PEDARAN TRADISI SUNDA

BAHASAN TRADISI SUNDA

  • KUMPULAN SOAL BASA SUNDA,  MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA,  PEDARAN TRADISI SUNDA

    50+ SOAL & JAWABAN PEDARAN TRADISI SUNDA SMA KELAS 12

    1. Tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta anu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan disebut... a. Carita pondok b. Novél c. Tradisi sunda d. Résénsi e. Pedaran 2. Wacana anau eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji pasualan dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya, jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan disebut... a. Narasi b. Éksposisi c. Déskripsi d. Arguméntasi e. Pedaran 3. Tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dinawacana sok disebut... a. Arguméntasi b. Narasi c. Éksposisi d. Pedaran e. Déskripsi

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    PEDARAN TRADISI RITUAL KAMPUNG CIREUNDEU BASA SUNDA

    Kampung nu mayoritas masarakatna masih kénéh ngagem kapercayaan Sunda Wiwitan téh, dikokolakeun ku tilu sesepuh kampung, nyaéta Sesepuh nu nangtukeun kawijakan hirup kumbuh tur ngokolakeun ritual taunan dicepeng ku Emen Sunarya (75), Ais Pangampih nu ngokolakeun kamasarakatan dicepeng ku Widia (50), jeung Panitén nu ngokolakeun kapamudaan jeung tani sampeu dicepeng ku Asep Wardiman (45). Lega lahanna kurang leuwih 100 héktar, kabagi kana opat bagian, nyaéta 10 héktar lahan padumukan, 25 héktar leuweung baladahan (lahan tani sampeu), sarta 65 héktar kabagi kana leuweung tutupan jeung larangan.

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    PEDARAN KAMPUNG CIREUNDEU BASA SUNDA

    “Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa. Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam. Éta gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu. Da puguh kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang mah…

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    PEDARAN TRADISI SUNDA SINGKAT

    Di Sumedang mah di antarana nu sok pada ngarep-ngarep ku balaréa téh iring-iringan, nyaéta ngaleutkeun budak sunatan, dina poéan mandi kembang piisukaneun ngeureut. Kuda rénggong jeung bangbaronganana nu pangdidago-dagona téh. Dina émprona jalma ti unggal lembur nu kaliwatan iring-iringan, sok budal maregat di sisi jalan. Tong boro nu keur nyalsé, nu keur baranggawé ogé, cul wé lanan. “Rada rurusahan nyeuseuh téh da sieun kaporotan iringiringan.” Teu anéh ngadéngé omong kitu téh. Tukang warung nu keur ngaladangan, tukang bas nu keur ngagusruk, tukang macul nu keur ngagecruk, tukang ngarambét nu keur totonggéngan, sakurang-kurangna nyelang ngajanteng, nyérangkeun heula ti kaanggangan.

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    PEDARAN ADAT ISTIADAT URANG SUNDA

    Sélér bangsa naon waé jeung di mana waé ayana tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung méh sarua, sakapeung béda pisan. Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kaseniananana, kadaharanana, wangun imahna, jeung adat-istiadatna. Ari adat ngurus orok jaman baheula tangtu bakal béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung modérén. Baheula mah éstu sarwa basajan, boh pakakasna boh cara ngurusna. Baheula mah réréana nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna gé meni sagala aya. Di sawatara daérah utamana di pakampungan, cara ngurus orok mimitina mah sok dipapagahan. Anu mapagahanana biasana mah paraji. Sanggeus ngurus nu ngalahirkeun, biasana paraji gé ngurus orokna.…

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    PEDARAN TENTANG TRADISI IKET SUNDA

    Iket atawa totopong téh di Sunda mah kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna. Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina sabeungkeutan atawa sauyunan dina hiji pakumbuhan. Silokana, nyéré mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan tangtu bakal beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina minangka objék nu kudu sayaga pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pegeuh kancing, saringset pageuh iket. Mimiti resep kana iket memang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik leuwih jero mah karék taun 2005.…

  • MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  PEDARAN TRADISI SUNDA

    PEDARAN TRADISI SUNDA

    Istilah bahasan sok disebut ogé karangan pedaran (eksposisi), malah sok disebut ogé karangan éséy. Eusina, biasana ngajéntrékeun tur medar hiji hal kalawan gemet. Supaya hidep parigel, ayeuna urang diajar nulis bahasan. Kahadé hidep perlu merhatikeun katangtuan dina nyusun hiji tulisan. Pék geura tengetan sawatara hal penting ieu di handap! (1) Nangtukeun Topik, jeung Judul Topik atawa téma téh ambahan (ruang lingkup) ngeunaan pasualan atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh singget) eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis. Leuwih loba maca, nu nulis bakal leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    15+ CONTOH PEDARAN TRADISI SUNDA

    Ti peusar kota Bandung mah kaitung deuket Kampung Mahmud teh, kira-kira 5 km maju ngulon. bisa ngagunakeun angkot Tegalega mahmud atawa kendaraan pribadi. merlukeun waktu perjalanan 30-45 menit. Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung.Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung. Najan kasebutna kampung adat, sabengbatan mah Kampung Mahmud teh taya beda jeung Kampung sejenna. Lebah kamekaranana ge sarua bae. Televisi, radio, hape,jeung barang elektronik sejenna geus lain barang aneh. Ngan pedah tina wangunan nu katagen masih basajan. Di Kampung Mahmud mah…

  • MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA
    MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  PEDARAN TRADISI SUNDA

    MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA

    Bahasan atawa pedaran téh tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta nu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina hasil pangalaman sorangan. Tangtuna, aya pangaweruh (kanyaho) anyar nu gedé mangpaatna keur pamaca. Sabenerna, bahasan téh méh sarua jeung éséy atawa artikel, boh cara nulisna, boh eusina. Ngan dina éséy atawa artikel mah subyéktifitasna (pamanggih nu nulis) leuwih tandes jeung leuwih jelas.

error: Content is protected !!