SISINDIRAN PAPARIKAN PIWURUK

Paparikan Piwuruk:
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar tipeuting
Osok loba gogodana

Melak suplir makè huut,
dibawa ka Cicalèngka,
Ari nyupir ulah ngebut,
kumaha lamun cilaka?

Kacapanon dina jukut,
geus ruksak rèk diomèan.
Ku naon abdi bet ngebut,
apan keur ngudag setoran

WAWANGSALAN

Conto Wawangsalan
Abdi mah caruluk Arab
Henteu tarima téh teuing.
(wangsalna : Korma)
Paribasa petis Cina
Hayang nepi ka cacapna
(wangsalna : Kecap)
Mesin ketik siga tivi
Nyimpen data meni pinter
( wangsalna : Komputer )
Bibika tipung tarigu
Ku engkang tacan kahart
(wangsalna : Roti)

SISINDIRAN PAPARIKAN SESEBRED

Paparikan Sésébréd (heureuy)
Poe saptu poé kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha itu murilkumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan

Saninten reujeung japilus
Ka Cinisti dipapaykeun
Ari peunteun hayang alus
Tatapi anti ngapalkeun

Korék api dijajarkeun
Dikuatan dikarétan
Sanés abdi teu ngapalkeun
Kabéngbat ku internétan

SISINDIRAN PAPARIKAN SILIH ASIH

Paparikan silih asih :
Aya meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur

Isukna muka komputer
diseuseulan ku Bu Lilis
Rina mah sanés mung pinter
katambihan ogé geulis…

Sanaos ka Haur geulis
Andi mah resep ka Cina
Sanaos Néng Nunur geulis
Andi mah resep ka Rina

Mandi isuk rada beurang
Tampian jalanna nanjak
Andi atos terus terang
Badé ditampi, ditolak?

SISINDIRAN RARAKITAN SESEBRED

rarakitan sésébréd ( heureuy)
Majar manéh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkéh konéng
Kulit beuteung mani nambru

Rarasaan cengkéh konéng
Kulit peuteuy dina nyiru
Rarasaan lengkéh konéng
Kulit beuteung mani nambru

Najan peuteuy dina nyiru
Sakoteng dibawa muter
Najan kulit beuteung nambru
Da ganteng katambah pinter

SISINDIRAN RARAKITAN SILIH ASIH

rarakitan silih asih
Daék sotéh ka cinangka
Ka cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka nu dipita
Kanu itu mah teu purun

Kajeun teuing huntu punglak
Asal ulah nyanyautan
Kajeun kuring geus disentak
Asal ulah ngabaeudan

SISINDIRAN RARAKITAN PIWURUK

rarakitan piwuruk
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat

Kudu getol neukteuk kuku
ngarah pinter lamun dangdan
kudu getol maca buku
ngarah pinter jiga Dadan

15+ BIANTARA PATURAY TINEUNG BASA SUNDA

Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh

Bapa Kapala Sakola anu ku sim kuring dipihormat,

Bapa kalih Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,

Hadirin tamu uleman, ogé anu ku sim kuring dipihormat,

Sadérék sadaya kelas salapan sareng adi-adi kelas tujuh sareng kelas dalapan, anu ku sim kuring
dipikacinta.

Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah Swt. Solawat sinareng salam mugi ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammah saw.

Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun, tos dipaparin kasempetan ngadeg di dieu, kanggo ngawakilan sadaya siswa/siswi kelas salapan ngadugikeun gerentes haté ti sim kuring sadaya anu badé ngantunkeun ieu sakola.

Dinten ieu téh panginten dinten anu pikabungaheun ogé pikasediheun kanggo sim kuring sadaya mah. Bingah kumargi sim kuring sadaya parantos lulus ti ieu sakola saparantos tilu taun jungkel jumpalik diajar. Ari sedihna, nya tangtos baé ku sadayana ogé kateguh, kedah papisah sareng Bapa/ Ibu Guru ogé adi-adi kelas tujuh sareng kelas dalapan anu ku sim kuring sadaya dipikacinta.

