LAPORAN KAGIATAN
KARYA WISATA KA SUMEDANG
Bapa Kepala Sakola SMA Negri 10 Bandung nandeskeun ka para siswa, yén dina ngayakeun karyawisata téh, henteu salawasna kudu indit ka tempat anu jauh. Angot lamun tujuan karya wisata téh maksudna pikeun mikawanoh hiji tempat. Saméméh mikawanoh anu jarauh téh, leuwih hadé wanoh heula ka patempatan anu deukeut.
“Ulah Yogyakarta didatangan, ari Sumedang henteu,” saur Bapa Kepala Sakola.
Mimitina mah paramurid téh silih rérét.
“Ma enya Bapa, karyawisata ka Sumedang?” ceuk salahsaurangmurid.
“Éta hidep geus apal potensi naon baé anu aya di Sumedang, boh objek wisatana, boh sajarahna, boh kamajuan sosial ekonomi katut budayana?” saur Bapa Kelapa Sakola. Bep paramurid jarempling.
“Cing Bapa rék nanya, ari di Yogyakarta aya naon baé?” saur Bapa Kepala Sakola. Atuh murid-murid papaheula ngasongkeun kanyahona,
“Aya Candi Borobudur!”
“Aya Karaton Kasultanan!”
“Aya Baphia Pathok, Pa!”