• CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    GUGURITAN PUPUH SINOM BAHASA SUNDA

    Ka Alun-Alun Bandung Ngalanglang ka Kota Kembang, Bapa, Mamah, Adé, kuring, mios satengah dalapan, tabuh sabelas can dugi, macét téh di Cileunyi, alah ieung mani ripuh, hawa panas kacida, teu eureun-eureun kikiplik, tapi angger hawa téh beuki bayeungyang. Kuring wawartos ka Bapa, teu kiat hoyong ka cai, saur Bapa tahan heula, sakedap deui gé dugi, di payun téh pom béngsin, di dinya bisa tarurun, pék bari jajan heula, ngadagoan ngeusi bénsin, mun manjing mah bisa bari lohor heula. Jalan macét geus kaliwat, Si Adé geus seuri deui, Mamah gé hahariringan, teu lila nepi pom bénsin, geuwat kuring ka cai, lumpat bari rada rusuh, atuda tos teu kiat, hoyong ka cai…

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH KINANTI BAHASA SUNDA

    Bandung Ayeuna Bandung geus heurin ku tangtung, nu datang ti mana mendi, loba nu ngadon usaha, atawa nu ngadon cicing, balatak ku nu daragang, matak heurin anu ulin. Toko-toko pararinuh, trotoar heurin ku parkir, pabeulit jeung nu balanja, pahibut nu barangbeuli, adu tawar ramé pisan kasawur ku sora mobil sorana patinggarerung, angkot pabeulit jeung taksi, riweuh néangan panumpang, pada-pada embung rugi, puguh diudag setoran, balik kudu meunang bati.

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH ASMARANDANA BAHASA SUNDA

    Guguritan dina Pupuh Asmarandana Budak Bangor Kacatur Arman jeung Andi, budak sakola ti kota, di kelas ngan heureuy baé, diajar sakahayangna, lamun dipapatahan, tara ieuh daék nurut, dasar adatna wangkelang. Hiji poé baradami, éta budak nu duaan, arék arulin ka warnét, kajeun bolos ti sakola, teu mikir akibatna, nurut laku nu teu puguh, kaleungitan akal séhat. Caritana enggeus nepi ka warnét di deukeut pasar, lumayan tempatna ramé, puguh da loba nu dagang, Andi kadua Arman, di warnét diukna nyumput meureun sieun kanyahoan.

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH MIJIL BAHASA SUNDA

    Di Mekah Tepung Silaturahmi Jamaah téh asal béda nagri, ti wétan ka kulon, nagri kidul katut nagri kalér, rupa-rupa bangsa pada hadir, mungguh umat Nabi, kabéh gé kasaur. Di Mekah tepung silaturahmi, patanya patakon, silihrérét loba anu anéh, nyidik-nyidik kulit warna-warni panon, irung, biwir, dedegan nya kitu. Ku pakéan gé matak kataji, godéblag berelong, potonganna gobrah jeung godobér, nu disarung jeung nu disamping, kabéh narik ati, runtut raut rukun.

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH SINOM BAHASA SUNDA

    Ka Kebon Binatang Ulin ka kebon binatang, (8-a) di Bandung di Taman Sari, (8-i) kuring ulin téh opatan, (8-a) Bapa, Mamah, Tétéh, kuring, (8-i) di jalan suka seuri, (7-i) datang téh tabuh sapuluh, (8-u) nu ka lokét mung Bapa, (7-a) maksudna ngagaleuh karcis, (8-i) sedeng kuring tiluan nungguan heula. (12-a) Teu lila ronghéap Bapa, (8-a) bari ngiwir-ngiwir karcis, (8-i) ngajak kuring saréréa, (8-a) muru gerbang beulah sisi, (8-i) Bapa anu mimiti, (7-i) mapah angkatna ti payun, (8-u) Tétéh pengkereunana, (7-a) leumpang bari sura-seuri, (8-a) bungah pisan pareng ka kebon binatang. (12-a) Tuluy kuring saréréa, (8-a) ngantay asup hiji-hiji, (8-i) singhoréng lega kacida, (8-a) jaba hawana gé tiis, (8-i) seger kaliwat…

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN SUNDA PUPUH KINANTI

    guguritan dina pupuh kinanti anu ngalalakon (nyaritakeun hiji kajadian). Eusina nyaritakeun kagiatan urang waktu hudang saré subuh nepi ka indit ka sakola. Rupa-rupa kajadian bisa kaalaman. Geura pék baca sing gemet guguritan di handap Kabeurangan ka Sakola Kuring hudang subuh-subuh, (8-u) gura-giru tuluy mandi, (8-i) geus mandi maké saragam, (8-a) henteu poho maké dasi, (8-i) geus dangdan tuluy sasarap, (8-a) geus rapih mah tuluy indit. (8-i) Naék angkot asa rusuh, (8-u) asup gé henteu tarapti, (8-i) diuk téh rada ngajengkang, (8-a) diseungseurikeun ku supir, (8-i) beungeut beureum sabab éra, (8-a) da saangkot milu seuri. (8-i)

  • GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

    Guguritan téh sok disebut ogé dangding nyaéta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh. Disebut pondok sotéh mun seug dibandingkeun jeung wawacan, anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Eusina ogé biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Ku lantaran pondok téa, umumna pupuh dina guguritan mah henteu gunta-ganti. Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan, saperti "Asmarandana Lahir Batin" beunang R.A. Bratadiwijaya, "Kinanti jeung Indung Turun" beunang Kalipah Apo.

  • GUGURITAN PUPUH SINOM KINANTI EUSI JEJER
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : TEMA RASA NADA AMANAT SEKAR ALIT & AGEUNG

    Guguritan asalna tina kecap "gurit” anu hartina nyusun karangan. Dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, hartina sarua baé nyaéta némbongkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan wangun dangding. Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kabeungkeut ku patokan anu tangtu, nyaéta patokan pupuh. Lamun dicindekkeun mah guguritan téh karangan pondok anu ditulis dina wangun pupuh. Ku lantaran pondok téa biasana mah ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan. Eusina ogé henteu ngawujud carita (naratif). Dibacana biasana mah dihari ringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh éta.

  • KUMPULAN SOAL GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA,  KUMPULAN SOAL BASA SUNDA

    50+ KUMPULAN SOAL GUGURITAN SUNDA

    1. Karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang disebut a. sajak b. sawér c. guguritan d. pupujian 2. Guguritan biasana dibacana ___________ a. didéklamasikeun b. digalindengkeun c. dipantunkeun d. dihariringkeun 3. Pupuh nu digunakeun dina guguritan biasana aya _____ rupa a. hiji b. dua c. tilu d. opat

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    15+ CONTOH GUGURITAN SUNDA

    Assalamualaikum wr wb Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini. Selamat datang di bahasasunda.id.

  • MATERI GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA,  MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI GUGURITAN BAHASA SUNDA SMP KELAS 8

    Aya 17 pupuh anu dipaké pikeun dadasar nyusun guguritan, nyaéta 4 sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula [disingget KSAD]) jeung 13 sekar alit (Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong). Tiap pupuh ngabogaan watek, guru wilangan, jeung guru lagu masing-masing.

  • GUGURITAN BAHASA SUNDA
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN BAHASA SUNDA

    Guguritan téh nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang sarta maké aturan pupuh anu geus baku. Ku lantaran teu panjang téa, biasana mah mangrupa pupuh anu tujuh belas téa. Seperti conto di luhur éta mangrupa guguritan anu maké patokan pupuh sinom, kinanti, asmarandana jeung mijil. Guguritan dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh.

error: Content is protected !!