KAWIH SUNDA NYAETA?
Upama nilik unsurna, rumpaka kawih ogé teu béda jeung unsur nu aya dina sajak atawa puisi, di antarana aya rasa, nada, amanat. jeung téma.
(1) Rasa ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih. Unggal kawih anu diregepkeun atawa dibaca tangtu bakal ngébréhkeun rasa anu béda. Ieu téh balukar bédana pasualan, kajadian, atawa kaayaan anu disanghareupan ku nu nulis rumpaka kawih. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka. Geura ilikan sempalanana ieu di handap.
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantélan geuning ku saputangan …
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoréng mah aduh geuning jungjunan …