50+ KUMPULAN SOAL DRAMA SUNDA SMP KELAS 9

50+ KUMPULN SOAL DRAMA SUNDA KELAS 7

1. Naskah drama téh karya sastra anu ditulisna dina
wangun ….
a. narasi
b. pupuh
c. paguneman
d. sajak

2. Péréléan palaku dina naskah drama sok ditulisna dina
bagian ….
a. awal naskah
b. ahir naskah
c. tengah-tengah naskah
d. awal jeung ahir naskah

3. Sabaraha urang ari palaku dina naskah drama?
a. saurang
b. tilu urang
c. dua urang
d. leuwih ti saurang

DRAMA SUNDA: PALAKU BABAK CANDRAAN PROLOG & EPILOG

DRAMA SUNDA PALAKU BABAK CANDRAAN EPILOG

Carita drama, atawa anu populér ku sebutan naskah drama, mangrupa wangun karya sastra anu ditulis maké basa paguneman (dialog). Saluyu jeung ngaranna, naskah drama téh ditulis keur kaperluan midangkeun pagelaran drama.

Ditilik tina jihat strukturna, naskah drama téh sahenteuna diwangun ku genep aspék:

Palaku téh nyaéta jalma anu ngalalakon dina naskah drama. Palaku dina naskah drama bisa dua urang, bisa ogé leuwih ti dua urang (welasan jalma atawa puluhan jalma). Lamun palakuna ngan saurang, disebutna drama monolog.

DRAMA SUNDA: PERKARA CIRI WANGUN & TEKS NASKAH

MATERI DRAMA BAHASA SUNDA

drama, nyaéta karangan anu ditulis dina wangun paguneman antara tokoh-tokohna, biasana sok dipintonkeun dina luhur panggung. Dina sastra Sunda drama kaasup karya anu anyar. Disebut anyar téh ayana béh dieu. Saméméh aya drama, di tatar Sunda geus aya gending karesmén jeung sandiwara atawa nu sok disebut tunil tea, aya ogé anu disebut longsér. Ka dieunakeun aya seni teater. Nu disebut gending karesmén, nyaéta drama anu paguneman antar tokohna téh dilagukeun.

Drama mah mangrupa gabungan tina sagala cabang seni. Aya seni tari, seni suara, seni peran, seni musik, seni rupa, jeung seni sastra. Panglengkepna wé, da sagala cabang seni aya dina drama. Unsur-unsur drama sarua jeung karya sastra séjénna, aya palaku, latar, galur, jeung téma. Anu kaasup garapan seni sastra mah naskah dramana.

Drama kaasup sastra lalakon, lantaran karangan drama ngébréhkeun paripolah palaku. Para palaku sina meta (meran keun hiji tokoh) sarta maguneman (dialog) jeung palaku séjénna. Jadi carita téh katémbong dina paripolah jeung omongan pa ra palaku. Ieu anu ngabédakeun antara drama jeung carita rékaan lianna, upamana baé novél atawa carita pondok anu ngébréhkeun paripolah palaku ku cara dicaritakeun ku juru catur (pangarang)

MATERI DRAMA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9

MATERI DRAMA SUNDA KELAS 7

1. PERKARA DRAMA
Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun Kamus LBSS, drama (basa Walanda) nyaéta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi bisa dicindekkeun yén drama téh nyaéta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran).
2. CIRI DRAMA
Drama mibanda ciri pangutamana, nyaéta ayana konflik atawa émosi nu husus disusun pikeun pertunjukan téater. Drama ogé kaasup kana sastra lalakon, sabab nu digambarkeun dina drama mah paripolah palaku. Para palaku téh langsung maén (lahir jeung batinna), sarta dina paguneman (dialog), atawa ngomong jeung dirina sorangan (monolog).
Drama mah béda jeung dina carita (kisah atawa narasi), saperti novel, carita pondok, jeung carita pantun, anu dina nepikeun paripolah palaku ku jalan dicaritakeun ku nu lian, nyaéta ku juru catur. Ari dina drama mah éta téh dilampahkeun jeung diomongkeun ku palakuna sorangan. Paripolah palaku ngurung paripolah jasmani jeung rohani. Éta paripolah téh aya anu ditulis ku pangarang, nyaéta pituduh laku. Contona:

DRAMA SUNDA

Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20.

Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor.

MATERI DRAMA BAHASA SUNDA

MATERI DRAMA BAHASA SUNDA

Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan).

Istilah drama, asalna téh tina basa Yunani, dramoi, hartina ni ru-niru. Kitu deui téater, asalna tina basa Yunani, teatron, harti na tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna). Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Jawa, sandi (rusiah), wara(h), hartina pangajaran atawa atikan. Hartina sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunana sacara samar atawa disilibkeun (dirusiahkeun).

error: Content is protected !!