BIOGRAFI SINGKAT BAHASA SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.

Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh masih sakola di SMA.

Kungsi digawé di perkebunan téh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.

OTOBIOGRAFI SINGKAT BAHASA SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Pangeusi Kota Bandung geus réa nu ngungsi. Tapi henteu meruhkeun sumanget gawé, angger baé ari pancén mah dilaksanakeun sakumaha mistina. Ari paripolah NICA, éstuning beuki samemena baé. Rahayat kota nu beuki saeutik téh, hantem-hanteman disingsieunan, diprovokasi, diganggu ku rupa-rupa cara. Pasukan Gurka beuki remen patroli ka wewengkon Républik. Alesanana teu béda jeung nu enggeus-enggeus, nyaéta pikeun ngabuburak pasukan Républik anu remen ngagerilya ka wewengkon Bandung Kalér. Enya anu diudagna mah pasukan Républik, tapi nyatana mah rahayat-rahayat kénéh anu jadi korban téh.

Sabudeureun kota asa beuki harénghéng, saréréa pada-pada dikukuntit ku kakeueung. Katurug-katutuhna téh, rahayat beuki riweuhna basa datang bancang pakéwuh alatan musibah alam: walungan Cikapundung nu limpas, imah di sapanjang éta walungan kakeueum. Éta musibah, bisa jadi lantaran hujan badag teu eureun-eureun. Tapi deuih, mungkin baé aya nu codéka. da aya béjana, datangna banjir téh lantaran bendungan di Dago luhur aya nu ngaruksak. kajadian kitu téh terus baé dipatalikeun jeung niat sawatara jalma pikeun sabotaseu, sangkan rahayat nu dumuk kénéh di wewengkon Républik beuki teu betah. Réa pisan nu jadi korban ku éta kajadian téh, pangpangna mah rahayat nu teu tuah teu dosa. Sigana moal kurang ti saratus urang. Maranéhna henteu kaburu nyalametkeun diri lantaran cai badag datangna dadak-dadakan, tengah peuting deuih, basa maranéhna keur ngaranjang ka alam ngimpi.

BIOGRAFI TOKOH SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Cing aya di antara hidep anu kungsi apal ka Ir R. H. Ukar Bratakusuma? Kawasna keur nu icikibung dina widang pertambangan hususna, masarakat Jawa Barat umumna, moal bireuk deui kana jenengan Ukar Bratakusumah téh. Anjeuna salasaurang inohong Sunda anu gede jasana ka nagara. Ti mimiti jaman penjajahan nepi ka jaman pangwangunan, anjeuna teu weléh icikibung milu ngurus lemah cai Pangpangna mah dina widang atikan jeung pertambangan. Matak pantes mun Ir. R. H. Ukar Bratakusumah disebut Pajoang jeung Panaratas Widang Pertambangan.

Ir. R. H. Ukar Bratakusumah teh lahirna di Ciamis, persisna di Kampung Ciwahangan, Desa Barégbég, tanggal 16 Oktober 1911. Pupusna di Jakarta 12 Maret 2003. Mangsa bure di lemburna, Ukar Bratakusumah resep ngangon munding.

Mangsa rumaja, nyuprih elmu di HIS (Hollandsch Inlandsch School) Purwakarta dina taun 1918. Sabada namatkeun sakola di HIS Purwakarta taun 1925, Likar Bratakusumah hijrah ka Bandung disampeur ku rakana, Rd. Ema Bratakusuma, supaya nuluykeun sakola ka Meer Uitgebreid Lager Onderwijs (MULO).

BIOGRAFI RADEN DEWI SARTIKA BAHASA SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Raden Déwi Sartika. Nelahna Ibu Dewi. Gede pisan jasana enggoning ngaronjatkeun darajat kaom wanoja, pangpangna wanoja Sunda Tarékahna ngadegkeun Sakola Istri. jadi pamiangan pikeun ngawangun wanoja nu wedel tur pinter.

