DONGENG SUNDA
-
50+ SOAL DONGENG BAHASA SUNDA SMA KELAS 10
1. Carita rékaan anu ngabogaan unsur pamohalan disebut .... a. carpon b. novél c. dongéng d. éséy e. biografi 2. Salasahiji ciri dongéng téh anonim, maksudnya nyaéta .... a. sumebarna sacara lisan b. sumebarna sacara tinulis c. kanyahoan anu ngarangna d. teu kanyahoan saha anu ngarangna e. ngabogaan amanat 3. Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Garut nyaéta .... a. Sasakala Kalapa Genep b. Sasakala Situ Bagendit c. Sasakala Leuwi Ronggéng d. Sasakala Situ Cileunca e. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
-
50+ KUMPULAN SOAL DONGENG SUNDA KELAS 7
1. Dongeng téh sumebarna sacara _ a. tulisan b. gerakan c. isarat d. lisan 2. Ciri-ciri dongéng nya éta _ a. eusi caritana panjang b. sumebar sacara tulisan c. eusina pamohalan d. karangan dina wangun ugeran 3. Dongéng nu nyaritakeun ngeunaan sasatoan disebut __ a. fabel b. legénda c. parabel d. mite
-
DONGENG SAGE SUNAN GUNUNG JATI BAHASA SUNDA
Saujaring carita, Sunan Gunung Jati kantos bumén-bumén di nagri Cina. Nyebarkeun agama Islam, malah dugi ka muka pasantrén. Sajaba ti ngawulangkeun bagbagan agama Islam, Sunan Gunung Jati ogé kaceluk tiasa nujum, cariosanana saucap nyata, saciduh metu. Tina katiasana, atuh rokaya santri-santrina beuki seueur baé, geus karuhan nu ngadon tataros mah beurang- peuting teu weléh ngabrul. Kocapkeun maharaja Cina terangeun yén di nagrina aya waliullah anu nyebarkeun agama Islam. Terangeun ogé kana katiasana, najan dina manahna tetep masih cangcaya. Malah anu dipikapaur mah, pangpangna sieun kaéléhkeun pangaruh. Laju Sang Maharaja téh milari akal pikeun ngusir Sunan Gunung Jati maké jalan lemes.
-
DONGENG SUNDA SASATOAN
Ajag Nangtang Jelema Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta, geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang, leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung. “Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag, “Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik . . .” pokna deui bari angger babaung. Sakadang peucang reuwas nataku, tapi gancang mindingan kareuwasna.
-
DONGENG SASAKALA GUNUNG KENDANG BAHASA SUNDA
Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakon nu dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang ku dalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna. Sabab lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang. Tapi Ki Sutaarga keukeuh peuteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayar sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna. Pok Ki Dalang sasauran, "Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar ti heula."
-
DONGENG SUNDA SINGKAT
Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki, ari adina awéwé. Ari imahna deukeut hiji leuweung nu loba tangkal bubuahan anu ngareunah, kayaning pari, kupa, huni, pining jeung salianna. Dina hiji mangsa, barudak téh rék ngala buah kupa ka leuweung. Barang datang ka leuweung, ceuk lanceukna, “Nyai, Akang arék ngala bubuahan, ku nyai pulungan.” “Heug Akang,” ceuk adina. Térékél budak téh naék. Barang keur jongjon ngala kupa, léor aya oray sanca, nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar lambar, nyarandé kana catang.
-
DONGENG SUNDA SI KABAYAN
Si kabayan jeung mitohana rebun-rebun geus nagog sisi walungan. Teu lila burudul rahayat, maksudna rék marak walungan duméh bakal kasumpingan tamu agung ti dayeuh. Ari kasedepna tamu, ceuk kokolot désa, nyaéta lauk walungan. Tah, poé ieu téh paratamu rék dibagéakeun goréng tawés, pais nilem, jeung beuleum kancra dicoélkeun kana sambel jahé ditinyuh kécap. Mangkaning ngahaja sanguna ogé paré anyar, nya bodas nya pulen. Leuh, piraku wé tamu henteu nimateun.
-
CONTOH DONGENG SASAKALA BAHASA SUNDA
Jaman baheula, aya awéwé anu kacida beungharna. Rajakayana bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang lembur, éta awéwé téh katelah Nyi Endit, ku medit-meditna. Pagawéan Nyi Endit téh sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit. Rajakayana unggal waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di paké. Ari sababna, sagala lebar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirina sorangan gé kahayangna mah ulah.
-
MATERI DONGENG BAHASA SUNDA
Dongeng teh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran) sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun tumurun jeung sumebarna lu cara lisan. Tara kapaluruh saha pangarang atawa nu nyiptana. nilik wanda jeung eusina dongeng teh kaasup rekaan baheula. patempatan anu jadi latarna mideng tetela gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa hungkul, tapi oge sato, buta, atawa mahluk-mahluk sejena. kajadian-kajadianna sakapeung karasa pamohalan, corak rekaan heubeul mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus tema.