• PANGALAMAN PRIBADI SUNDA

    PANGALAMAN PRIBADI SUNDA SINGKAT

    Wasta abdi, Hastian. Pangaresep atanapi hobi abdi kaétang seueur, kantenan apan abdi mah kasebat urang lembur, jadi resep ameng rupirupi kaulinan urang lembur wé sapertos medar langlayangan, ngadu kaléci, panggal, gatrik, jajangkungan sareng barén. Abdi gé resep ngurek sareng nguseup deuih. Ari peré sakola sok kanjat dua iangan ngurek téh, isuk-isuk jeung burit, bubuhan seueur pasawahan di lembur abdi mah, laléndo seueur belutan. Pami nguseup mah resepna ari tos hujan, sok mapay-mapay susukan, pan tos hujan mah caina kiruh ngagulidag, lauk téh sok laliar ari tos hujan mah. Di nu caina rada linduk sakapeung mah sok clom giriwil, kitu wé bangsaning bogo, jaér, sareng lélé. Perkawis cita-cita, sakapeung mah sok…

  • PANGALAMAN PRIBADI SUNDA

    CONTOH PANGALAMAN PRIBADI SUNDA

    Nami abdi Sonya . Saur Mamah mah abdi teh budak pikalucueun.Awak abdi mah begang,tapi jangkung rada-rada geulis, mirip Luna Maya, saurna .Rerencangan sering moyokan abdi Si Gantar nu geulis.Ayeuna abdi sakola di SMP Sukarajin. Waktu istirahat ,sapertos biasa abdi sareng rerencangan sok jarajan.Saparantos jarajan, biasana barudak teh sok siliheureuyan aya nu silitoel, silihudag,atanapi sok silihpoyokan.Harita ge teu pupuguh aya rerencangan nu moyokan abdi.Abdi teh bendu ,da sok keuheul ari dipoyokan Si Gantar teh.Teras eta rerencangan nu moyokan teh diudag. Keuheul oge, da lumpatna tarik teu kaudag.Waktos abdi ngudag rerencangan, soca teh rada balangah, teu ningal ka payuneun.Na atuh teu disangki-sangki , bet tabrakan sareng Riska nu salirana ageung kacida.Atuh abdi…

  • PANGALAMAN PRIBADI SUNDA

    PANGALAMAN PRIBADI SUNDA TENTANG LIBURAN

    Wasta abdi Sundari . Dina ieu waktos bade ngadugikeun pangalaman anu karandapan ku abdi sasasih kalangkung waktos Piknik Ka Situ Bagendit. Waktos harita teh nembe dua dinten abdi pere sakola. Abdi sakulawargi piknik ka Situ Bagendit. Mios teh kinten-kinten tabuh tujuh enjing-enjing..Abdi sakulawargi mios teh ngahaja tumpak delman.Maksadna mah supados tiasa ningal kaendahan alam sapaparat jalan. Di sisi jalan katingal sawah upluk - aplak .Parena sumedeng rampak.Mobil pasuliwer, seuseueurna mah mobil pribadi nu bade piknik ka Situ Bagendit.Aya eta oge hiji dua nu kana delman sapertos abdi .

  • PANGALAMAN PRIBADI SUNDA

    CONTOH TEKS PANGALAMAN PRIBADI BAHASA SUNDA

    Wasta abdi Sulastri . Dina danget ieu , abdi bade ngadugikeun pangalaman sasasih kalangkung Waktos Kahujanan . Dina dinten Salasa ,ping 20 Agustus 2013 abdi mios ka sakola teh sorangan,margi kakakantun ku rerncangan.Leumpang teh rurusuhan da sieun kasiangan .Di satengahing jalan , breg teh hujan ageumg pisan .Kaleresan abdi teu ngabantun pajeng ,atuh abdi teh rancucut kahujanan. Dugi ka sakola abdi kabulusan, sakujur badan ngagibrig .Abdi atuh teu wantun lebet ka kelas ,da bilih ngaganggu ka nu sanes. Jabi ti kitu, dina lebetna oge moal konsentrasi diajarna. Pangpangna deuih teu kiay ku isin.Upami teu lebet , sok bilih dialpakeun. Abdi nguliwed ka jamban

error: Content is protected !!