CONTOH LAPORAN LALAMPAHAN PENDEK BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

Di Jawa Barat teu aya patilasan karaton, pangpangna Pajajaran. Kitu ceuk nu méré pangajén pangpangna ti jalma-jalma anu teu wanoheun kana kabeungharan sajarah. Padahal Jawa Barat boga Karaton Kasepuhan jeung Kanoman di Cirebon. Di Banten patilasan-patilasan sajarah araya kénéh, beuki dieu beuki écés di Banten baheula aya karajaan gedé tur ma’mur Kajeun teuing ayeuna Banten misahkeun diri ti Provinsi Jawa Barat, tapi sajarahna teu bisa dipisahkeun ti Tatar Sunda atawa Jawa Barat.

Perenahna Situs Karaton Banten Lama atawa Banten heubeul téh 10 km ti jalan raya ka Kota Sérang, legana kurang leuwih 4 km pasagi, diwangun ku opat unit. Ieu wewengkon kaeréh ka Kabupatén Sérang anu ayeuna jadi puseur dayeuh Provinsi Banten.

CONTOH LAPORAN LALAMPAHAN BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

Diajar téh teu salawasna di jero kelas. Diajar ogé bisa dilaksanakeun di luar kelas. leu hal saluyu jeung konsep yén alam sabudeureun urang bisa djadikeun sumber jeung média diajar, sakumaha anu kaunggel dina Peraturan Menteri Pendidikan ngeunaan Standar Proses Pembelajaran. Diajar di luar kelas téh réa cara jeung wangunna. Salasahijina nyaéta ku cara niténan rupa-rupa informasi anu nyampak di musieum.

Di Kota Bandung euyeub pisan musieum anu bisa dijadi keun sumber diajar. Salasahijina nyaéta Musieum Konférénsi Asia Afrika (Musieum KAA). Musieum KAA perenahna di Jl. Asia Afrika No. 65, Kota Bandung. Ieu musieum mangrupa mémorabilia Konferensi Asia Afrika nu dilaksanakeun taun 1955.

CONTOH LAPORAN PERISTIWA PENDEK BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

TAUN 1990, aya sawatara kajadian penting nu aweuhanana nepi ka sakuliah dunya. Tanggal 11 Februari, Nelson Mandela, nu kungsi jadi persiden Afrika Kidul, bebas tina panjara sabada dibui 27 taun lilana Bulan April, teleskop Hubble miang ka langit, dipaké motrétan kaayaan marcapada, hasilna guna pisan pikeun kabeungharan astronomi tur diparaké ku para ahli. Bulan Oktober, Jerman ngahiji. Atuh dina tungtung taun 1990-nu baris diguar dina ieu tulisan-jadi pamiangan medalna teknologi nu bisa ngarobah cara hirup manusa nepi ka kiwari

Nu sok aranteng muka Facebook gé, tur unggal usik nyieun status, boa teu terangeun ka nu ngalalanyah dunya maya. Tim Berners-Lee, jalma basajan ti dayeuh London, kawasna teu hayangeun sohor deuih. Remen kacaritakeun dina média deungeun mah, sikepna nu handap asor, tur henteu “agul ku payung alus”. Bangun teu haripeut kana pakaya deuih, da geuning panalungtikan jeung hasil karyana, henteu kungsi dipaténkeun, malah dipékbaékeun nepi ka bisa dipaké saha waé. Siga kacatet dina majalah Time édisi “Time 100 People of the Century”, Tim Berners milih kénéh usaha nirlaba ti batan kudu ngeruk untung tina ladang késangna.

LAPORAN PERISTIWA TENTANG SEKOLAH BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiyah (MTS) Al-Mannar kudu milu ujian nasional (UN) bari pakéan jalibreg. Eta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kacamatan Cibalong, Kabupaten Garut. Ana nepi ka jalibreg, lantaran sangkan bisa tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan Walungan Cibaluk heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban.

Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambangan, Désa Mekarwangi Sanggeus taya nu tingaleun, bring waéh mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar salamet sararéa. Mun téa mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan

15+ CONTOH LAPORAN PERISTIWA BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

LAPORAN 1
Basajan, Réa Jasana
ku: Dadan Sutisna

LAPORAN 2
LAPORAN LALAMPAHAN KA MUSIEUM KONFERENSI ASIA AFRIKA KOTA BANDUNG

LAPORAN 3
Ku Taya Pisan Cukang, Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan
ku: Amra Iska

LAPORAN 4
PURBAKALA BANTEN HEUBEUL SAJABA TI KARATON, LOBA MASJID

LAPORAN 5
LAPORAN KAGIATAN
KARYA WISATA KA SUMEDANG

LAPORAN 6
LAPORAN KAGIATAN
PAGELARAN SENI SUNDA OSIS SMK SUNDALANA

MATERI LAPORAN PERISTIWA BAHASA SUNDA SMP KELAS 8

MATERI LAPORAN KAJADIAN SUNDA KELAS 8

Peristiwa, nyaéta kajadian anu luar biasa tur mikat haté. Peristiwa ilaharna mangrupa kajadian anu tara kapanggih sapopoé, tapi mangrupa kajadian langka tur istimewa.

Peristiwa téh sok dilaporkeun. llaharna nu sok ngalaporkeun. peristiwa téh umumna para wartawan. Palebah dieu, laporan peristiwa bisa jadi laporan jurnalistik.

Laporan téh ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun. Ditilik tina cara nepikeunana, laporan téh bisa sacara lisan bisa ogé ku tulisan Laporan anu ku hidep geus dibaca di luhur mah kaasupna kana laporan tulisan Ari ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu: Kahiji, laporan kagiatan. Eusina ngeunaan geus dilaksanakeunana hiji kagiatan. Upamana waé laporan kagiatan piknik, laporan kagiatan lomba, jsté. Kadua, laporan keuangan Eusina ngeunaan kaluar asupna duit di hiji lembaga/pausahaan. Nu ngalaporkeunana biasana mah karyawan ka dunungan (atasan). Nu nyusunna gé aya ahlina, nu sok disebut akunting téa. Katilu, laporan jurnalistik. Eusina ngeunaan lalampahan wartawan dina ngaliput hiji tempat atawa hiji hal anu dipandang aya mangpaatna keur batur. Ku kituna, laporan jurnalistik téh sok aya nu nyebut laporan lalampahan.

error: Content is protected !!