• BIANTARA SUNDA

    CONTOH TEKS PIDATO PERPISAHAN BAHASA SUNDA

    Hadirin hormateun simkuring, danget ieu téh wuwuh kebek ku ka bingah sareng kabagjaan. Rehing siswa-siswi kelas XII parantos tamat di ajar, nyukcruk élmu di ieu sakola. Enggoning diajar ngulik pangarti nyiar pangabisa di ieu sakola. Kantenan ieu téh hiji kareueus kanggo urang nu janten sepuhna.

  • BIANTARA SUNDA

    CONTOH TEKS PIDATO (BIANTARA) BAHASA SUNDA

    Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, Dina danget ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan Jabar Masagi. Naon ari nu dimaksud Jabar Masagi teh? Jabar Masagi teh nyaeta salah sahiji program pendidikan karakter anu diciptakeun ku Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil. Kecap “masagi” ngandung filosofi anu jero pisan, nyaeta kumaha jelema ngubah diri janten kuat, ajeg, jeung sarempag tina pikiran, parasaan, jeung paripolah. Ku ayana program Jabar Masagi, Ridwan Kamil miboga harepan nyieun program ieu tiasa ngabekelan ajen inajen pikeun peserta didik di Jawa Barat. Jadi, aranjeunna teh lain saukur pinter dina elmu akademik hungkul, tapi oge miboga paripolah anu hade janten generasi emas anu tangguh, cerdas, jeung miboga karakter.

  • BIANTARA SUNDA

    CONTO TEKS BIANTARA BASA SUNDA

    Girang pangajén pasanggiri biantara anu ku simkuring dipikahormat Ibu, Bapa, Sadérék sadayana, ogé réréncangan rumaja anu ku simkuring dipikahormat.Ngadegna simkuring dina danget ieu, payuneun para sepuh miwah para tamu anu sami rauh, taya sanés seja ngring jabung tumalapung sabda kumapalang. Simkuring didieu sanés badé mapatahan ngojai ka meri sabab sikuring rumasa taya kabisa. Sanggem paripaos na mah étang-étang lauk buruk milu mijah. Nanging sok sanaos simkuring suwung ku pangaweruh, subda ku pangabisa simkuring baris nyobi ngaguar ieu téma biantara anu unina ngawewegan karakter nonoman Sunda.

  • BIANTARA SUNDA

    15+ BIANTARA PATURAY TINEUNG BASA SUNDA

    Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh Bapa Kapala Sakola anu ku sim kuring dipihormat, Bapa kalih Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Hadirin tamu uleman, ogé anu ku sim kuring dipihormat, Sadérék sadaya kelas salapan sareng adi-adi kelas tujuh sareng kelas dalapan, anu ku sim kuring dipikacinta. Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah Swt. Solawat sinareng salam mugi ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammah saw. Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun, tos dipaparin kasempetan ngadeg di dieu, kanggo ngawakilan sadaya siswa/siswi kelas salapan ngadugikeun gerentes haté ti sim kuring sadaya anu badé ngantunkeun ieu sakola. Dinten ieu téh panginten dinten…

  • BIANTARA SUNDA

    CONTOH BIANTARA SUNDA SINGKAT

    Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabaarokaatuh. Bapa Pembina OSIS anu ku sim kuring dipihormat, Bapa/Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Saderek sadaya réngréngan pangurus OSIS anu ku sim kuring dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedalkeun puji sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat kalayan séhat wal’afiat. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Hadirin anu sami linggih, Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ku kasumpingan sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu. Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang ngariung téh nyaéta badé ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling tepung taun kemerdékaan Indonésia. Sok sanaos…

  • BIANTARA SUNDA

    BIANTARA SUNDA TENTANG KESEHATAN

    Assalamu’alaikum wr. wb. Sampurasun! Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw. Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi anu badé didugikeun dina biantara sim kuring téh nyaéta perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”. Hadirin hormateun sim kuring. Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos generasi sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak,…

  • BIANTARA SUNDA

    BIANTARA SUNDA SINGKAT

    Assalamu’alaikum wr. wb., Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru. Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu.…

  • BIANTARA SUNDA

    CONTOH BIANTARA SUNDA

    Puji sinareng sukur, mangga urang sanggakeun ka Alloh Subhanallahu wa Ta’ala, anu parantos maparinan kaséhatan ka urang sadaya dugi ka tiasa kempel di ieu rohangan kalayan aya dina kaayaan séhat wal’afiat. Solawat sinareng salam mugia salamina nganteng ka jungjunan alam Nabi Muhammad Shallalahu ‘alaihi wassalam. Hadirin anu dipihormat, sateuacan sim kuring neraskeun sasanggem, langkung ti payun seja ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo nyanggem dina ieu mimbar. Teu hilap, abdi ogé ngahaturkeun nuhun ka Bapa Kepala Sakola, Bapa sareng Ibu Guru, ogé ka réréncangan sadaya anu parantos ngabantos sareng ngarojong kana ieu kagiatan. Salajengna, sim kuring neda widi seja ngalaporkeun sawatara hal anu…

  • BIANTARA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    BIANTARA SUNDA NYAETA?

    Biantara téh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian panutupna. Dina bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku sampurasun. Ti dinya ditéma ku mukadimah, kitu gé mungguh keur muslim, nyaéta bubuka anu dieusi ku omongan muji ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh (da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget). Ti dinya ditéma deui ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré…

  • BIANTARA SUNDA

    15+ CONTOH NASKAH BIANTARA BAHASA SUNDA

    Sugrining puji kalih syukur urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi, Alloh Subhanahuata’ala, anu parantos maparin taofik sareng hidayah ka urang sadaya, maparin nikmat alit ni’mat ageung nu taya kendatna dugi ka urang tiasa riung kempel di ieu tempat teu aya sanés anging ku kudrat sareng irodat ti manten-Na. Ogé teu hilap solawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka paduka alam jungjungan urang sadaya, nyatana Habibana Wanabiyana Muhammad Saw., ka sadaya kulawargan, ka para sahabatna, tug tiasa dugi ka urang sadaya salaku umatna, mudah-mudahan kéngéng safatul uzma ti mantennta engké di yaumal zaja walhisab, amin ya robbal alamin.

  • BIANTARA SUNDA,  MATERI BIANTARA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA

    Dina kamus basa Sunda R.A. Danadibrata (2006), yén nu disebut biantara téh nyaéta kagiatan nyarita hareupeun kumpulan jelema. Biantara atawa pidato ogé disebutkeun mangrupa nyarita dihareupeun balaréa, jalma réa (Sacadibrata,2005:72). Teu saeutik jalma nu rampang-reumpeung upama dibéré pancén nyarita atawa biantara di hareupeun jalma réa. Bingung, naon anu kudu dicaritakeunana. Métode nyarita ngawengku: (1) métode impromtu, (2) métode naskah/manuskrip, (3) métode ékstémporan, jeung (4) métode ngapalkeun/memoritér.

error: Content is protected !!