CONTOH BIANTARA SUNDA SINGKAT

Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabaarokaatuh.

Bapa Pembina OSIS anu ku sim kuring dipihormat,

Bapa/Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,

Saderek sadaya réngréngan pangurus OSIS anu ku sim kuring dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedalkeun puji sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat kalayan séhat wal’afiat. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.

Hadirin anu sami linggih,

Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ku kasumpingan sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu. Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang ngariung téh nyaéta badé ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling tepung taun kemerdékaan Indonésia. Sok sanaos ari kana derna acara puncak mah masih kénéh lami, nanging ari tatahar mah kedah ti ayeuna kénéh.

BIANTARA SUNDA TENTANG KESEHATAN

Assalamu’alaikum wr. wb.
Sampurasun!

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi anu badé didugikeun dina biantara sim kuring téh nyaéta perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”.

Hadirin hormateun sim kuring.

Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos generasi sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak, bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?

BIANTARA SUNDA SINGKAT

Assalamu’alaikum wr. wb.,
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim
kuring.

Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.

Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.

CONTOH BIANTARA SUNDA

Puji sinareng sukur, mangga urang sanggakeun ka Alloh

Subhanallahu wa Ta’ala, anu parantos maparinan kaséhatan ka urang sadaya dugi ka tiasa kempel di ieu rohangan kalayan aya dina kaayaan séhat wal’afiat.

Solawat sinareng salam mugia salamina nganteng ka jungjunan alam Nabi Muhammad Shallalahu ‘alaihi wassalam.

Hadirin anu dipihormat, sateuacan sim kuring neraskeun sasanggem, langkung ti payun seja ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo nyanggem dina ieu mimbar.

Teu hilap, abdi ogé ngahaturkeun nuhun ka Bapa Kepala Sakola, Bapa sareng Ibu Guru, ogé ka réréncangan sadaya anu parantos ngabantos sareng ngarojong kana ieu kagiatan.

Salajengna, sim kuring neda widi seja ngalaporkeun sawatara hal anu aya patalina sareng ieu kagiatan anu badé dilaksanakeun.

DONGENG SAGE SUNAN GUNUNG JATI BAHASA SUNDA

DONGENG SUNDA SI KABAYAN

Saujaring carita, Sunan Gunung Jati kantos bumén-bumén di nagri Cina. Nyebarkeun agama Islam, malah dugi ka muka pasantrén. Sajaba ti ngawulangkeun bagbagan agama Islam, Sunan Gunung Jati ogé kaceluk tiasa nujum, cariosanana saucap nyata, saciduh metu. Tina katiasana, atuh rokaya santri-santrina beuki seueur baé, geus karuhan nu ngadon tataros mah beurang- peuting teu weléh ngabrul.

Kocapkeun maharaja Cina terangeun yén di nagrina aya waliullah anu nyebarkeun agama Islam. Terangeun ogé kana katiasana, najan dina manahna tetep masih cangcaya. Malah anu dipikapaur mah, pangpangna sieun kaéléhkeun pangaruh. Laju Sang Maharaja téh milari akal pikeun ngusir Sunan Gunung Jati maké jalan lemes.

DONGENG SUNDA SASATOAN

DONGENG SUNDA SI KABAYAN

Ajag Nangtang Jelema Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta, geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang, leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung.

“Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag, “Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik . . .” pokna deui bari angger babaung.

Sakadang peucang reuwas nataku, tapi gancang mindingan kareuwasna.

DONGENG SASAKALA GUNUNG KENDANG BAHASA SUNDA

DONGENG SUNDA SI KABAYAN

Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakon nu dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang ku dalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna. Sabab lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang.

Tapi Ki Sutaarga keukeuh peuteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayar sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna.
Pok Ki Dalang sasauran, “Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar ti heula.”

error: Content is protected !!