MATERI SISINDIRAN BAHASA SUNDA SMP KELAS 8
disebut pantun. Baheula mah aya nu disebut tradisi témpas sindir (berbalas pantun).
Upama nilik wangunna, sisindiran téh kauger (dibatasi) ku purwakanti (sasaruaan kecap atawa engang), jumlah engang (suku kata) dina unggal jajar (padalisan), jeung jumlah padalisan dina unggal pada. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana karya sastra wangun ugeran (puisi). Satuluyna, mun ditilik tina wangun jeung eusina, sisindiran téh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan: paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan. Malah aya ogé nu nyebutkeun yén tatarucingan gé kaasup kana sisindiran.