• CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    TEKS DRAMA BAHASA SUNDA

    (Buruan Kantor Kacamatan Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.) Ato : (Ngaharéwos) Anén, komandoan! Anén : (Luak-Lieuk, ngaharewos) Ngomandoan naon? Ato : Na aya ku bodo ari amnéh! Ngomandoan ngagoro-wok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku manéh!

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    CONTOH DRAMA SUNDA

    Panggung poék. Sora bangkong tingborogodod. Lampu laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja. Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung, ngomé buuk. Panggung remeng-remeng. Sora ti saluareun imah: Nu gélo : (ceuceuleuweungan semu ngalagu) Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah…

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

    BABAK II Dekorasi: Padang pasir jeung tangkal korma. Lampu sorot biru... ADEGAN I Kadéngé ti jero hawar-hawar sora wanita ngagalindengkeun ayat-ayat suci Surat Thoha ayat 1 nepi ka 7. Sorana anca angina-anginan. Nincak kana ayan 3 Umar témbong dating rurusuhan. Ngagebeg ngadéngé nu ngagalin dengkeun ayat-ayat suci téh Ngarandeg ceuli didéngdék-déngdékkeun. Témbong pasemonna siga nu ambek kabina-bina... Huntu kekerot panon bu ringas leungeun duanana ngeupeul tipepereket. Tamat ayat 7 jep jempé.. UMAR: (jalang-jéléng ngomong sorangan) Bener béja bieu téh.. pajar... pajar... Ya Lata... Ya Uzza... Si Hindun tikoséwad murtad... (ngarénghap panjang). Backsound, Kadinge deui hawar-harwar ti jero malikan ayat-ayat tadi... ayat 1 nepi ka 3... jep deui jempe... UMAR: (curinghak…

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    DRAMA SUNDA 5 ORANG

    Di hiji jalan, pabeubeurang. Sawatara barudak maké saragam SMA keur bukbek bari silih teunggeul, bari marawa rupaning paka rang. Tawuran. Sora mobil. Sora nupatinggorowok. Campuh. Meunang sawatara lila silih serang. Keur kitu kadéngé sirineu mobil pulisi. Nu tawuran kalabur. Di kantor pulisi, pasosoré. Hiji patugas (Pulisi 1) keur diuk tu maninah bari nundutan. Sakapeung sirahna méh tigeduk kana méja. Ngoréjat bari gigisik. Lenggut deui wéh. Keur kitu kurunyung dua patugas séjénna ngabringkeun opat bu dak maké saragam SMA, tilu lalaki, hiji awéwé. Éta opat budak téh katémbong mani kokompodan, bangun anu sieun naker. Nu awéwé mah bari inghak-inghakan ceurik.

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    DRAMA BAHASA SUNDA LUCU

    Babak 3 (Dukun asup ka panggung bari nampék parukuyan ngebul. Pepeta nurutkeun lagu. Jréng musik padang pasir. Torojol tabib duaan ngagéol bari pepeta kawas penyanyi. Rengsé lagu, silih tunjuk jeung dukun. Seuri bareng ngagakgak. Jep. Cakakak deui seuri bareng. Jep deui. Cakakak deui.) Tabib : (Ngomongna dilagukeun, kawas keur tagonian) Énté pasti dukun ti Ciréyod! Ha...ha...ha... Dukun : (Nunjuk) Sampéan pasti Tukang Sulap! Ha...ha...ha... Tabib : (Ngomongna dilagukeun) Ana Wan Mahmud, tabib kasohor ti Bagdad. Ana diondang ku Gusti Prabu. Ana bawa ieu Poci Aladin, insya Alloh ieu poci sakti. Ha... ha...ha.... Dukun : Kaula dukun weduk, dukun mashur di ieu karajaan! Ha...ha...ha... Kaula diondang ku Gusti Prabu, sina nyambat…

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    DRAMA SUNDA 4 ORANG

    Babak 1 (Sang Prabu, Praméswari, para putri, ponggawa, jeung Paman Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk, tuluy hulang-huleng, bangun keur boga kabingung.) Gusti Prabu Keur baluweng kaula téh, Paman Léngsér. Bingung ku rupa-rupa pasualan. Paman Léngsér Pasualan naon téa, Gusti Prabu? Gusti Prabu Baluweng ku dua perkara kaula téh, Paman. Anu kahiji, rahayat urang téh keur tingkocéak. Saban waktu keuna ku rupa-rupa musibat banjir, lini, runtah, panyakit. Anu kaduana, anak kaula, Si Endén, apan teu waras pipikiranana bari teu cageur-cageur diubaran ka mana-mana ogé. (Ngahuleng heula) Cing sugan Paman Léngsér bisa méré bongbolongan! Kudu ditumbalan ku naon nagara urang jeung putri kaula téh? Paman Léngsér…

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    NASKAH DRAMA SUNDA PENDEK LUCU

    Babak ka-2 Ceu unéh keur sasapu. Pasemonna baeud, kawas nu keur aya kakeuheul. Manggihan potrét tuluy dicokot, ditingalian sakeudeung, tuluy sasapu deui. Nyi Inot asup. Nyi Inot : Assalamualaiku……….mmm! Ceu Unéh : Wa alaikumsalaaa…………mmm. Is geuning Nyi Inot tos ti mana Nyi? Nyi Inot : Ah, ngahaja waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu? Ceu Unéh : Can balik. Biasa wé, keur dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi? Nyi Inot : Ieuh Euceu! Tadi kuring tas ti kota, papanggih jeung Kang Ujé, keur leumpang duaan, jalan-jalan jeung awéwé! Ceu Unéh : Jalan-jalan jeung awéwé? Enyaan Nyi? Nyi Inot : Ih! Piraku kuring ngabohong, sumpahna ogé daék turun harga…

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    15+ NASKAH DRAMA SUNDA SINGKAT

    (Buruan Kantor Kacamatan Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.) Ato : (Ngaharéwos) Anén, komandoan! Anén : (Luak-Lieuk, ngaharewos) Ngomandoan naon? Ato : Na aya ku bodo ari amnéh! Ngomandoan ngagoro-wok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku manéh! Anén : Naon nu rék digorowokeunana! (Saréréa silih pelong siga bingung.) Acid : Kieu wé atuh: Camaat, Kaluar! Tah, kumaha mun kitu! (Saréréa unggut-unggutan tanda satuju. Anén maju ka hareup bari singkil.) Anén : Hiji …. Dua…

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    DRAMA SUNDA CIUNG WANARA

    KACARITAKEUN DUA PATIH SAKEMBARAN, PATIH PURAWESI JEUNG PURAGADING, SEJANA KA PASAMOAN, BAWANA HAYAM SAHIJI, PATEPUNG DI ALUN-ALUN JEUNG CIUNG WANARA Ciung Wanara : “Dék ka mana paman, bet ngaleut duaan?” Patih : “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun paman? Kapan aing téh papatih?” Ciung Wanara : “Disebut sia ku daék. Disebut paman gé mumul.” Patih : “Naha manéh anak saha?” Ciung Wanara : “Anak bapa.” Patih : “Saha bapa manéh?” Ciung Wanara : “Salaki indung.” Patih : “Indung manéh téh saha?” Ciung Wanara : “Kapan pamajikan Bapa.” PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM. Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus…

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    15+ CONTOH NASKAH DRAMA SUNDA

    Panggung poek. Sora bangkong tingborogodod. Lampu laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja. Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung, ngome buuk. Panggung remeng-remeng. Sora ti saluareun imah:

error: Content is protected !!