DONGENG SUNDA SINGKAT
Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki, ari adina awéwé. Ari imahna deukeut hiji leuweung nu loba tangkal bubuahan anu ngareunah, kayaning pari, kupa, huni, pining jeung salianna.
Dina hiji mangsa, barudak téh rék ngala buah kupa ka leuweung. Barang datang ka leuweung, ceuk lanceukna, “Nyai, Akang arék ngala bubuahan, ku nyai pulungan.”
“Heug Akang,” ceuk adina.
Térékél budak téh naék. Barang keur jongjon ngala kupa, léor aya oray sanca, nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar lambar, nyarandé kana catang.