MATERI DRAMA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9
1. PERKARA DRAMA
Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun Kamus LBSS, drama (basa Walanda) nyaéta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi bisa dicindekkeun yén drama téh nyaéta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran).
2. CIRI DRAMA
Drama mibanda ciri pangutamana, nyaéta ayana konflik atawa émosi nu husus disusun pikeun pertunjukan téater. Drama ogé kaasup kana sastra lalakon, sabab nu digambarkeun dina drama mah paripolah palaku. Para palaku téh langsung maén (lahir jeung batinna), sarta dina paguneman (dialog), atawa ngomong jeung dirina sorangan (monolog).
Drama mah béda jeung dina carita (kisah atawa narasi), saperti novel, carita pondok, jeung carita pantun, anu dina nepikeun paripolah palaku ku jalan dicaritakeun ku nu lian, nyaéta ku juru catur. Ari dina drama mah éta téh dilampahkeun jeung diomongkeun ku palakuna sorangan. Paripolah palaku ngurung paripolah jasmani jeung rohani. Éta paripolah téh aya anu ditulis ku pangarang, nyaéta pituduh laku. Contona: