MATERI WARTA BAHASA SUNDA SMA KELAS 11
Kecap warta atawa berita asalna tina basa Sansekerta viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian. Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung. Warta téh bisa dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi peristiwana, sipatna, jeung topikna.
Warta teu ukur nepikeun béja ngeunaan peristiwa kiwari jeung nu kamari, tapi deuih sakapeung mah sok mangaruhan ka nu narimana, boh nu maca boh nu ngaregepkeun. Umumna warta diwawarkeun dina media massa, kayaning surat kabar, majalah, radio, jeung televise. Malahan mah di jaman kiwari geus bisa dipaluruh dina internet.