
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
Assalamualaikum wr wb
Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.
Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id pun memiliki youtube channel, yang berisi video-video edukasi mengenai pembelajaran bahasa Sunda. Kalian bisa kunjungi youtube channel dengan klik link di bawah ini.
www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale
Jika ada pertanyaan seputar CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi kolom komentar di bawah.
Semoga dengan adanya blog ini bisa memberikan manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH.
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
Kacaritakeun Prabu Siliwangi, Ratu Pajajaran kagungan praméswari dua, nyaéta Padmawati jeung Mantri Manik Mayang Sunda.
Ti prameswari nu kadua anjeunna kagungan putra pameget jenenganana Jaka Mangunlaya.
Ku sabab Prabu Siliwangi hoyong nyirnakeun galih, tuluy sumérén karajan ka putra sarta dijenenganana Prabu Guru Gantangan.
Lila-lila ti Padmawati ogé Prabu Siliwangi kagungan putra pameget, kakasihna Mundinglaya di Kusumah.
Barang Mundinglaya yuswana nincak ka tujuh poé, ku ramana dipiwarang ditelasan. Ari nu kudu nelasanana Padmawati.
Sanajan Padmawati kacida nyaahna ka putra, manehna teu majar kumaha da saur ratu kudu digugu sabda raja kudu disangga. Tuluy putrana dicandak rék ditelasan.
Katingali ku sadérékna, nyaéta Kidang Pananjung jeung Gelap Nyawang, tuluy murangkalih dipasrahkeun ka uana, tuluy murangkalih téh dipundut, saurna: “Goréng temen kacaritakeunana indung maéhan anak, kapan aya paribasa: sagalak-galakna macan tara nyatu anak. Ayeuna mah éta budak urang panjara baé.”
Ku Padmawati murangkalih dipasrahkeun ka uana, tuluy dipanjara di hulu dayeuh.
Kacaritakeun Prabu Siliwangi, Ratu Pajajaran kagungan praméswari dua, nyaéta Padmawati jeung Mantri Manik Mayang Sunda.
Ti prameswari nu kadua anjeunna kagungan putra pameget jenenganana Jaka Mangunlaya.
Ku sabab Prabu Siliwangi hoyong nyirnakeun galih, tuluy sumérén karajan ka putra sarta dijenenganana Prabu Guru Gantangan.
Lila-lila ti Padmawati ogé Prabu Siliwangi kagungan putra pameget, kakasihna Mundinglaya di Kusumah.
Barang Mundinglaya yuswana nincak ka tujuh poé, ku ramana dipiwarang ditelasan. Ari nu kudu nelasanana Padmawati.
Sanajan Padmawati kacida nyaahna ka putra, manehna teu majar kumaha da saur ratu kudu digugu sabda raja kudu disangga. Tuluy putrana dicandak rék ditelasan.
Katingali ku sadérékna, nyaéta Kidang Pananjung jeung Gelap Nyawang, tuluy murangkalih dipasrahkeun ka uana, tuluy murangkalih téh dipundut, saurna: “Goréng temen kacaritakeunana indung maéhan anak, kapan aya paribasa: sagalak-galakna macan tara nyatu anak. Ayeuna mah éta budak urang panjara baé.”
Ku Padmawati murangkalih dipasrahkeun ka uana, tuluy dipanjara di hulu dayeuh.
Teu sabaraha lilana ti harita Prabu Siliwangi ngimpén ningali langlayangan Kancana Domas, nu bogana guriang tujuh, ayana disajabaning langit. Tuluy manehna ngutus Padmawati, miang ka Salaka Domas, ka Prabu Guru Gantangan, miwarang néangan éta langlayangan Kancana Domas ka saluareun langit.
Paralak Padmawati popoyan, ditungtungan ku dawuhan ratu: “Langlangyangan Domas kudu dilayatan ku puputu tigangatus, suwan karo belah tunggal, carios titigang lawé, pamuk dalapan réwu, ponggawa dua lakon, papatih dalapan puluh, gagaman sayuta malang.”
Sanggeus kitu Léngsér tuluy nakol bendé, ngeungkeung teu eureuneureun ngumpulkeun mantri ponggawa, kaliwon reujeung panému, kapetengan kajineman.
