MATERI RUMPAKA KAWIH BAHASA SUNDA SMP KELAS 8
aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.
aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.
Nu dimaksud kawih téh nyaéta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanana mah ‘ngawih’. Dina basa Indonésia mah lagu atawa nyanyian, kecap pagawéanana menyanyi. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi, éta téh hartina urang keur ngawih. Kawihna mah naon baé, rék diala tina sisindiran, pupujian, tembang pupuh, kaulinan barudak, dermayonan, atawa nu séjénna.
Matéri kawih geus aya ti baheulana. Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518 M, di dinya disebutkeun ngaran rupa-rupa kawih nyaéta kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalaguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih péngpélédan, bongbongkaso, perérané, porod eu rih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, sareng kawih igel-igelan. Ceuk éta naskah kénéh, la mun urang hayang nyaho ngeunaan kawih, mangka tanyakeun ka paraguna. Kecap ‘paraguna’ téh hartina seniman kawih, mun ayeuna mah musisi, atawa ahli musik.