• 50+ KUMPULN SOAL DRAMA SUNDA KELAS 7
    DRAMA SUNDA,  KUMPULAN SOAL BASA SUNDA

    50+ KUMPULAN SOAL DRAMA SUNDA SMP KELAS 9

    1. Naskah drama téh karya sastra anu ditulisna dina wangun …. a. narasi b. pupuh c. paguneman d. sajak 2. Péréléan palaku dina naskah drama sok ditulisna dina bagian …. a. awal naskah b. ahir naskah c. tengah-tengah naskah d. awal jeung ahir naskah 3. Sabaraha urang ari palaku dina naskah drama? a. saurang b. tilu urang c. dua urang d. leuwih ti saurang

  • DRAMA SUNDA PALAKU BABAK CANDRAAN EPILOG
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DRAMA SUNDA: PALAKU BABAK CANDRAAN PROLOG & EPILOG

    Carita drama, atawa anu populér ku sebutan naskah drama, mangrupa wangun karya sastra anu ditulis maké basa paguneman (dialog). Saluyu jeung ngaranna, naskah drama téh ditulis keur kaperluan midangkeun pagelaran drama. Ditilik tina jihat strukturna, naskah drama téh sahenteuna diwangun ku genep aspék: Palaku téh nyaéta jalma anu ngalalakon dina naskah drama. Palaku dina naskah drama bisa dua urang, bisa ogé leuwih ti dua urang (welasan jalma atawa puluhan jalma). Lamun palakuna ngan saurang, disebutna drama monolog.

  • MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DRAMA SUNDA: PERKARA CIRI WANGUN & TEKS NASKAH

    drama, nyaéta karangan anu ditulis dina wangun paguneman antara tokoh-tokohna, biasana sok dipintonkeun dina luhur panggung. Dina sastra Sunda drama kaasup karya anu anyar. Disebut anyar téh ayana béh dieu. Saméméh aya drama, di tatar Sunda geus aya gending karesmén jeung sandiwara atawa nu sok disebut tunil tea, aya ogé anu disebut longsér. Ka dieunakeun aya seni teater. Nu disebut gending karesmén, nyaéta drama anu paguneman antar tokohna téh dilagukeun. Drama mah mangrupa gabungan tina sagala cabang seni. Aya seni tari, seni suara, seni peran, seni musik, seni rupa, jeung seni sastra. Panglengkepna wé, da sagala cabang seni aya dina drama. Unsur-unsur drama sarua jeung karya sastra séjénna, aya palaku,…

  • MATERI DRAMA SUNDA KELAS 7
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DRAMA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9

    1. PERKARA DRAMA Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun Kamus LBSS, drama (basa Walanda) nyaéta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi bisa dicindekkeun yén drama téh nyaéta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran). 2. CIRI DRAMA Drama mibanda ciri pangutamana, nyaéta ayana konflik atawa émosi nu husus disusun pikeun pertunjukan téater. Drama ogé kaasup kana sastra lalakon, sabab nu digambarkeun dina drama mah paripolah palaku. Para palaku téh langsung maén (lahir jeung batinna), sarta dina paguneman (dialog), atawa…

  • MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DRAMA SUNDA

    Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20. Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari…

  • MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DRAMA BAHASA SUNDA

    Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan). