• ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL BUDAYA SUNDA SINGKAT

    Urang Sunda mah kasohor loba adat kabiasaan warisan parakaruhunna. Najan dina pajamanan anu geus sakieu modérenna, di sawatara lembur di pasisian, masarakatna masih loba anu nyekel pageuh éta kabiasaan sarta tangtu baé dipigawé dina waktu-waktu anu geus ditangtukeun. Aya nu ngan sakadar keur kapentingan ngamumulé budaya, aya nu keur pintonkeuneun ka masarakat luareun lemburna, aya ogé nu mémang dibarengan ku kayakinan yén éta kabiasaan téh kudu dipigawé lantaran lamun teu dipigawé bisi aya mamalana ka saréréa. Upamana dina tatanén. Ti mimiti melak paré nepi ka dibuatna, sok diayakeun heula upacara atawa hajat. Geura ti mimiti hajat mitembeyan melak atawa tandur, hajat mitembeyan dibuat, hajat nganyaran (mimiti nyangu béas meunang dibuat),…

  • ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BUDAYA SUNDA

    Basa indung téh mun istilah asingna mah mother tangue. Saprak UNESCO netepkeun poé miéling basa indung tanggal 21 Pebruari, basa indung téh unggal taun dipiéling ku masarakat sadunya. Unggal bangsa, tangtu ngabogaan basa indung. Ari anu dimaksud basa indung téh basa anu mimiti diajarkeun ku indung ka anakna luyu jeung sélér bangsana. Upamana, urang Sunda basa indungna basa Sunda, urang Batak basa indungna basa Batak, urang Padang, Papua, Acéh, Jawa, Bugis, Batawi, Cirebon, jsb. ngabogaan basa indung anu béda-béda luyu jeung sélér bangsana. Éta kakara di wilayah Indonésia, di sakuliah dunya leuwih rupa-rupa deui, da unggal nagara boga basa indungna séwang-séwangan. Di Jawa Barat, aya tilu basa indung anu kaasup…

  • ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL TENTANG KESENIAN SUNDA

    Singhoréng, lain basa wungkul anu nungtutan laleungit téh. Kasenian ogé, geus loba anu hirup teu neut paéh teu hos. Malah anu tumpur gé, lain saeutik. Jigana, keur Indonésia, anu beunghar ku seni budaya, leungitna hiji dua kasenian téh moal pati karasa, da loba téa. Tapi ari ku masarakat anu sapopoéna kungsi pagilinggisik jeung kasenianana mah, pasti bakal karasa pisan leungitna téh. Aya sababaraha sabab, nu ngabalukarkeun leungitna seni budaya téh. Loba malah. Ngan nu gedé pangaruhna mah nya tangtu baé lantaran éta kasenian téh langka ditanggap hareupeun umum jeung teu diwariskeun ka entragan sapandeurieunana. Leuheung mun aya nu “maling”, da pasti kanyahoan ari kangaranan maling seni jeung budaya mah. Saréréa…

  • ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL TENTANG KESENIAN BAHASA SUNDA

    Di Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut, aya salahsahiji wewengkon nu katelahna Kampung Sindangsari, Désa Cinunuk.Éta wewengkon téh paeunteung-eunteung jeung kacamatan Banyuresmi ngan dipisahkeun éta dua kacamatan ku walungan Cimanuk. Di kampung éta disagédéngeun hasil tatanén anu kakoncara di antarana jeruk jeung paré aya deui tempat pangjarahan anu pada ngajugjug ti unggal daérah, pangpangna dina bulan mulud. Eta tempat pangjarahan téh nya éta Makam Radén Papak.Sagédéngeun hasil tatanén jeung tempat jarah, di Sindangsari aya seni tradisional asli anu katelahna Seni Surak Ibra.

  • ARTIKEL SUNDA

    CONTOH ARTIKEL BUDAYA SUNDA SINGKAT

    Ku ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan. Poé basa indung anu dipiéling saban 21…

  • ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL KAMPUNG ADAT BASA SUNDA

    Garut téh salasahiji wewengkon di Jawa Barat anu beunghar ku pakaya alam , seni, sarta budaya. Kakayaan alam anu dihasilkeun mangrupa sayur mayur, palawija ,sumber cai panas ,hasil laut, hasil bumi, jeung réa-réa deui. Kasenian tradisional anu tepi ka kiwari masih kénéh aya dantarana baé ; seni lais, seni surak ibra, rudat, pena silat, calung, jeug réa-réa deui. Widang karancagéan masarakat diantarana baé dodol, karajinan kulit, batik,jeung rupa-rupa kadaharan .Salian éta ,aya salahiji adat istiadat anu masih di piara tur dimumulé ku masarakatna diantarana baé Msarakat Kampung Pulo. Kampung Pulo téh perenahna kurang leuwih 50 kilo méter wétaneun kota Bandung jeung 13 kilo méter kuloneun kota Garut. Ku kituna éta…

  • ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL KAMPUNG ADAT BAHASA SUNDA

    Urug téh mun taneuh anu ayana di béh luhur ngolosod, nutupan anu aya handapeunana. Duka tah, kumaha mimitina éta lembur dingaranan Kampung Urug. Naha pédah kungsi kajadian aya taneuh ngolosod, atawa mémang taneuhna teu padet jadi babari urug. Ngan nu sidik, ieu lembur nu perenahna di Desa Kiarapandak, Kacamatan Sukajaya, Kabupatén Bogor téh kaasup kampung adat. Masarakatna masih mageuhan tali paranti adat kabiasaan urang Sunda pituin. Mun ditilik tina wangunan imahna, sabenerna teu sakabéh imah nu aya di lembur Urug masih modél baheula. Geus aya sababaraha imah anu diwangun permanén jeung semipermanén. Maksudna, sisina geus ditémbok, hateupna geus maké kenténg atawa asbés. Mun anu semi permanén mah ka hadapna wungkul…

  • ARTIKEL SUNDA

    ARTIKEL KAMPUNG ADAT SUNDA

    Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.

  • ARTIKEL SUNDA

    CONTOH TEKS ARTIKEL BUDAYA SUNDA

    Mun aya nu nanyakeun, kabiasaan naon nu ayana ngan di Indonsia wungkul anu patali jeung lebaran? Pasti jawabanana kabiasaan mudik. Apanan urusan mudik téh di nagara urang mah geus jadi urusan nasional. Lain ngan suku Sunda wungkul nu biasa migawéna, tapi geus jadi tradisi sakumna sélér bangsa nu aya di Indonésia. Urang Sumatera, urang Maluku, urang Sulawesi, urang Kalimantan, Papua, Bali, jsb. geus biasa migawé ieu tradisi dina usum lebaran. Meureun pédah nagara urang mah loba pulona, sarta pangeusina loba nu ngumbara ka pulo séjén. Dina waktuna milih balik ka lembur téh sok disataun-sakalikeun. Da sapopoé mah riweuh ku gawé téa, ongkoh tara aya liburan rada lila anu bareng saréréa,…

error: Content is protected !!