Ramayana
Kacarioskeun Rama anu nuju mileuweungan, disarengan ku istrina, Déwi Sinta, sareng raina, Lasmana. Di hiji leuweung, Déwi Sinta kapincut ku hiji kijang (Kidang Kancana). Padahal éta téh kijang kajajadén, supados Rama sareng Lasmana bongoh. Kijang téh siga anu lindeuk, tapi barang badé ditéwak ngejat. Kitu jeung kitu baé, dugi ka Rama téh tebih ti Déwi Sinta. Teu lami, kakuping ku Déwi Sinta sareng Lasmana nu tulung-tulungan sapertos sora Rama. Kawitna Lasmana henteu ngandel kana éta sora téh, margi anjeunna percanten kana kasaktén rakana. Namung Déwi Sinta maksa supados Lasmana milari éta sora, nepi ka kedal kekecapan anu nyentug kana manah Lasmana. Bari nalangsa, Lasmana milari éta sora, ngantunkeun Déwi Sinta sorangan.
Teu lami, torojol aki-aki kundang iteuk maké pakéan pandita, nyampeurkeun ka Déwi Sinta. Déwi Sinta diolo supaya kaluar tina kalang buleud nu tos diparancahan ku Lasmana. Déwi Sinta kagoda. Kaluar tina kalang. Dadak sakala aki-aki téh robah wujud jadi Rahwana, raja murka ti Aléngka. Déwi Sinta diiwat tuluy dibawa ngapung ku Prabu Rahwana. Déwi Sinta tulung-tulungan, kadéngéeun ku Jatayu, manuk galudra sobat Prabu Dréstarata. Prabu Rahwana diperangan, tapi Jatayu éléh jajatén.