50+ CONTOH IKLAN LAYANAN MASARAKAT SUNDA

15+ CONTOH IKLAN LAYANAN MASARAKAT SUNDA

REBO NYUNDA NANJEURKEUN BANDA BUDAYA BANGSA
KARAHARJAAN MASARAKAT GUMANTUNG TARTIBNA MAYAR PAJAK
PICEUN RUNTAH KANA WADAHNA
GUNAKEUN CAI SAPERLUNA
GUNAKEUN SABUK PANGAMAN WAKTU NYUPIRAN
TARASI OHIM TEU AYA DUANA
WANOJA SAJATI MATRI DIRI KU WEDAK POHACI
PAWESTRI RAKSUKAN PARA WIDADARI
FACEBOOK NAMBAH KANCA MITRA
LANGEN SARI PADUMUKAN URANG SUNDA
Perpustakaan lain tempat ngobrol!
Piceun runtah kana tempatna!
Sakumna pengurus OSIS wajib hadir poé Saptu, wajib!
Etang heula artosna sateuacan ngantunkeun kasir
Parkir di tempat nu geus disadiakeun

50+ KUMPULAN SOAL IKLAN LAYANAN MASARAKAT

50+ KUMPULAN SOAL IKLAN LAYANAN MASARAKAT

1. Iklan layanan masarakat téh iklan anu sifatna :
A. Komérsil
B. Non komérsil
C. pribadi
D.rugi
2. Salah sahiji ciri iklan layanan masarakat nya éta ngandung unsur :
A. Produk
B. Profit
C. Untung
D. Sosial
3. Nu kaasup iklan layanan Masarakat dumasar intonasina,nya éta iklan :
A. Ngagorowok
B. kuantitatif
C. Kualitatif
D. Paréntah

IKLAN LAYANAN MASARAKAT : RUPA WANGUN CIRI & PADIKA

IKLAN LAYANAN MASARAKAT : RUPA WANGUN CIRI & PADIKA

Assalamualaikum wr wb
Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id

IKLAN LAYANAN MASARAKAT : KOMERSIL TINULIS AUDIO & VISUAL

IKLAN LAYANAN MASARAKAT SMP KELAS 7

Iklan layanan masarakat, biasana aya nu eusina mangrupa wawaran (ngabéjaan) aya ogé eusina ngajak jeung ngingetan. Wawaran, mun ceuk basa umumna mah “pengumuman” téa, anu tujuanana pikeun ngabéjaan atawa nandeskeun ngeunaan hiji hal anu perlu dipikanyaho, perlu dipigawé atawa teu meunang dipigawé ku ma sarakat. Nu nyieun wawaran perlu nandeskeun deui, pikeun ngajaga katartiban saréréa, sangkan batur anu sarua ngagunakeun éta tempat henteu ngarasa kaganggu. Ku sabab ditujukeunana ka jalma réa téa, biasana wawaran téh sok dipasang di tempat-tempat umum.
Lamun urang ulin ka tempat tempat umum saperti pom bensin, mall, masjid, atawa perpustakaan, biasana sok aya wawaran anu ditémpélkeun, anu eusina nandeskeun deui naon anu bisa atawa teu meunang dipigawé di éta tempat, lantaran bisi ngaganggu ka anu séjén, anu sarua ngagunakeun éta tempat. Éta wawaran biasana ditulis dina basa Indonésia atawa basa Inggris. Anu ku basa Sunda mah langka, dalah di Jawa Barat ogé langka kapanggih. Upamana unggal asup ka mall anu tiis ku AC, sok aya waé wawaran anu unina: No Smoking! cenah. Di pom bensin mah sok ditambahan, jadi: No Smoking Area! Eta wawaran ditulis pikeun ngabéjaan ka sing saha waé anu aya di wewengkon pom bensin, ulah ngaroko di éta tempat, lantaran ngabahayakeun kana kasalametan saréréa.

MATERI IKLAN LAYANAN MASARAKAT SMP KELAS 7

MATERI IKLAN LAYANAN MASARAKAT KELAS 7

Wawaran (basa Indonésia: pengumuman), nyaéta naon-naon anu diwawarkeun atawa dibéjakeun ka balaréa. Tujuanana sangkan wawaran atawa berita anu diumumkeun nepi ka jalma anu ditujuna, utamana mah masarakat. Bewara téh bisa ditepikeun ku cara lisan bisa ku cara tulis. Béwara lisan sok ditepikeun langsung atawa ngaliwatan radio jeung televisi. Bewara tulisan diumumkeun dina wangun tulisan, biasana ditapelkeun dina tangkal, témbok, jeung bor pengumuman, atawa aya dina koran, majalah, buku, internet, jeung HP.

Tina dua katerangan di luhur bisa disebutkeun yén iklan ogé kaasup kana béwara, nyaéta pada-pada nepikeun informasi, tapi leuwih nyoko kana mangaruhan (pérsuasi) tur dagang (bisnis). Babandingan iklan jeung bewara ébréh dina tabel ieu di handap.

Dina koran, majalah, atawa radio jeung televisi sok kabaca, kadéngé, atawa katempo rupa-rupa iklan. Dina dasarna iklan téh mangrupa wacana anu eusina mangaruhan jalma lian sangkan milampah naon naon nu diiklankeun téa. Ku kituna, iklan téh kaasup kana wacana pérsuasif.

IKLAN LAYANAN MASARAKAT SUNDA

IKLAN LAYANAN MASARAKAT SUNDA

Iklan layanan masarakat (bahasa Inggris: Public Service Ad atau Public Service Announcement sering disingkat PSA) nyaéta iklan anu ngébréhkeun wawaran-wawaran sosial tur mibanda tujuan pikeun numuwuhkeun karancagéan di kalangan masarakat dina ngungkulan rupa-rupa masalah, nya éta kaayaan nu bisa ngancam katartiban umum.

error: Content is protected !!