GIRANG ACARA BASA SUNDA
Dina hiji acara, urang sok ningal aya jalma anu kapapancénan ngatur acara, anu ilahar sok disebut panata acara atawa MC (Master of Ceremony). Pancénna purah nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana anu midang atawa cacarita dina éta acara. Sagédéngeun panata acara, aya deui anu disebut panumbu catur atawa sok katelah modérator. Ieu ogé pancénna méh sarua, purah ngatur lumangsungna hiji acara. Bédana, panumbu catur mah ilaharna sok dipaké dina acara sawala atawa diskusi. Éta anu dua téh urang sebut baé girang acara, nyaéta jalma anu miboga pancén ngatur lumangsungna hiji acara. Boh panata acara boh panumbu catur, diperedih kudu bisa nyarita kalawan lancar, sora anu ngoncrang ngarah jéntré kadengéna, lentong anu merenah, sarta maké basa anu genah éntép seureuhna. Dina pangajaran ayeuna hidep rék niténan, nyusun téks omongan panata acara jeung panumbu catur, sarta ngedalkeun éta omongan di hareupeun kelas.