• CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA: Sampurasun

    Geus jadi kailaharan ayeuna mah. Mun urang Sunda biantara, atawa cacarita di hareupeun balaréa, sok tara poho nyebut “sampurasun”. Siga geus jadi kakuduan. Atuh nu diajak cacaritana, atawa jalma réa nu nyaksianana, rampak ngajawab “rampés”. Bari éta téh teuing apaleun teuing henteu, naon maksudna “sampurasun” nu dijawab ku “rampés” téh. Kungsi babalagonjangan tatanya ka sawatara urang. Hayang apal kumaha ceuk persépsina maksud éta omongan téh. Jawabanana rupa-rupa. Aya nu nyebut salam Sunda, aya nu nyebut saharti jeung assalamu’alaikum, aya ogé nu gigideug baé. Cindekna, umumna mah nyebut “sampurasun” atawa ngajawab “rampés” téh ukur tuturut munding baé.

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL BAHASA SUNDA: Hadé ku Omong Goréng ku Omong

    RÉK alus rék goréng, omongkeun baé. Maksudna, kudu balaka, ulah disumput-salindungkeun. Alus mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun. Cacak lamun goréng gé, teu kudu sungkan-sungkan nyaritakeun lebah mana goréngna. Kitu ayeuna mah paribasa hadé ku omong goréng ku omong téh disurahanana. Kudu bruk-brak, anu ceuk légégna mah: kudu transparan. Ulah ditutup-tutup, sangkan anu séjén arapaleun. Baik atau buruk, katakan saja. Kitu meureun mun dina basa Indonésiana mah.

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA TENTANG BENCANA ALAM

    Banjir di wewengkon Dayeuhkolot Kabupaten Bandung jeung sabudeureunana beuki dieu beuki rongkah waé, Perlu tarékah nu leuwih daria pikeun ngungkulanana. Kaarifan lokal heunteu bisa dibaékeun. Deui-deui, deui-deui, masarakat nu dumuk di lelewek Bandung Kidul kocéak dengék. Ti Jumaah (28/10/2016) tilu wewengkon tilem dina amparan caah badag: Dayeuhkolot, Balééndah jeung Bojongsoang. Luhurna cai pangdéétna semet tuur, rata-rata dua meteran. Pongpok Bojongsoang, bawahan Désa Tegalluar teu luput tina kadigjayaan caah.

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA: Dihin Pinasti Anyar Pinanggih

    Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat, ngahunyud di saban juru. Tempat nu tadina éndah jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk. Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangkasangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di manamana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh parantos mintonkeun kakawasaanana. Nu saralamet tina gulungan lambak gangas, tingjarerit-tingkarocéak, awor jeung nu maridangdam leungiteun anakna, kitu deui sabalikna. Nini-nini rawah-riwih néangan incu kakasih. Bébéné kaleleban ku beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu jadi salakina. Kokotéténgan, mapay-mapay unggal layon. Dilelekan bari…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL SUNDA: Pangarang: Sok Ngabohong Tukang Rahul?

    Naha enya pangarang sok ngabohong, tukang rahul, gedé wadul? Kumaha lamun nampa pananya samodél kitu? Naha pangarang kudu ambek? Keun wé, tong teuing dianggap. Mending urang guar naon anu disebut ngarang jeung naon maksudna ngarang. Dina sastra aya nu disebut kagiatan aprésiasi sastra jeung kagiatan éksprési sastra. Aprésiasi sastra nyokona ka pamaca sedengkeun éksprési sastra nyokona ka pangarang. Aprésiasi téh kumaha carana maca hiji karya bari digayem dirarasakeun nikmatna. Sedengkeun éksprési mah kumaha carana ngungkapkeun rasa. Aya deui nu jadi panyambung antara pangarang jeung pamaca nyaéta kritik sastra. Eta tilu hal kawengku ku ugeran jeung aya dina sabudeureun garapan nu disebut sastra. Naon ari ngarang? Nu disebut ngarang teh ngéntépkeun…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA: Ngadu Geulis Kénging Ensa Wiarna

    Kolot mah mapatahan, cenah kudu boga saku dua. Lain goréng sangka tangtuna gé tapi ati-ati. Atuh, mun aya nu muji, tong waka atoh, komo nu muji hareupeun. Da nu kitu mah, bisa waé pangarahan, hayang meunang kauntungan ti nu dipuji. Kudu boga saku rangkepan. Éta gé ceuk kolot kénéh. Atuh, tong waka percaya ka nu ngumbar jangji, da nu hawara biwir mah, ceuk ki dalang, leuir pikir. Nu asal nyarita, ilahrna, teu asak balitungan. Cék kekecapan kolot deui baé, jéngkol aya usumna, ékol mah bisa sapapanjangna. Nu boga karep ngedalkeun alesan, nyombo, jeung ngabobodo nu wujudna dina pamuji jeung jangji, bisa kedal sapapanjangna. Kétang, ari raména jangji jeung pamuji mah,…

  • KUMPULAN SOAL ARTIKEL BASA SUNDA SMA KELAS 12
    ARTIKEL SUNDA,  KUMPULAN SOAL BASA SUNDA

    50+ KUMPULAN SOAL ARTIKEL BASA SUNDA SMA KELAS 12

    Assalamualaikum wr wb Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini. Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL BUDAYA SUNDA SINGKAT

