ARTIKEL SUNDA: PERKARA CIRI PAPASINGAN & CONTO
Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfi ksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat di media massa. Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian.
Artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rékréatif). Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa nulis artikel, kalawan topik anu bébas, saluyu jeung minat sarta widang kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang ditepikeun ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur jeung mangaruhan nu maca.