Kumbakarna deku, cong nyembah munjungan ka Rahwana, nu colohok mata simeuteun. Rada lila ngahulengna, curucud cipanonna murubut, gabrug Kumbakarna dirangkul bari sasambat.

“Tétéla Rai téh lalaki langit. Tétéla Rai téh tedak Wisrawa. Di diri rai nerapna dangiang Gunung Gokarna. Didu’akeun Rai. Bawarasa diri Kakang, poé ieu urang tepung panungtungan. Hampura Kakang ku rai!”

“Saha ieu nu nyarita?” ceuk Kumbakarna bari rada mundur saeutik.

Rahwana cengkat bari nyusutan cipanon.

“Rai, ieu nu nyarita lain Rahwana raja Aléngka, tapi Rahwana putra Wisrawa, dulur cikal Kumbakarna. Rai teu boga jasa ka raja, sabab raja teu nyahoeun jeung teu ngidinan Arya Kumbakarna, gegedén Aléngka, pipilueun kana ieu perang pupuh. Diri Rahwana Rai, lain diri raja, nyeungceurikan adina nu béla ka lemah cai, nu ayeuna nyieun tepung panungtungan. Jung ku Kakang didongdon ti kaanggangan, béré tempat Rahwana di batin Rai.”

Kumbakaarna nangtung bari neuteup lanceukna. Méméh ngaléos hayang sidik kana dedegan dulur cikalna kawas nu sieun pohoeun deui.

“Kakang, kula miang!” ceuk manéhna bari ngaléos.

Kakara opat léngkah, Rahwana geus ngageroan deui.

“Rai, ku saha ieu nagara engké dirajaanana mun Kakang nemah perlaya?”

Kumbakarna ngarandeg, bari ngahuleng manéhna malik.

“Kakang, tanah Aléngka geus ngampar saméméh urang gumelar. Bakal tetep ngampar kénéh mun urang geus jadi lebu. Di dinya urang geus kumpul dilalakonkeun ku Hirup. Ti langit Aléngka urang datang, ka bumi Aléngka urang mulang, Rai rék wangsul ti payun.”

Kumbakarna ngaléos, ukur ngadéngé Rahwana nutup carita.

“Kakang rék nyusul pandeuri. Poé isuk raja Aléngka rék tandang. Tanggerkeun dangiang Gunung Gokarna!”

(Dicutat tina majalah Katumbiri, jidil 7 taun 1986, kaca 9-23)

(Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII, Penerbit Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Medal Taun 2013, Kaca 73-83)

LATIHAN SOAL

  1. Cing gambarkeun – alus lamun maké diagram – kumaha hubungan pancakaki (duduluran) antara tokoh-tokoh nu ngalalakon dina carita Kumbakarna.
  2. Naon sabenerna anu jadi sabab utama timbulna peperangan antara Rama jeung Rahwana?
  3. Tangtukeun, saha anu jadi tokoh protagonis jeung saha anu jadi tokoh antagonis carita di luhur téh?
  4. Kumbakarna nganggap Rahwana anu salah, tapi naha manéhna antukna milu perang ngalawan Rama?
  5. Dina carita di luhur aya tokoh Indrajit, cing téangan informasi tina sumber séjén, saha saenyana Indrajit jeung kumaha hubunganana jeung tokoh séjén?
  6. Ceuk hidep, naha dina carita di luhur téh aya bagian-bagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal) siga carita dongéng?
  7. Déskripsikeun, naon kesan anu timbul sabada urang maca éta carita?

KUNCI JAWABAN


Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:

LINK KUMPULAN MATERI CARITA WAYANG SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/materi-pembelajaran/materi-carita-wayang/


LINK 15+ KUMPULAN CONTOH CARITA WAYANG SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/carita-wayang/


LINK 50+ KUMPULAN SOAL CARITA WAYANG SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/kumpulan-soal-basa-sunda/


Jika blog ini bisa memberikan banyak manfaat, jangan lupa untuk dukung blog ini dengan cara like, comment, dan share ke teman-teman kalian.

Jangan lupa untuk bergabung dalam group belajar bahasa Sunda husus siswa se-Jabar, dengan klik link di bawah ini
:
WHATSAPP
TELEGRAM
LINE
FACEBOOK
INSTAGRAM
YOUTUBE


Mari kita sama-sama bangun blog ini supaya bisa lebih berkembang lagi dan memberikan banyak ilmu yang bermanfaat bagi kalian semua.
Terimakasih
.