Kacaturkeun geus kumpul kabéh, tuluy Prabu Guru Gantangan ngémbarkeun dawuhan Ratu. Tapi kabéh ogé taya nu sanggup néangan, saur manuk nyanggakeun beuheung teukteukeun, suku genténg belokeun, dicacag diwalang-walang, disiksik dikunyit-kunyit.
Ku Padmawati diunjukeun ka Prabu Siliwangi, yén henteu aya nu sanggup. Ngandika Prabu Siliwangi: “Lamun euweuh nu sanggupeun mah, Nyi Padmawati kudu miang, sarta lamun teu sanggup bakal diteukteuk leunjeuran, ditilas adégan.”
Barang kadangu saur Ratu kitu, Padmawati ngarumpuyuk leuleus lir kapuk kaibunan, nangis sasambat ka putra Mundinglaya di Kusumah.
Geus kitu manehna tuluy angkat nepangan rakana Kidang Pananjung jeung Gelap Nyawang nu keur tapa di hulu dayeuh, naroskeun putrana.
Ku rakana Padmawati dicandak ka panjara, putrana harita geus yuswa 14 taun.
Padmawati nangis bawaning ku atoh ningali putra, tuluy putrana digaléntor bari diusapan.
Saur Mundinglaya: “Aya pikersaeun naon ibu téh tara ti sasari sumping ka dieu?”
Walon ibuna : ”Sumping ka dieu téh lain lantung tambuh laku, lain leumpang saparan-paran, séja nambaan kasusah, teu kajait ieu diri, taya deui nu dipibélaeun, cuak nu pijaiteun, ibu boga karerepet. Ari asalna dipiwarang ku rama Prabu Siliwangi néangan nu diimpikeun ku Kanjeng Rama, langlayangan Kancana Domas, soarana aya di jabaning langit, ari nu boga guriyang tujuh, kudu dilayatan ku ibu jeung puputu tigang atus, suan karo belah tunggal, carios titigang lawé, ponggawa dua laksa, papatih dalapan puluh, gagaman sayuta malang. Tatapi sadayana teu aya nu saranggup, eureun dibinasakeun nyawa ibu ku Sunan Rama Prabu Siliwangi. Ari ayeuna dumeh dawuhan sakitu ku kang putra rék dibélaan atawa henteu, kasusah ibu sakitu?”
Putrana unjukan: “Nun ibu sembaheun abdi, sakitu mah entong dianggo sesah manah, abdi sanggem ngéngingkeun langlayangan Kancana Domas.”
Ibuna: “Éh anaking sukur ari sanggup mah, ibu kacida bungahna, geuning teu mubadir ngakandung salapan bulan lilana téh.”
Ti dinya Padmawati tuluy unjukan ka Prabu Siliwangi, yén aya nu sanggup meunangkeun langlayangan Kancana Domas, nyaéta Radén Munding laya di Kusumah.
Raja kagét campur bungah, lahirna: “Lamun kitu Mundinglaya sina néangan sarta kudu dibahanan duhung Tulang Tonggong Pajajaran.”
Tuluy Padmawati masihkeun duhung pusaka nagara ka Mundinglaya. Sanggeus nampi duhung, Mundinglaya tuluy angkat disarengan ku Kidang Pananjung jeung Gelap Nyawang ka jabaning langit.
Mundinglaya di Kusumah sindang heula ka Muarabérés nepangan anu geulis Déwi Asri, putrana Rangga Pupuk Bunga Jaya, ari ibuna Gambir Wangi.
Mundinglaya waléh ka Déwi Asri, yén manehna kajeun nemahan pati, lamun teu kajodokeun ka Déwi Asri; Dewi Asri nya kituh deuih, kajeun paéh jadi siit cenah lamun teu katambang béas ka Mundinglaya.
Mundinglaya maparinkeun beulitanana ka Déwi Asri sina dianggo, panyangcang kana kasauranana. Ari geus kitu mah jung angkat deui ti Muarabérés, ngajugjug ka Pulo Putri.
Di Pulo Putri manehna papendak jeung jaksa nu ngageugeuh éta pulo, ngaranna jaksa Jongrang Kalapitung.
Ger Mundinglaya perang jeung Jongrang Kalapitung, ramé pisan. Mundinglaya meunang perangna, jaksa taluk sarta ngahaturkeun jimat jeung nuduhkeun jalan ka sajabaning langit. Mundinglaya angkat nyalira baé ka sajabaning langit, ari uana sina ngantosan di Pulo Putri.
Sasumpingna ka sajabaning langit gok jeung Guriang Tujuh, tuluy Mundinglaya mundut langlangyangan Kancana Domas, tapi teu dibikeun atuh ger perang. Guriang tujuh éléh perangna, langlayangan Kancana Domas kacandak ku Mundinglaya.
Mundinglaya katut uana mulih ka Pajajaran, nyanggakeun langlayangan Kancana Domas ka ramana di gunung Gumuruh. Prabu Siliwangi kacida bingaheunana sarta Mundinglaya dilélér duhung ditarétés inten mubyar; dawuhanana: “Ama kacida atohna, ayeuna langlayangan Kancana Domas geus beunang; ieu ama ngalélér keris pusaka nagara, kudu jadi sungkelangan hidep.”
Ayeuna hidep leuwih hadé indit ka Muarabérés, jadikeun papacangan jeung Déwi Asri. Lamun geus kajodokeun kudu arindit ti Muarabérés, ngadegkeun nagara nu sugih ku mantri beunghar ku ponggawa, sumawonana ku istri, masing renung dahuan rendang pawarang.
Mundinglaya di Kusumah unjukan: “Panglélér sareng piwejang Rama, kasuhun kalingga murda, dicangcang sapucuking rama, mugi-mugi aya hibar Kangjeng Rama, putra Dalem tiasa ngajalankeun satimbalan.”
Geus kitu Mundinglaya angkat ka Muarabérés.
Sumping ka Muarabérés manehna kacida kagétna réh Déwi Asri rék diréndéngkeun ka Sunten Jaya, raina Prabu Guru Gantangan.
Déwi Asri teu kersaeun ditikahkeun ka Sunten Jaya, tapi ku ibuna, Gambir Wangi, dipaksa, ceuk pantun mah maké dirangkétan sagala. Déwi Asri nyieun tanjakan: hoyong disadiakeun papajangan 40 leuwih 1, papanggungan 40 leuwih 1, sarta lamun Mundinglaya sumping soré, isuk nikah, sumping isuk soré nikah.
Kacaritakeun pangantén istri lebet ka papangungan rék dihias, Mundinglaya ngiring lebet.
Soréna Déwi Asri jeung Sunten Jaya rék dipéstakeun kudu turun hias.
Nepi ka waktuna nu ditangtukeun Sunten Jaya turun hias jeung Déwi Asri nu pacantél-cantél curuk jeung Mundinglaya.
Prajurit Salaka Domas, balad Prabu Guru Gantangan teu kaampeuh ku séwot, tuluy ngamuk ngurubut Mundinglaya.
Mundinglaya bari nyangkéh Déwi Asri dibantu ku Sangkala Wisésa, guriang bojongan ti sajabaning langit, der perang. Balad Salaka Domas bubar katawuran, Sunten Jaya palastra ku duhung Mundinglaya di Kusumah.
Mundinglaya tuluy réndéngan ka Déwi Asri. Prabu Guru Gantangan katut garwana Retna Inten marulih ka Salaka Domas, gandrung liwung kaleleban ku kang rai Sunten Jaya.
Ari Mundinglaya di Kusumah jeung garwana tuluy ngababakan di pulo Putri, nyieun karaton agréng nu payus keur oléng pangantén. Kacaritakeun aya hiji ponggawa, ngaranna Tunjungsari meuntas lautan dina parahu beusi caruk waja, maksud rék ngiwat Déwi Asri, lantaran kapatipati.
Manéhna anjog ka Pulo Putri papangih jeung Mundinglaya di Kusumah, pok ménta Nyai Putri, basana dibikeun dipénta, teu dibikeun dipaksa. Atuh tangtu baé teu dibikeun, ger perang jeung Mundinglaya, Tunjungsari éléh. Barang rék dipaéhan, déwi Asri nunuhun ka rakana ulah dipaéhan anggur sina taluk kumawula.
Tunjungsari jangji arék ulun kumawula, asal ulah dipaéhan.
Kacaturkeun dina hiji mangsa ka Pulo Putri sumping papatih nagara Bali kakasihna Patih Naga Bali nyandak harta banda mangpirang-pirang jeung sadérékna tiluan: nu pameget jenenganana Nagarawayang, nu istri Aci Subali jeung Sekar Rarang Retna Kembang. Maksudna Patih Naga Bali taya lian ngan seja ulun kumawula ka Mundinglaya di Kusumah jeung nyanggakeun sadérékna nu istri téa, nya kitu deui harta banda.
Ku Mundinglaya ditampi sarta Aci Subali jeung Sekar Rarang Retna Kembang didamel garwa.
Ayeuna kacarioskeun nagara Kuta Lambaran, rajana kakasihna Kidang Lambatan, kagungan sadérék istri hiji jenenganana Aci Bangbang Retna Kembang. Rakana ku raina diajak kumawula ka Mundinglaya, tapi teu kersaeun, basana kumawula ka Mundinglaya mah sarua baé jeung kumawula ka tulang jagong mun arék ogé mending ka Prabu Guru Gantangan.
Barang Kidang Lambatan nyaritakeun rék ka Muarabérés manggihan bébéné Déwi Asri, Aci Bangbang Retna Kembang pok sasauran:
“Ari ayeuna Nyi Déwi Asri geus di Pulo Putri jeung Raden Mundinglaya di Kusumah. Ulah keukeuh peuteukeuh ngamusuhan ka Ratu, ngabaha ka ménak. Ratu mah tara muguran, ménak tara ngarangrangan, nu weduk loba di ratu, nu gagah loba di menak. Ari kakang rék keukeuh weduk moal teu nimu tangtung, bedas moal teu nimu lawan.”
Kidang Lambatan teu maliré kana wawadi raina, biur waé ngawangngawang ngajugjug ka Pulo Putri. Di awang-awang Kidang Lambatan mapatkeun sirep, urang Pulo Putri gempar sararé keuna ku sirep, kajaba Munding Geger Maléla jeung Munding Sangkala Wisésa. Ku Munding Geger Maléla Mundinglaya di Kusumah jeung Déwi Asri nu keur karulem tibra dijadikeun guguling, ari manéhna ngajadikeun Déwi Asri. Kidang Lambatan tuluy asup ka pangkuleman, regeyeng Déwi Asri ciciptan dirawu dibawa ka Kuta Lambaran, disérénkeun ka raina Aci Bangbang Retna Kembang.
Barang geus paduduaan jleg deui jadi Munding Geger Maléla, regeyeng Aci Bangbang Retna Kembang dipangku dicandak jeung dunya branana ka Pulo Putri, disanggakeun ka Mundinglaya di Kusumah.
Jaba nu kasebut di luhur aya deui nu ulun kumawula ka Mundinglaya di Kusumah sarta ngabaktikeun dunya brana jeung sadérék istri, nyaéta: 1. Kuda Waringin ti nagara Kota Waringin, kumawulana teu kalawan perang heula. 2. Gagak Semar Aria Munding Daratan, raina istri kakasihna Giwang Karang Tembang Inten.
Ti Pulo Putri Mundinglaya ngalih ka Nusa Bali, jadi Prabu Murba Wisésa Nusa Bali, héjo lembok rambay carita diriung-riung ku gelung, disarib-sarib ku bitis, calik di balé bubut balé manggung, balé binatur rarawis kancana.
Kitu ceuk Ki Juru Pantun.
LATIHAN
- Kumaha pamanggih hidep sabada maca sempalan Mundinglaya di Kusumah mun seug dibandingkeun jeung bacaan carita nu kahiji di luhur?
- Nurutkeun panitén hidep, paragraf mana nu nuduhkeun bagian bubuka carita di luhur? Tuliskeun kalimah awalna!
- Paragraf anu mana nu nuduhkeun galur carita mimiti ngalalakon? Tuliskeun kalimah awalna!
- Paragraf anu mana nu nuduhkeun bagian pamungkas dina carita di luhur? Tuliskeun kalimah awalna!
- Niténan pertanyaan nomer 1-3, bisa dicindekkeun yén struktur carita di luhur kabagi jadi sabaraha bagian? Tuliskeun hiji-hijina!
- Naon eusi paragraf kahiji jeung kadua? Jéntrékeun sing pertéla!
(Basa Sunda Urang Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII, Penerbit Geger Sunten, Medal Taun 2017, Kaca 129-135)

BUKU RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA
BUKU PANGGELAR BASA SUNDA
BUKU PAMEKAR DIAJAR BASA SUNDA
BUKU SIMPAY BASA SUNDA
MODUL PANGAJARAN BASA SUNDA
MODUL PPG BASA SUNDA
Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai MATERI CARITA PANTUN lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:
Jika blog ini bisa memberikan banyak manfaat, jangan lupa untuk dukung blog ini dengan cara like, comment, dan share ke teman-teman kalian.
Jangan lupa untuk bergabung dalam group belajar bahasa Sunda husus siswa se-Jabar, dengan klik link di bawah ini:
WHATSAPP
TELEGRAM
FACEBOOK
INSTAGRAM
YOUTUBE
TIKTOK
Mari kita sama-sama bangun blog ini supaya bisa lebih berkembang lagi dan memberikan banyak ilmu yang bermanfaat bagi kalian semua.
Terimakasih.
GOOGLE TRANSLATE
Perhatian!, materi ini diterjemahkan oleh mesin penterjemah google translate tanpa adanya post editting, sehingga ketepatan dalam terjemahan masih buruk dan perlu dikembangkan lagi.
Tujuan dari fitur terjemahan ini untuk pengunjunga yang kesulitan memahami materi dan tidak sama sekali mengerti bahasa Sunda atau teman-teman pelajar dari luar Jawa Barat yang sedang belajar bahasa Sunda, fitur terjemahan ini bisa digunakan namun tidak 100% akurat, akan tetapi garis besarnya bisa diambil, daripada tidak mengerti samasekali.
Kedepanya mudah-mudahan admin punya waktu sehingga bisa mengoptimalkan fitur terjemahannya sendiri, dengan begitu pengunjung bisa mempelajari materi dalam bahasa Indonesia.
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
Menurut Prabu Siliwangi, Ratu Pajajaran memiliki dua orang pengantin, yaitu Padmawati dan Mantri Manik Mayang Sunda.
Dari putri kedua ia memiliki seorang putra bernama Jaka Mangunlaya.
Karena Prabu Siliwangi ingin memusnahkan galih tersebut, maka sumeren kerajaan kepada putranya dan menamakannya Prabu Guru Gantangan.
Lama sekali dari Padmawati pula Prabu Siliwangi memiliki seorang putra yang telah meninggal, Mundinglaya tercinta di Kusumah.
Barang Mundinglaya berumur hingga tujuh hari, dengan dilarang ayahnya dibunuh. Hari dimana Padmawati harus menjelaskan.
Meskipun Padmawati sangat baik kepada putranya, dia tidak mengerti bagaimana ratu mengira dia harus menuruti kata-kata raja harus didukung. Kemudian putranya dibawa untuk dibunuh.
Dilihat oleh kakaknya yaitu Kidang Pananjung dan Gelap Nyawang, kemudian anak-anak tersebut diserahkan kepada Uana, kemudian anak-anak tersebut ditanya, katanya: Sekarang saya adalah anak laki-laki di penjara. “
Oleh Padmawati anak-anak itu diserahkan ke Uana, lalu dipenjarakan di kepala kota.
Menurut Prabu Siliwangi, Ratu Pajajaran memiliki dua orang pengantin, yaitu Padmawati dan Mantri Manik Mayang Sunda.
Dari putri kedua ia memiliki seorang putra bernama Jaka Mangunlaya.
Karena Prabu Siliwangi ingin memusnahkan galih tersebut, maka sumeren kerajaan kepada putranya dan menamakannya Prabu Guru Gantangan.
Lama sekali dari Padmawati pula Prabu Siliwangi memiliki seorang putra yang telah meninggal, Mundinglaya tercinta di Kusumah.
Barang Mundinglaya berumur hingga tujuh hari, dengan dilarang ayahnya dibunuh. Hari dimana Padmawati harus menjelaskan.
Meskipun Padmawati sangat baik kepada putranya, dia tidak mengerti bagaimana ratu berpikir dia harus mematuhi kata-kata raja. Kemudian putranya dibawa untuk dibunuh.
Dilihat oleh kakaknya yaitu Kidang Pananjung dan Gelap Nyawang, kemudian anak-anak tersebut diserahkan kepada Uana, kemudian anak-anak tersebut ditanya, katanya: Sekarang saya adalah anak laki-laki di penjara. “
Oleh Padmawati anak-anak itu diserahkan ke Uana, lalu dipenjarakan di kepala kota.
Tidak lama kemudian Prabu Siliwangi bermimpi melihat layang-layang Kancana Domas yang memiliki tujuh guriang yang terletak di luar langit. Kemudian dia mengirim Padmawati, pergi ke Salaka Domas, ke Prabu Guru Gantangan, meminta untuk menemukan layang-layang Kancana Domas di angkasa.
Paralak Padmawati popoyan, diakhiri dengan perintah ratu: “Langlangyangan Domas harus dilayani oleh tiga ratus cucu, suwan dengan satu sisi, carios titheang lawe, kapas delapan ribu, tiruan dua lakon, patatih delapan puluh, gagaman sayuta malang.”
Setelah itu Lengser lalu nakol bendé, pengepungan tak henti-hentinya mengumpulkan perawat buatan, meninggalkan opini reujeu, perhatian kajineman.
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
Konon semua sudah berkumpul, lalu Prabu Guru Gantangan mengumumkan perintah Ratu. Tetapi semuanya tidak dapat melihat, saya pikir burung membiarkan lehernya dipotong, kaki ubin ditekuk, dihitung, diperas, diperas.
Oleh Padmawati kepada Prabu Siliwangi, bahwa tidak ada yang mampu. Kata Prabu Siliwangi: “Jika tidak ada yang mampu saya, Nyi Padmawati harus pergi, dan jika dia tidak bisa dipotong, pemandangan dihancurkan.”
Ketika Ratu mendengar itu, Padmawati pingsan dengan lembut kapuk lir kapib kaibunan, menangis dan menangis kepada putra Mundinglaya di Kusumah.
Sudah begitu dia kemudian pergi menemui temannya Kidang Pananjung dan Gelap Nyawang yang sedang bersemedi di kepala kota, menanyakan anaknya.
Kakaknya Padmawati dibawa ke penjara, putranya berusia 14 tahun.
Padmawati menangis bersamanya dengan melihat putranya pula, lalu putranya diborgol saat diseka.
Saur Mundinglaya: “Apakah Anda bertanya-tanya seperti apa ibu dari Sasari yang datang ke sini?”
Ibunya menjawab: “Datang ke sini tidak lambat untuk tumbuh, tidak berjalan lambat, untuk mengatasi kesulitan, tidak melakukannya sendiri, tidak ada yang dibela, cuak pijaiteun, ibu punya masalah. Ari semula diajak oleh ayah Prabu Siliwangi untuk mencari apa yang diimpikan Kanjeng Rama, layang-layang Kancana Domas, suaranya di luar langit, Ari punya tujuh guriyang, harus dilayani oleh ibunya dan tiga ratus cucunya, suan dengan satu langkah, carios titigang lawé, buatan dua laksa, patatih delapan puluh, gagaman sayuta malang. Namun semua tidak juga baik, berhenti menghancurkan kehidupan ibu oleh Sunan Rama Prabu Siliwangi. Hari ini adalah hari di mana anak saya ingin membela saya atau tidak, apakah itu masalah ibu saya? “
Putranya berkata: “Nun ibu memujaku, jadi aku tidak bekerja keras, aku bisa menerbangkan layang-layang Kancana Domas.”
Ibu: “Oh, alhamdulillah anak saya bisa, ibu saya sangat bahagia, tapi saya tidak menghabiskan sembilan bulan untuk hamil.”
Dari situ Padmawati kemudian menunjuk Prabu Siliwangi, bahwa ada yang mampu mendapatkan layang-layang Kancana Domas, yaitu Raden Munding laya di Kusumah.
Baginda heran dan senang, ia lahir: “Kalau begitu Mundinglaya kemana mencarinya dan harus dibakar duhung Tulang Pajajaran.”
Kemudian Padmawati tetap menyerahkan pusaka negara kepada Mundinglaya. Setelah menerima duhung, Mundinglaya kemudian berangkat ditemani Kidang Pananjung dan Gelap Nyawang ke luar angkasa.
Mundinglaya di Kusumah sindang dulu ke Muarabérés untuk memakan dewi cantik Asri, putra Rangga Pupuk Bunga Jaya, ibu dari Gambir Wangi.
Mundinglaya labu untuk Dewi Asri, bahwa dia harus menderita kematian, jika tidak cocok dengan Dewi Asri; Dewi Asri sama lagi, apalagi mati begitu kata siit kalo padi gak ditambang ke Mundinglaya.
Mundinglaya menyerahkan beulitanana-nya kepada Dewi Asri tempatnya bekerja, diikatkan pada pernikahannya. Ari memiliki begitu aku jung angkat kembali dari Muarabérés, menuju ke Pulau Putri.
Di Pulau Putri, ia bertemu dengan jaksa yang berkunjung ke pulau tersebut, bernama Jaksa Jongrang Kalapitung.
Perang Ger Mundinglaya dengan Jongrang Kalapitung, sangat ramai. Mundinglaya memenangkan pertempuran, taluk jaksa dan menyerahkan jimat dan menunjukkan jalan ke luar langit. Mundinglaya pergi sendirian ke sisi lain langit, di mana dia menunggu di Pulau Putri.
Berdekatan dengan bagian luar langit gok dan Guriang Tujuh, kemudian Mundinglaya membeli layang-layang Kancana Domas, namun tidak memberi saya ger perang. Guriang tujuh berhasil mengalahkan pertempuran, layang-layang Kancana Domas direbut oleh Mundinglaya.
Mundinglaya dan Uana kembali ke Pajajaran, memberikan Kancana Domas layang-layang kepada ayahnya di Gunung Gumuruh. Prabu Siliwangi sangat senang dan Mundinglaya dipukul dengan berlian; ia berkata: “Ama sangat, sekarang layang-layang Kancana Domas diperbolehkan; Ama ini melempar keris pusaka negara, itu seharusnya menjadi sungkelangan yang masih hidup.
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
Sekarang hidep lebih baik pergi ke Muarabérés, buat pertunangan dengan Dewi Asri. Jika Anda telah diundang untuk bepergian dari Muarabérés, bangun negara kaya dengan perawat kaya buatan, terutama oleh istri, masing-masing bermeditasi pada daun potongan terlarang.
Mundinglaya di Kusumah berkata: “Panglélér dan piwejang Rama, kasuhun kalinga murda, dicangcang sapucuking rama, semoga ada penerbangan Kangjeng Rama, anak Dalem bisa lari pengganti.”
Sudah begitu Mundinglaya pergi ke Muarabérés.
Sesampainya di Muarabérés dia sangat terkejut saat Dewi Asri hendak diantar ke Sunten Jaya, hari Prabu Guru Gantangan.
Dewi Asri tidak mau dinikahi Sunten Jaya, tapi oleh ibunya, Gambir Wangi, terpaksa, kata puisi yang saya pakai untuk mengikat semua. Dewi Asri melakukan ramp: ingin memberikan 40 over 1 extension, 40 over 1 back, dan jika Mundinglaya datang sore hari, pagi pernikahan, datanglah pagi hari pernikahan.
Kabarnya kedua mempelai pergi ke kos untuk didekorasi, Mundinglaya mengikutinya.
Sore harinya, Dewi Asri dan Sunten Jaya ingin merayakannya harus didekorasi.
Hingga waktu yang ditentukan Sunten Jaya turun berhiaskan Dewi Asri yang menempel di air terjun dan Mundinglaya.
Prajurit Salaka Domas, balada Prabu Guru Gantangan tak tertahan oleh teriakan, lalu mengamuk untuk merebut Mundinglaya.
Mundinglaya saat mencapai Dewi Asri dibantu oleh Sangkala Wisésa, guriang bojong dari luar angkasa, der war. Balad Salaka Domas belum lama berselang, Sunten Jaya palastra karya duhung Mundinglaya di Kusumah.
Mundinglaya lalu menaungi Dewi Asri. Prabu Guru Gantangan dan istrinya Retna Inten pergi ke Salaka Domas, jatuh cinta dengan matahari terbenam di depan wajahnya Sunten Jaya.
Ari Mundinglaya di Kusumah dan istrinya kemudian berlayar ke pulau Putri, menciptakan istana agréng yang membayar pengantin. Diceritakan ada seorang buatan bernama Tunjungsari menyeberangi lautan dengan perahu besi caruk besi, berniat membunuh Dewi Asri, karena kapipati.
Ia tiba di Pulau Putri untuk bertemu dengan Mundinglaya di Kusumah, pok tanya Nyai Putri, bahasa yang diminta, bukan dipaksa. Saya tentu tidak dikasih, ger perang dengan Mundinglaya, Tunjungsari kalah. Barang untuk dibunuh, Dewi Asri menyuruh temannya untuk tidak membunuh arak tempat taluk bakti.
Tunjungsari berjanji akan berdedikasi, selama kamu tidak membunuh.
Tidak diketahui saat ini apa yang akan ia lakukan setibanya di pulau Putri.Patih Naga Bali kesayangannya penguasa Bali membawa beberapa harta bersama ketiga saudara laki-lakinya: pasangan bernama Nagarawayang, istri Aci Subali dan Sekar Rarang Retna Kembang . Artinya, Patih Naga Bali tidak lain adalah sehelai rambut yang dipersembahkan untuk Mundinglaya di Kusumah dan memberikan saudara laki-lakinya istri, hartanya.
Dengan diterima Mundinglaya dan Aci Subali serta Sekar Rarang Retna Kembang dijadikan istri.
Konon negara Kuta Lambaran, raja Kidang Lambatan kesayangannya, memiliki seorang istri bernama Aci Bangbang Retna Kembang. Rakana by raina berbicara tentang pengabdian kepada Mundinglaya, namun tidak mau, bahasa pengabdian kepada Mundinglaya tidak sama dengan pengabdian pada tulang jagung ingin juga mendampingi Prabu Guru Gantangan.
Barang Kidang Lambatan menyuruh kalian pergi ke Muarabérés untuk mencari batu Dewi Asri, Aci Bangbang Retna Kembang pok berkata:
“Hari ini Nyi Dewi Asri ada di Pulo Putri dan Raden Mundinglaya di Kusumah. Jangan ngotot memusuhi Ratu, apalagi dengan para bangsawan. Ratuku adalah seorang muguran, ménak tara ngarangrangan, dombanya banyak pada ratunya, yang berani banyak di yang mulia. Hari ini saudaraku ingin bersikeras bahwa domba tidak akan menemukan yang pasti, berbeda tidak akan menemukan lawan. “
Kidang Lambatan tidak mengabaikan wawadi raina, biur hanya memandang langsung ke Pulau Putri. Di langit Kidang Lambatan untuk mengatur ekor, masyarakat Pulau Pulo semuanya terpengaruh oleh ekor, kecuali Munding Geger Maléla dan Munding Sangkala Wisésa. Oleh Munding Geger Maléla Mundinglaya di Kusumah dan Dewi Asri yang sedang disembah tibra dijadikan guguling, ari ia menjadikan Dewi Asri. Kidang Lambatan lalu masuk kuburan, kotor ciptaan Dewi Asri dirawu dibawa ke Kuta Lambaran, diserahkan ke hari Aci Bangbang Retna Kembang.
Barang tersebut telah dikembalikan ke Munding Geger Maléla, kotor Aci Bangbang Retna Kembang atas penyitaan branana dibawa dunia ke Pulau Putri, diduga ke Mundinglaya di Kusumah.
Jaba yang disebutkan di atas juga ada yang mengabdikan diri untuk Mundinglaya di Kusumah dan mempersembahkan dunia harta untuk istri-istrinya, yaitu: 1. Kuda Waringin dari negara bagian Kota Waringin, berbakti bukan dengan perang dulu. 2. Gagak Semar Aria Munding Daratan, hari istri tercinta Giwang Karang Tembang Inten.
Dari pulau Putri Mundinglaya dipindahkan ke Nusa Bali, jadi Prabu Murba Wisésa Nusa Bali, cerita rambay lembok hijau dikelilingi oleh loop, disarib-sarib oleh bitis, calik di aula bubut pementasan ballroom, balai binatur rarawis teman.
Begitu kata Ki Penyair.
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH

