CONTOH GUGURITAN SUNDA PUPUH KINANTI
guguritan dina pupuh kinanti anu ngalalakon (nyaritakeun hiji kajadian). Eusina nyaritakeun kagiatan urang waktu hudang saré subuh nepi ka indit ka sakola. Rupa-rupa kajadian bisa kaalaman. Geura pék baca sing gemet guguritan di handap
Kabeurangan ka Sakola
Kuring hudang subuh-subuh, (8-u)
gura-giru tuluy mandi, (8-i)
geus mandi maké saragam, (8-a)
henteu poho maké dasi, (8-i)
geus dangdan tuluy sasarap, (8-a)
geus rapih mah tuluy indit. (8-i)
Naék angkot asa rusuh, (8-u)
asup gé henteu tarapti, (8-i)
diuk téh rada ngajengkang, (8-a)
diseungseurikeun ku supir, (8-i)
beungeut beureum sabab éra, (8-a)
da saangkot milu seuri. (8-i)