MATERI IKLAN LAYANAN MASARAKAT SMP KELAS 7
Wawaran (basa Indonésia: pengumuman), nyaéta naon-naon anu diwawarkeun atawa dibéjakeun ka balaréa. Tujuanana sangkan wawaran atawa berita anu diumumkeun nepi ka jalma anu ditujuna, utamana mah masarakat. Bewara téh bisa ditepikeun ku cara lisan bisa ku cara tulis. Béwara lisan sok ditepikeun langsung atawa ngaliwatan radio jeung televisi. Bewara tulisan diumumkeun dina wangun tulisan, biasana ditapelkeun dina tangkal, témbok, jeung bor pengumuman, atawa aya dina koran, majalah, buku, internet, jeung HP.
Tina dua katerangan di luhur bisa disebutkeun yén iklan ogé kaasup kana béwara, nyaéta pada-pada nepikeun informasi, tapi leuwih nyoko kana mangaruhan (pérsuasi) tur dagang (bisnis). Babandingan iklan jeung bewara ébréh dina tabel ieu di handap.
Dina koran, majalah, atawa radio jeung televisi sok kabaca, kadéngé, atawa katempo rupa-rupa iklan. Dina dasarna iklan téh mangrupa wacana anu eusina mangaruhan jalma lian sangkan milampah naon naon nu diiklankeun téa. Ku kituna, iklan téh kaasup kana wacana pérsuasif.