Hiji mangsa, réréncangan Raden Déwi Sartika nampi serat. Kumargi teu tiasa maca, nya nyuhunkeun dipangmaoskeun ka Raden Déwi Sartika. Anjeunna sedih ningali nasib kaomna siga kitu téh. Kumaha lamun eusi surat téh bakal nyilakakeun dirina? Eta nu jadi salasahiji pangjurung ka Raden Déwi Sartika pikeun ngamajukeun kaom wanoja

CONTOH OTOBIOGRAFI BAHASA SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Dina ijasah-ijasah tanda tamat sakola, dina bisluil-bisluit kadinesan, fitimangsa dilahirkeun téh ditulis 2 Oktober 1928. Tapi sakapeung, dina Kar tu Tanda Penduduk (KTP), dicatet 2 Oktober 1929 Sarua ari tempatna mah di Desa Banjarsari, puseur kota kacamata. Persisna mah di di Kampung Ci- badak. Ari Banjarsari kabawa ka Kabupaten Ciamis Perenahna di jajalaneun antara Banjar-Pangandaran.

Teu aya “akta kalahiran” anu bisa dijadikeun cecekelan nu pasti dina titimangsa kalahiran. Sa bab harita mah, ngan urang kota, anu lumrah nyarieun akta lahir téh. Kitu gé urang kota nu kaasup “priyayi” (pagawé nagri). Di kampung mah sgala rupa kajadian téh cukup ku dirangkepkeun jeung kajadian penting, saperti mimiti aya karéta api anu tembus nepi ka Cijulang. Atawa basa anggeus pisan nyieun sasak beusi Walungan Ciputra haji Atawa deui, basa Ir Sukarno dibuang ka sabrang, jeung sabangsana.

BIOGRAFI TOKOH SENIMAN SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Raden Machjar Angga Koesoemadinata (dibaca Raden Mahyar Angga Kusumadinata) dibabarkeun di Sumedang, 7 Désémber 1902, pupus di Bandung, 9 April 1979. Anjeunna téh seniman tur étnomusikolog Sunda Kawentar minangka pangatik nu husus ngamajukeun seni sora, panalungtik karawitan tur ahli téori musik Sunda. Anjeunna nu nyiptakeun “serat kanayagan” (sistim no tasi nada) da-mi-na-ti-la, katut nyipta sistim 17 titilaras Sunda

Raden Machjar Angga Kusumadinata kalawan nénéhna Pa Machjar, kawentar ogé minangka seniman nu nyiptake- un lalaguan Sunda. Anjeunna gemet niténan laras pélog jeung saléndro ti keur budak kénéh. Guguru ka sabaraha urang juru tembang, kawih, jeung nayaga. Seniman nu kungsi dipiguru ku anjeunna téh di antarana diajar rebab ka Pa Étjén Basara, Pa Sura, jeung Pa Natadirejo, diajar gamelan ka Pa Sai jeung Pa Idi, sarta diajar tembang ka Pa Oetje, juru pantun kawentar di Bandung.

BIOGRAFI ALI SADIKI BAHASA SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Buntut kajadian Gerakan 30 September PKI, kaayaan di puseur nagara Jakarta harénghéng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Rayat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poé kudu baé manggihan mayit, ngambang dina walungan.

Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macét. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutut, sajaba ti kurang téh. Nyaksian kaayaan kitu, Presiden Seokarno ngangkir Letkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merdéka.

Diangkir ka istana ku Presiden, Ali Sadikin reuwas. Aya naon? Boa-boa aing rék dihukum, cenah. Da apan harita téh loba jelema ditéwakan.
“Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil?” cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merdéka.

50+ KUMPULAN SOAL BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11

KUMPULAN SOAL BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11

Assalamualaikum wr wb
Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.

15+ CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

Assalamualaikum wr wb
Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.

MATERI BIOGRAFI BAHASA SUNDA

MATERI BIOGRAFI SUNDA

Biografi téh aslana tina basa Inggris biography. Bio hartina hirup jeung graphy hartina catetan atawa tulisan. Tuluy éta kecap téh diaku ku basa Indonésia, sarta éjahanana diluyukeun jadi biografi. Kiwari kecap biografi geus bisa dipaké ku urang sunda pikeun nuduhkeun lalakon hirup hiji jalma.

error: Content is protected !!