TEKS DRAMA BAHASA SUNDA

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

(Buruan Kantor Kacamatan Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.)

Ato : (Ngaharéwos) Anén, komandoan!

Anén : (Luak-Lieuk, ngaharewos) Ngomandoan naon?

Ato : Na aya ku bodo ari amnéh! Ngomandoan ngagoro-wok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku manéh!

CONTOH DRAMA SUNDA

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Panggung poék. Sora bangkong tingborogodod. Lampu laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja. Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung, ngomé buuk. Panggung remeng-remeng. Sora ti saluareun imah:

Nu gélo : (ceuceuleuweungan semu ngalagu) Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka!

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

BABAK II
Dekorasi: Padang pasir jeung tangkal korma. Lampu sorot biru…
ADEGAN I
Kadéngé ti jero hawar-hawar sora wanita ngagalindengkeun ayat-ayat suci Surat Thoha ayat 1 nepi ka 7. Sorana anca angina-anginan. Nincak kana ayan 3 Umar témbong dating rurusuhan. Ngagebeg ngadéngé nu ngagalin dengkeun ayat-ayat suci téh Ngarandeg ceuli didéngdék-déngdékkeun. Témbong pasemonna siga nu ambek kabina-bina… Huntu kekerot panon bu ringas leungeun duanana ngeupeul tipepereket. Tamat ayat 7 jep jempé..

UMAR: (jalang-jéléng ngomong sorangan) Bener béja bieu téh.. pajar… pajar… Ya Lata… Ya Uzza… Si Hindun tikoséwad murtad… (ngarénghap panjang).
Backsound, Kadinge deui hawar-harwar ti jero malikan ayat-ayat tadi…
ayat 1 nepi ka 3… jep deui jempe…
UMAR: (curinghak deui) Yakin… yakin… Dulur aing geus kasarad ku Si Muhammad… !
Backsound Ayat 4 nepi ka 5.. jep deui jempé..
UMAR: (ngajeleng alon bari tungkul sedih.. ngarandeg nyanghareup ka publik teuteupna kosong) Kakara bieu… tas ngahukum si Su’éb katut anak pamajikanana… Ayeuna. Ayeuna. (ngusap- an dada). ah.. ninggang ka dulur sorangan.. Ya Lata… Ya Uzza… kudu kumaha pilakueun… pilakueun Kuring.. ? (sora jero… beurat… > Ras ka wasiat indung.. nu omat-omatan… ni- tipkeun Si Hindun. Teu nyana teu nyana.. budak téh mesat na sasar
Backsound Ayat 6 nepi ka 7.. jep deui jempé..
UMAR: (curinghak). panonna buringas awakna ngagidir). Ya Lata. Ya Uzza naha adil mun Si Hindun dulur kuring diantep 2 Padahal… (sorana nindak keras).. padahal. kulawarga Si Su’éb geus. geus ditumpurkeun…! (ngahuleng deui bari ngusapan dada… nepi ka bilangan sapuluh Curinghak deui.. sumanget na témbong tina sinar panonna. Malik nempo ka jero) Hind un. ! Hindun. ! (jempé taya nu némbal. Taya nu kadéngénepi ka bilangan sapuluh).
UMAR: (nyalukan bedas) Hindun…! Hindun…!

DRAMA SUNDA 5 ORANG

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Di hiji jalan, pabeubeurang. Sawatara barudak maké saragam SMA keur bukbek bari silih teunggeul, bari marawa rupaning paka rang. Tawuran. Sora mobil. Sora nupatinggorowok. Campuh. Meunang sawatara lila silih serang. Keur kitu kadéngé sirineu mobil pulisi. Nu tawuran kalabur.

Di kantor pulisi, pasosoré. Hiji patugas (Pulisi 1) keur diuk tu maninah bari nundutan. Sakapeung sirahna méh tigeduk kana méja. Ngoréjat bari gigisik. Lenggut deui wéh.

Keur kitu kurunyung dua patugas séjénna ngabringkeun opat bu dak maké saragam SMA, tilu lalaki, hiji awéwé. Éta opat budak téh katémbong mani kokompodan, bangun anu sieun naker. Nu awéwé mah bari inghak-inghakan ceurik.

DRAMA BAHASA SUNDA LUCU

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Babak 3
(Dukun asup ka panggung bari nampék parukuyan ngebul. Pepeta nurutkeun lagu. Jréng musik padang pasir. Torojol tabib duaan ngagéol bari pepeta kawas penyanyi. Rengsé lagu, silih tunjuk jeung dukun. Seuri bareng ngagakgak. Jep. Cakakak deui seuri bareng. Jep deui. Cakakak deui.)

Tabib : (Ngomongna dilagukeun, kawas keur tagonian) Énté pasti dukun ti Ciréyod! Ha…ha…ha…
Dukun : (Nunjuk) Sampéan pasti Tukang Sulap! Ha…ha…ha…
Tabib : (Ngomongna dilagukeun) Ana Wan Mahmud, tabib kasohor ti Bagdad. Ana diondang ku Gusti Prabu. Ana bawa ieu Poci Aladin, insya Alloh ieu poci sakti. Ha… ha…ha….
Dukun : Kaula dukun weduk, dukun mashur di ieu karajaan! Ha…ha…ha… Kaula diondang ku Gusti Prabu, sina nyambat ngadatangkeun jalma-jalma sakti.
Tabib : (Ngomongna dilagukeun) Subhanalloh! Lamun ana boga kabutuh, ana kari ngomong ka ieu Poci Aladin. Sokayeuna énté hayang naon?
Dukun : Eu…kaula hanaang! Hanaang! Hayang nginum!
Tabib : (Bari nompokeun sungut kana poci) Cai! Cai! Cai!

(Lung ti gigireun panggung aya nu ngalungkeun aqua gelas ka
hareupeun dukun)

Dukun : Wah, élmu kaula leuwih sakti. Teu percaya? Sok éta réncang sampéyan ku kaula rék dirobah wujudna! (Menekung bari ngagibrigkeun leungeun) Minda rupa! Minda rupa! Minda rupa jadi lutung! Jadi lutung….! (Bréh awak tabib 2 robah jadi lutung. Lutung jungang-jéngong, ngabegégan sarta rék nyakar ka tabib. Tabib lulumpatan sieuneun. Lutung tuluy kaluar ti panggung)
Tabib : (Ngomongna dilagukeun) Naam! Naam! Ana yaqin, yaqin, yaqiiin….kana élmu énté. Sok ayeuna énté dititah naon ku Gusti Prabu téh?
Dukun : Euh! Kaula dititah ngadatangkeun jalma-jalma sakti anu bakal bisa néangan Tujuh Mustika. (Tuluy menekung, mapatkeun jampé pamaké)

DRAMA SUNDA 4 ORANG

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Babak 1
(Sang Prabu, Praméswari, para putri, ponggawa, jeung Paman Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk, tuluy hulang-huleng, bangun keur boga kabingung.)

Gusti Prabu Keur baluweng kaula téh, Paman Léngsér. Bingung ku rupa-rupa pasualan.
Paman Léngsér Pasualan naon téa, Gusti Prabu?
Gusti Prabu Baluweng ku dua perkara kaula téh, Paman. Anu kahiji, rahayat urang téh keur tingkocéak. Saban waktu keuna ku rupa-rupa musibat banjir, lini, runtah, panyakit. Anu kaduana, anak kaula, Si Endén, apan teu waras pipikiranana bari teu cageur-cageur diubaran ka mana-mana ogé. (Ngahuleng heula) Cing sugan Paman Léngsér bisa méré bongbolongan! Kudu ditumbalan ku naon nagara urang jeung putri kaula téh?
Paman Léngsér (Ngahuleng) Puguh sami, Gusti Prabu. Kaula ogé keur hariwang ayeuna téh?
Gusti Prabu Naha hariwang ku naon, ari Paman?
Paman Léngsér Eu…eu….éta pun alo, Nyi Esih, kamari téh ngalahirkeun, Gusti Prabu. Ari pék orokna téh bedegul, tiasa kokorondangan, jaba tos tiasaeun cacarita.

NASKAH DRAMA SUNDA PENDEK LUCU

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Babak ka-2
Ceu unéh keur sasapu. Pasemonna baeud, kawas nu keur aya kakeuheul. Manggihan potrét tuluy dicokot, ditingalian sakeudeung, tuluy sasapu deui. Nyi Inot asup.

Nyi Inot : Assalamualaiku……….mmm!
Ceu Unéh : Wa alaikumsalaaa…………mmm. Is geuning Nyi Inot tos ti mana Nyi?
Nyi Inot : Ah, ngahaja waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu?
Ceu Unéh : Can balik. Biasa wé, keur dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?
Nyi Inot : Ieuh Euceu! Tadi kuring tas ti kota, papanggih jeung Kang Ujé, keur leumpang duaan, jalan-jalan jeung awéwé!
Ceu Unéh : Jalan-jalan jeung awéwé? Enyaan Nyi?
Nyi Inot : Ih! Piraku kuring ngabohong, sumpahna ogé daék turun harga Elpiji. Enyaan Ceu! Kang Ujéna mah teu nyahoeun aya kuring, Da kahalangan ku tukang céndol.
Ceu Unéh : Emh! Padahal mah, itung-itung ngawakilan Euceu. Mun baledog wé ku batu, tong asa-asa!
Nyi Inot : Tukang céndol? Ah, rék naon teu pupuguh malédog tukang céndol.
Ceu Unéh : Lain tukang céndol… Si Ujé!
Nyi Inot : Awéwéna téh maké baju héjo Ceu. Leumpangna ogé maké ditangkeup, tah dikieu Ceu!
Ceu Unéh : Éta mah diangkat atuh…
Nyi Inot : Ah enya dikieu tah.
Ceu Unéh : Emh! Dasar lalaki atah adol. Puguh Euceu téh keur keuheul, Nyi Inot! Tadi peuting manggih potrét awéwé dina tanggungan peuyeum. Cik, ieu lain awéwéna nu jalan-jalan jeung si Ujé téh?
(Ceu unéh ngasongkeun potrét)
Nyi Inot : Haaa..rrr? Geuning ieu mah potrét ucing Ceu?
Ceu Unéh : Is, salah ieu …… ieu yeuh!
Nyi Inot : Tah enya, ieu Ceu!
Ceu Unéh : Emh, nurustunjung éta si Ujé. Ati-ati Siah…tempokeun. Lain turunan Garut mun Aing teu bisa ngalabrak lalaki anu ngaranna Ujé!

15+ NASKAH DRAMA SUNDA SINGKAT

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

(Buruan Kantor Kacamatan Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.)

Ato : (Ngaharéwos) Anén, komandoan!
Anén : (Luak-Lieuk, ngaharewos) Ngomandoan naon?
Ato : Na aya ku bodo ari amnéh! Ngomandoan ngagoro-wok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku manéh!
Anén : Naon nu rék digorowokeunana!
(Saréréa silih pelong siga bingung.)
Acid : Kieu wé atuh: Camaat, Kaluar! Tah, kumaha mun kitu!
(Saréréa unggut-unggutan tanda satuju. Anén maju ka hareup bari singkil.)
Anén : Hiji …. Dua ……
Ato : (Némpas) Ulah gancang teuing, bisi teu bareng. Kumaha mun anu ngagorowok tiheula nu katem-puhan?
Lamin : Ah loba teuing aturan! Geura sok-sok ka dinya, én!
Anén : Hijiiiii….. duaaaaa…… tiluuuuuuuuu!

(Urang lembur kontan tingcorowok nitah camat kaluar: Camaaaat kaluaaar…… camat kaluaaarr….Kaluar siah Camaaat! Ti jero kantor Kacamatan, pagawé kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi barang nempo loba jelema di luar bari tingcorowok, langsung ngararempod deui. Urang lembbur tuluy cocorowokan nitah camat sina kaluar. Teu lila pagawé kacamatan kalaluar deui bari pacekelcekel leungeun siga nu sieun. Sekwilmat nyoba-nyoba nenangkeun nu demonstrasi bari ngacung-ngacungkeun leungeun!)

DRAMA SUNDA CIUNG WANARA

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

KACARITAKEUN DUA PATIH SAKEMBARAN, PATIH PURAWESI JEUNG PURAGADING, SEJANA KA PASAMOAN, BAWANA HAYAM SAHIJI, PATEPUNG DI ALUN-ALUN JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Dék ka mana paman, bet ngaleut duaan?”
Patih : “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun paman? Kapan aing téh papatih?”
Ciung Wanara : “Disebut sia ku daék. Disebut paman gé mumul.”
Patih : “Naha manéh anak saha?”
Ciung Wanara : “Anak bapa.”
Patih : “Saha bapa manéh?”
Ciung Wanara : “Salaki indung.”
Patih : “Indung manéh téh saha?”
Ciung Wanara : “Kapan pamajikan Bapa.”

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM.

Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus teuing?”
Ciung Wanara : “Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog.”
Patih : “Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!”
Ciung Wanara : “Tah geuning buntutna.”
Patih : “Abong-abong.”
Ciung Wanara : “Ih, abong-abong mah songong.”

15+ CONTOH NASKAH DRAMA SUNDA

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Panggung poek. Sora bangkong tingborogodod. Lampu laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja. Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung, ngome buuk. Panggung remeng-remeng. Sora ti saluareun imah:

error: Content is protected !!