MATERI CARITA PONDOK
-
MATERI CARITA PONDOK SMP KELAS 8
Karangan anu tadi dibaca ku hidep téh disebut carpon. Carpon téh singgetan tina carita pondok, nyaéta karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok. Ukuran pondok di dieu biasana dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000-7.000 karakter. mun diketik dina kertas A4 mah jumlahna antara 4-7 kaca. Ku lantaran pondok, carpon mah sok dimuat dina majalah atawa koran Tapi ukuran pondok di dieu mah rélatif, teu jadi ukuran anu tangtu. Upama nilik eusina, jalan carita atawa galur carpon mah ilaharna sajalur, tara réa-réa tur teu pajurawet kawas novel. Kitu deui latar atawa sétting-na, éstu digambarkeun saeutik pisan, tara papanjangan Pon kitu deui palakuna, tara loba teuing. Istilah carpon…
-
MATERI CARITA PONDOK
Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna. 1. Naon anu dimaksud carita pondok? 2. Naon nu dimaksud carpon kaasup carita…