• GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

    Guguritan téh sok disebut ogé dangding nyaéta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh. Disebut pondok sotéh mun seug dibandingkeun jeung wawacan, anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Eusina ogé biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Ku lantaran pondok téa, umumna pupuh dina guguritan mah henteu gunta-ganti. Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan, saperti "Asmarandana Lahir Batin" beunang R.A. Bratadiwijaya, "Kinanti jeung Indung Turun" beunang Kalipah Apo.

  • GUGURITAN PUPUH SINOM KINANTI EUSI JEJER
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : TEMA RASA NADA AMANAT SEKAR ALIT & AGEUNG

    Guguritan asalna tina kecap "gurit” anu hartina nyusun karangan. Dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, hartina sarua baé nyaéta némbongkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan wangun dangding. Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kabeungkeut ku patokan anu tangtu, nyaéta patokan pupuh. Lamun dicindekkeun mah guguritan téh karangan pondok anu ditulis dina wangun pupuh. Ku lantaran pondok téa biasana mah ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan. Eusina ogé henteu ngawujud carita (naratif). Dibacana biasana mah dihari ringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh éta.

  • MATERI GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA,  MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI GUGURITAN BAHASA SUNDA SMP KELAS 8

    Aya 17 pupuh anu dipaké pikeun dadasar nyusun guguritan, nyaéta 4 sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula [disingget KSAD]) jeung 13 sekar alit (Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong). Tiap pupuh ngabogaan watek, guru wilangan, jeung guru lagu masing-masing.

  • GUGURITAN BAHASA SUNDA
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN BAHASA SUNDA

    Guguritan téh nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang sarta maké aturan pupuh anu geus baku. Ku lantaran teu panjang téa, biasana mah mangrupa pupuh anu tujuh belas téa. Seperti conto di luhur éta mangrupa guguritan anu maké patokan pupuh sinom, kinanti, asmarandana jeung mijil. Guguritan dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh.

error: Content is protected !!