• CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    15+ CONTOH CARITA PONDOK SUNDA

    Geus sababaraha poé di imah téh huluwar-hiliwir waé bau bangké. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon. Kurah-koréh di buruan nu héjo ku kekembangan bisi aya oray atawa bangkong paéh, angger euweuh. “Naha naon nya Mah, nu matak bau téh?” ceuk kuring ka Mamah nu keur anteng kaprak-keprek di dapur. “Duka atuh, Mamah gé héran,” waler Mamah. “Ngan ku Mamah diperhatikeun, nu bau téh jolna ti garasi,” saur Mamah deui. “Ti garasi Mah?” kuring héran. “Enya, jung geura pariksa ku Tatan,” waler Mamah.

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    15+ CONTOH CARPON BASA SUNDA

    Geus saminggu dipaparin pancén ku Ibu Guru di sakola. Nepi ka ayeuna can sakotrét-kotrét acan. Mangkaning kudu dibawa poé isuk, bari kudu dibaca di hareup saurang-saurang. Basa keur kelas hiji kénéh mah asa teu beurat-beurat teuing pancén ngarang téh. Paling dititah nyaritakeun pangalaman poé pakanci. Gampang nu kitu mah. “Barudak, dina raraga miéling dibabarkeunna pahlawan wanoja Rd. Déwi Sartika, ogé dina raraga miéling Hari Ibu, hidep kudu nyieun karangan nu patali jeung kaum wanoja!” saur Bu Guru.

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    CONTOH CARPON SINGKAT BAHASA SUNDA

    Indung kuring geus lila hirup rarandaan, ngabayuan kulawarga ngandelkeun pangasilan tina buburuh nyeuseuh jeung ngistrika. Basa Bapa maot, Kang Iwan kelas tilu SMP, Ceu Wiwin kelas 1 SMP, Kang Jaka kelas 5 SD, ari kuring karék umur 3 taun. Ayeuna, Kang Iwan geus jadi Sarjana, sok nyieunan komik bacaeun barudak dibantuan ku Kang Jaka nu karek kuliah tingkat hiji. Ceu Wiwin mah lulusan SMK jurusan Tata Boga, ayeuna sok nyieunan kuéh-kuéh jajanan barudak, dititipkeun di warung sakola, bari ngeureuyeuh kuliah, geus tingkat dua. Pancén kuring mah mawa kuéh bari indit ka sakola, tuluy disimpen di warung, Néang sésa jeung ladangna mah sok langsung ku Ceu Wiwin.

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    CARPON SUNDA “TARAWEH”

    Geus datang deui bulan puasa. Kuring mah sok resep mun bulan puasa téh. Ari waktuna puasa mah teu pati resep, da sok lapar. Komo mun tengah poé, peujit téh tangka sok murilit bakating ku lapar. Tikoro tuhur balas hayang nginum. Awak lungsé taya tanaga. Titingalian gé sok ranyay teu puguh. Resepna mun waktuna buka. Sagala ngeunah rarasaan téh. Nginum cai hérang gé asa ngeunaaaaah pisan. Mun geus ngasaan mah boa asa cai surga ku ngeunah-ngeunahna. Mamah sok nyadiakeun és buah, nu dijieunna téh tina mélon, bléwah atawa bonténg suri, ager, rumput laut, jeung kawéni. Mani seger pisan. Mamah mah sagala ngadamel nyalira. Gulana sok ngahaja ngadamel seueur, tuluy dibotolan, disimpen…

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    CARPON SUNDA “ANAKING”

    Maju ka tengah peuting harita téh. Ngagolér di patengahan bari nyenyekel rémot. Bréh waé dina layar televisi berita pikaketireun. Warga manggihan orok dina jero kardus. Orok nu ngahaja dipiceun ku kolotna. Kardusna digolérkeun dinaluhureun wadah runtah di hareupeun hiji imah. Ya Alloh, saha jelemana atuh éta téh, téga-téga teuing miceun anak. Orok beureum teu tuah teu dosa, teu nyaho dinanaon bet kudu ngalaman nasib samodél kitu. Salila ngabandungan berita téh, hate mah ngagugudug. Nu miceun éta orok teu pantes disebut jelema. Dalah disebut sato gé teu pantes deuih, da teu kitu-kitu teuing. Ka anakna mah nyaaheun sato gé. Maung waé, sato nu panggalak-galakna, ari ka anakna mah apan sakitu hémanna.…

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    CONTOH UNSUR INTRINSIK CARPON SUNDA

    Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit. “Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun. Carpon di luhur téh kawilang unik. Boh masalahna boh cara nyaritakeunana. Pikeun nyangkem carpon di luhur, jawab heula pertanyaan ieu di handap!

  • MATERI CARITA PONDOK SUNDA
    CARITA PONDOK,  MATERI CARITA PONDOK,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI CARITA PONDOK

    Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna. 1. Naon anu dimaksud carita pondok? 2. Naon nu dimaksud carpon kaasup carita…

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    CONTOH CARITA PONDOK SUNDA DAN UNSUR INTRINSIKNYA

    Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit. “Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun. “Saban Aki ka dieu, kaleresan aya wéh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dén?” saur Aki Uki bari ngalémétan réméh. Nu dialem akonakon teu ngadangu. Kalah tumaros.

  • MATERI CARITA PONDOK SUNDA
    CARITA PONDOK,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    KUMPULAN MATERI CARITA PONDOK SUNDA

    Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna.

error: Content is protected !!