BAHASASUNDA.ID

BUKU SUMBER:
BUKU RANCAGE DIAJAR BASA SUNDA
BUKU PANGGELAR BASA SUNDA
BUKU CAHARA BASA
BUKU RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA
BUKU BASA SUNDA URANG
BUKU PAMEKAR DIAJAR BASA SUNDA
BUKU SIMPAY BASA SUNDA
BUKU GAPURA BASA
BUKU WIWAHA BASA
BUKU PRASADA BASA
MODUL PANGAJARAN BASA SUNDA
MODUL PPG BASA SUNDA



GOOGLE TRANSLATE

Perhatian! materi ini diterjemahkan oleh mesin penterjemah google translate tanpa adanya post editting, sehingga ketepatan dalam terjemahan masih buruk dan perlu dikembangkan lagi.
Tujuan dari fitur terjemahan ini untuk pengunjunga yang kesulitan memahami materi dan tidak sama sekali mengerti bahasa Sunda atau teman-teman pelajar dari luar Jawa Barat yang sedang belajar bahasa Sunda, fitur terjemahan ini bisa digunakan namun tidak 100% akurat, akan tetapi garis besarnya bisa diambil, daripada tidak mengerti samasekali.
Kedepanya mudah-mudahan admin punya waktu sehingga bisa mengoptimalkan fitur terjemahannya sendiri, dengan begitu pengunjung bisa mempelajari materi dalam bahasa Indonesia.

MATERI CERITA WAYANG SUNDA
A. PENGERTIAN CERITA WAYANG

Wayang adalah kisah yang selalu ditampilkan dalam pertunjukan boneka, berasal dari India, dengan babonna (sumber) Ramayana oleh Walmiki dan Mahabarata oleh Wiyasa (Viyasa).

Menurut kamus Danadibrata, wayang adalah asal dari kata shadow (bayangan). Arti dari jalur imajiner (diperkirakan) dari fondasi orang-orang, baik kelahiran maupun batin, diwujudkan dalam peta boneka dan dilakukan oleh seorang dalang sambil diiringi oleh gamelan.

Berasal dari india. Masukkan kami bersama dengan masuknya agama Hindu. Oleh parawali digunakan media untuk menyebarkan Islam. Di Tatar, boneka pertama kali disebarkan secara lisan, dengan kecepatan penulisan dalam naskah kuno dan pidato. Pertama ada pertunjukan wayang kulit (pengaruh dari Jawa), kemudian kami menciptakan wayang golek (lingkaran) yang populer dan kemudian menikmatinya hingga hari ini.

CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

MATERI CERITA WAYANG SUNDA
A. PENGERTIAN CERITA WAYANG

Wayang adalah kisah yang selalu ditampilkan dalam pertunjukan boneka, berasal dari India, dengan babonna (sumber) Ramayana oleh Walmiki dan Mahabarata oleh Wiyasa (Viyasa).

Menurut kamus Danadibrata, wayang adalah asal dari kata shadow (bayangan). Arti dari jalur imajiner (diperkirakan) dari fondasi orang-orang, baik kelahiran maupun batin, diwujudkan dalam peta boneka dan dilakukan oleh seorang dalang sambil diiringi oleh gamelan.

Berasal dari india. Masukkan kami bersama dengan masuknya agama Hindu. Oleh parawali digunakan media untuk menyebarkan Islam. Di Tatar, boneka pertama kali disebarkan secara lisan, dengan kecepatan penulisan dalam naskah kuno dan pidato. Pertama ada pertunjukan wayang kulit (pengaruh dari Jawa), kemudian kami menciptakan wayang golek (lingkaran) yang populer dan kemudian menikmatinya hingga hari ini.

B. MACAM-MACAM WAYANG

Wayang golek menceritakan kisah Mahabharata dan Ramayana.
Wayang Cepak menceritakan kisah Amir Hamjah dari Saudi
Wayang kilitik (krusil) menceritakan kisah Prabu Damarwulan dan Menakjingga.
Wayan poteh bercerita tentang seorang asing Cina.
Wayang suluh menceritakan kisah sejarah Indonesia untuk ekstensi.

Dalang terkenal termasuk Parta Suwanda (yang pertama kali membuat pertunjukan wayang modern) Abeng Sunarya (pelopor “dinasti” Giri Harja yang melahirkan dalang terkenal), R Tjépjép Supriadi, Ade kosasih Sunarya, Dede Amung Sutarya, Asep Sunandar Sunarya (dicatat sebagai dalang paling terkenal di luar negeri)

C. SUMBER CERITA WAYANG

sumber wiracarita Ramayana dan Mahabharata. Ini disebut epik karena ditulis dalam bentuk puisi panjang hingga ribuan ayat (ayat) dan mencakup beberapa volume episode. Setiap volume memuat beberapa judul.
Epic ramayana menceritakan perjalanan Rama, Raja Ayodya. Ari mahabarata mah menceritakan Bratayuda Arti perang Brata atau Barata, perang saudara antara brata pos terdepan adalah Pandava dan Kurawa.

D. MEMAHAMI UNSUR-UNSUR CERITA WAYANG

Topik (tema): Topik adalah inti dari cerita dari awal hingga akhir
Aktor (karakter): aktor adalah orang yang bertindak dalam cerit
Latar belakang (latar): Latar belakang adalah lingkungan tempat cerita berlangsung
Strain: Garis adalah serangkaian peristiwa yang terjadi dari awal hingga akhir
Tentukan pusat pandangan (sudut pandang): pusat pandangan adalah pandangan cerita
Mendefinisikan mandat: mandat adalah pesan yang ingin disampaikan oleh penulis melalui cerita

CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA

error: Content is protected !!