• CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
    CARITA PANTUN SUNDA

    SEMPALAN CARITA PANTUN DEWI SRI MULIH KA JATI

    Kacarita Déwi Sri, beuki lila beuki gedé. Beuki gedé beuki geulsi. Geulisna kawanti wanti, éndahna kabina-bina. Rambutna ombak banyuan, galing muntang dina tarang, nya tarang téja mentrangan. Damis lir kadu sapasi, pangambung kuwung-kuwungan, lambey beureum bawna ngajadi, soro soca béntang timur sakembaran. Raray lir bulan purnama, keusik bentik cadas hérang, kahibaran ku Déwi Sri. Kocap Sang Hiang Déwa wenang anu gagah sarta sakti, ningali kageulisan Nyi Pohaci kitu téh, manahna ngaraos paur. Paur alahmanan maut hinis, sabab émutanana tangtu Yang Pramésti baris kabéngbat manahna, palay migarwa Lamun kajadian kitu. pisakumahaeun teuing pinyerieunana haté Déwi Uma. Ti leuleutik dirorok disusuan ari geus gedé dipigarwa ku carogé. Emh, deudeuh.

  • CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
    CARITA PANTUN SUNDA

    SEMPALAN CARITA PANTUN NYI POHACI LAHIR

    Dewa Anta kebat lumpatna, rek ngadeuheus ka Batara Guru. Barang sog ka payunounana terus dipariksa, "He Anta, ku naon manch bangun anu rusuh pisan? Jeung ku naon bet lengoh mana batu keur tatapakan téh? Naha Kakang Narada tacan maréntahkeun?" Sanggeus ngaluarkeun endog tina sungutna, Déwa Anta pok unjukan, "Nun Gusti, Raka Gusti kantenan parantos miwarang. Atuh para Déwa sadayana parantos nyaranggeman Saur Raka Gusti, sing saha anu teu tiasa nyumponan eta pamundut Gusti, baris diteukteuk beuheung. Nguping kasauran kitu, abdi Gusti teu kinten sedihna. Abdi Gusti ngaraos moal tiasa nyumponan éta pamundut, rumaos teu gaduh suku teu gaduh leungeun. Ngémutkeun kana nasib abdi nu baris tumiba kana diri, harita teh…

  • CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
    CARITA PANTUN SUNDA

    CARITA PANTUN GANTANGAN WANGI BASA SUNDA

    Kacaturkeun Raden Gantangan Wangi Mangkurat Mangkunagara, pu tra ti Kangjeng Prabu Siliwangi, raja Pakuan Pajajaran. Anjeunna téh putra mahkota Raden Gantangan Wangi gaduh maksad ngalamar Endén Cinta wati, rayi ti Raden Patih Jayanagara Waktu éta pamaksudanana ditepikeun ka ramana, atuh nya diéstokeun pisan ku Prabu Siliwangi. Teu kungsi lila Gantangan Wangi tuluy miang ka nagara Tilu Kuta Emas pikeun nyumponan pamaksudanana. Panglamar Gantangan Wangi gasik ditampa, nya tuluy didahupkeun ka Endén Cinta wati.

  • CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
    CARITA PANTUN SUNDA

    CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH

    Kacaritakeun Prabu Siliwangi, Ratu Pajajaran kagungan praméswari dua, nyaéta Padmawati jeung Mantri Manik Mayang Sunda. Ti prameswari nu kadua anjeunna kagungan putra pameget jenenganana Jaka Mangunlaya. Ku sabab Prabu Siliwangi hoyong nyirnakeun galih, tuluy sumérén karajan ka putra sarta dijenenganana Prabu Guru Gantangan. Lila-lila ti Padmawati ogé Prabu Siliwangi kagungan putra pameget, kakasihna Mundinglaya di Kusumah. Barang Mundinglaya yuswana nincak ka tujuh poé, ku ramana dipiwarang ditelasan. Ari nu kudu nelasanana Padmawati. Sanajan Padmawati kacida nyaahna ka putra, manehna teu majar kumaha da saur ratu kudu digugu sabda raja kudu disangga. Tuluy putrana dicandak rék ditelasan. Katingali ku sadérékna, nyaéta Kidang Pananjung jeung Gelap Nyawang, tuluy murangkalih dipasrahkeun ka uana,…

  • CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
    CARITA PANTUN SUNDA

    CONTOH CARITA PANTUN CIUNG WANARA BAHASA SUNDA

    Ciung Wanara téh saenyana putra raja Galuh Pakuan. Ngan ti leuleutik dirorok ku Aki Balangantrang jeung Nini Balangantrang. Ciung Wanara téh teu apaleun yén anjeunna putra raja. Disangkana indung-bapana téh Nini jeung Aki Balangantrang wé. Ngan dasar aya terah sanajan dididik ku nini-nini jeung aki-aki bari di kampung, béda pasipatanana jeung barudak-barudak kampung séjénna. Leutik kénéh gé geus ngawasa rupa-rupa élmu nu biasana mah nu karitu téh dicekel ku jalma déwasa.

  • CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
    CARITA PANTUN SUNDA

    15+ CONTOH CARITA PANTUN SUNDA

    Bubuka ieu carita, baheula béh ditueun baheula dongéng didongéngkeun deui carita dicaritakeun deui ti aki pindah ka bapa ti bapa pindah ka anak ti anak pindah ka incu kitu jeung kitu baé tug ka kiwari sakapeung jadi manjangan sakapeung jadi mondokan ditambahan dikurangan disusurup sangkan payus dipapaés sangkan bérés direumbeuy ku basa heureuy diselapan ku siloka paselang jadi caritaaaa…

  • CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
    CARITA PANTUN SUNDA

    CONTOH CARITA PANTUN LUTUNG KASARUNG BAHASA SUNDA

    Anu ngaheuyeuk dayeuh di Pasirbatang Anu Girang harita nyaéta Mas Prabu Ageung Tapa. Praméswarina Nitisuari. Boga anak tujuh awéwé wungkul, ngaranna: Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih jeung nu bungsu Purbasari, anu panggeulisna. Ku lantaran geus kolot, Prabu Ageung Tapa ngarasa geus meujeuhna ngécagkeun kalungguhan sarta diteruskeun ku salah saurang anakna. Terus baé Prabu Ageung Tapa téh ngumpulkeun anak-anakna, pikeun nyérénkeun kalungguhanana. Anu kapilih pikeun gaganti anjeunna téh nyaéta Purbasari, anakna anu bungsu. Purbararang salaku anak panggedéna ngarasa kaléngkahan ku nu jadi adi. Manéhna ngarasa tugenah.

error: Content is protected !!