    Urang Sunda mah kasohor loba adat kabiasaan warisan parakaruhunna. Najan dina pajamanan anu geus sakieu modérenna, di sawatara lembur di pasisian, masarakatna masih loba anu nyekel pageuh éta kabiasaan sarta tangtu baé dipigawé dina waktu-waktu anu geus ditangtukeun. Aya nu ngan sakadar keur kapentingan ngamumulé budaya, aya nu keur pintonkeuneun ka masarakat luareun lemburna, aya ogé nu mémang dibarengan ku kayakinan yén éta kabiasaan téh kudu dipigawé lantaran lamun teu dipigawé bisi aya mamalana ka saréréa. Upamana dina tatanén. Ti mimiti melak paré nepi ka dibuatna, sok diayakeun heula upacara atawa hajat. Geura ti mimiti hajat mitembeyan melak atawa tandur, hajat mitembeyan dibuat, hajat nganyaran (mimiti nyangu béas meunang dibuat),…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BUDAYA SUNDA

    Basa indung téh mun istilah asingna mah mother tangue. Saprak UNESCO netepkeun poé miéling basa indung tanggal 21 Pebruari, basa indung téh unggal taun dipiéling ku masarakat sadunya. Unggal bangsa, tangtu ngabogaan basa indung. Ari anu dimaksud basa indung téh basa anu mimiti diajarkeun ku indung ka anakna luyu jeung sélér bangsana. Upamana, urang Sunda basa indungna basa Sunda, urang Batak basa indungna basa Batak, urang Padang, Papua, Acéh, Jawa, Bugis, Batawi, Cirebon, jsb. ngabogaan basa indung anu béda-béda luyu jeung sélér bangsana. Éta kakara di wilayah Indonésia, di sakuliah dunya leuwih rupa-rupa deui, da unggal nagara boga basa indungna séwang-séwangan. Di Jawa Barat, aya tilu basa indung anu kaasup…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL TENTANG KESENIAN SUNDA

    Singhoréng, lain basa wungkul anu nungtutan laleungit téh. Kasenian ogé, geus loba anu hirup teu neut paéh teu hos. Malah anu tumpur gé, lain saeutik. Jigana, keur Indonésia, anu beunghar ku seni budaya, leungitna hiji dua kasenian téh moal pati karasa, da loba téa. Tapi ari ku masarakat anu sapopoéna kungsi pagilinggisik jeung kasenianana mah, pasti bakal karasa pisan leungitna téh. Aya sababaraha sabab, nu ngabalukarkeun leungitna seni budaya téh. Loba malah. Ngan nu gedé pangaruhna mah nya tangtu baé lantaran éta kasenian téh langka ditanggap hareupeun umum jeung teu diwariskeun ka entragan sapandeurieunana. Leuheung mun aya nu “maling”, da pasti kanyahoan ari kangaranan maling seni jeung budaya mah. Saréréa…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL TENTANG KESENIAN BAHASA SUNDA

    Di Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut, aya salahsahiji wewengkon nu katelahna Kampung Sindangsari, Désa Cinunuk.Éta wewengkon téh paeunteung-eunteung jeung kacamatan Banyuresmi ngan dipisahkeun éta dua kacamatan ku walungan Cimanuk. Di kampung éta disagédéngeun hasil tatanén anu kakoncara di antarana jeruk jeung paré aya deui tempat pangjarahan anu pada ngajugjug ti unggal daérah, pangpangna dina bulan mulud. Eta tempat pangjarahan téh nya éta Makam Radén Papak.Sagédéngeun hasil tatanén jeung tempat jarah, di Sindangsari aya seni tradisional asli anu katelahna Seni Surak Ibra.

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BUDAYA SUNDA SINGKAT

    Ku ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan. Poé basa indung anu dipiéling saban 21…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL KAMPUNG ADAT BASA SUNDA

    Garut téh salasahiji wewengkon di Jawa Barat anu beunghar ku pakaya alam , seni, sarta budaya. Kakayaan alam anu dihasilkeun mangrupa sayur mayur, palawija ,sumber cai panas ,hasil laut, hasil bumi, jeung réa-réa deui. Kasenian tradisional anu tepi ka kiwari masih kénéh aya dantarana baé ; seni lais, seni surak ibra, rudat, pena silat, calung, jeug réa-réa deui. Widang karancagéan masarakat diantarana baé dodol, karajinan kulit, batik,jeung rupa-rupa kadaharan .Salian éta ,aya salahiji adat istiadat anu masih di piara tur dimumulé ku masarakatna diantarana baé Msarakat Kampung Pulo. Kampung Pulo téh perenahna kurang leuwih 50 kilo méter wétaneun kota Bandung jeung 13 kilo méter kuloneun kota Garut. Ku kituna éta…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL KAMPUNG ADAT BAHASA SUNDA

    Urug téh mun taneuh anu ayana di béh luhur ngolosod, nutupan anu aya handapeunana. Duka tah, kumaha mimitina éta lembur dingaranan Kampung Urug. Naha pédah kungsi kajadian aya taneuh ngolosod, atawa mémang taneuhna teu padet jadi babari urug. Ngan nu sidik, ieu lembur nu perenahna di Desa Kiarapandak, Kacamatan Sukajaya, Kabupatén Bogor téh kaasup kampung adat. Masarakatna masih mageuhan tali paranti adat kabiasaan urang Sunda pituin. Mun ditilik tina wangunan imahna, sabenerna teu sakabéh imah nu aya di lembur Urug masih modél baheula. Geus aya sababaraha imah anu diwangun permanén jeung semipermanén. Maksudna, sisina geus ditémbok, hateupna geus maké kenténg atawa asbés. Mun anu semi permanén mah ka hadapna wungkul…

  • CONTOH ARTIKEL BASA SUNDA
    ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL KAMPUNG ADAT SUNDA

    Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.

error: Content is protected !!