SISINDIRAN
-
SISINDIRAN PAPARIKAN PIWURUK
Paparikan Piwuruk: Ka kulah nyiar kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar tipeuting Osok loba gogodana Melak suplir makè huut, dibawa ka Cicalèngka, Ari nyupir ulah ngebut, kumaha lamun cilaka? Kacapanon dina jukut, geus ruksak rèk diomèan. Ku naon abdi bet ngebut, apan keur ngudag setoran
-
WAWANGSALAN
Conto Wawangsalan Abdi mah caruluk Arab Henteu tarima téh teuing. (wangsalna : Korma) Paribasa petis Cina Hayang nepi ka cacapna (wangsalna : Kecap) Mesin ketik siga tivi Nyimpen data meni pinter ( wangsalna : Komputer ) Bibika tipung tarigu Ku engkang tacan kahart (wangsalna : Roti)
-
SISINDIRAN PAPARIKAN SESEBRED
Paparikan Sésébréd (heureuy) Poe saptu poé kemis Salasa heuleut-heuleutan Saha itu murilkumis Leumpangna eundeuk-eundeukan Saninten reujeung japilus Ka Cinisti dipapaykeun Ari peunteun hayang alus Tatapi anti ngapalkeun Korék api dijajarkeun Dikuatan dikarétan Sanés abdi teu ngapalkeun Kabéngbat ku internétan
-
SISINDIRAN PAPARIKAN SILIH ASIH
Paparikan silih asih : Aya meri dina rakit Boboko wadah bakatul Lain nyeri ku panyakit Kabogoh direbut batur Isukna muka komputer diseuseulan ku Bu Lilis Rina mah sanés mung pinter katambihan ogé geulis... Sanaos ka Haur geulis Andi mah resep ka Cina Sanaos Néng Nunur geulis Andi mah resep ka Rina Mandi isuk rada beurang Tampian jalanna nanjak Andi atos terus terang Badé ditampi, ditolak?
-
SISINDIRAN RARAKITAN SESEBRED
rarakitan sésébréd ( heureuy) Majar manéh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru Rarasaan cengkéh konéng Kulit peuteuy dina nyiru Rarasaan lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru Najan peuteuy dina nyiru Sakoteng dibawa muter Najan kulit beuteung nambru Da ganteng katambah pinter
-
SISINDIRAN RARAKITAN SILIH ASIH
rarakitan silih asih Daék sotéh ka cinangka Ka cisitu mah teu purun Daék sotéh ka nu dipita Kanu itu mah teu purun Kajeun teuing huntu punglak Asal ulah nyanyautan Kajeun kuring geus disentak Asal ulah ngabaeudan
-
SISINDIRAN RARAKITAN PIWURUK
rarakitan piwuruk Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol néangan élmu Nu guna dunya ahérat Kudu getol neukteuk kuku ngarah pinter lamun dangdan kudu getol maca buku ngarah pinter jiga Dadan
-
SISINDIRAN SUNDA NYAETA?
Dina jaman kiwari, ana nyarita urang Sunda téh resep togmol. Langsung kana bukur caturna. béda jeung baheula. Dina kahirupan karuhun urang baheula kapanggih paribasa “malapah gedang”. Hartina, saméméh nyaritakeun maksud nu saenyana, nyaritakeun heula perkara séjén minangka bubukana, supaya nu ngadéngékeun ulah reuwas atawa leutik haté (Satjadibrata, 2005). Hartina, nyarita téh kudu aya senina. Nu sok kapanggih téh lain baé kabiasaan malapah gedang, urang Sunda ogé boga kabiasaankabiasaan séjén nu patali jeung seni nyarita atawa seni komunikasi. Di antarana baé seni nyarita téh diébréhkeun dina sisindiran. Ngan baé, sisindiran urang Sunda baheula mah lain sisindiran siga jaman ayeuna nu sakapeung ngahaja dijieun keur kaperluan pagelaran. Sisindiran jaman baheula éstuning dalit…
-
CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Daék sotéh ka cinangka Ka cisitu mah teu purun Daék sotéh ka nu dipita Kanu itu mah teu purun Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol néangan élmu Nu guna dunya ahérat Majar manéh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru
-
SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Sisindiran téh asalna tina kecap "sindir" anu ngandung harti "omong an atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol". Luyu jeung éta anu disebut sisindiran dina sastra Sunda téh karya sastra anu ngaguna keun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.
-
SISINDIRAN SUNDA
Wangun jeung Eusi Sisindiran Salasahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun puisi (ugeran), nyaéta sisindiran. Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, hartina omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa henteu togmol.
-
MATERI SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Sisindiran nyaéta karya sastra wangun puisi (ugeran) anu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwengku ku pada (bait) jeung padalusan (baris). Unggal padalisan ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku kata). Tujuana pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa pamaksudan ka jalma séjén bari henteu togmol téa. Nu dipiharep sangkan eusi omongan téh katarimana henteu matak kasigeung atawa nyeri haté.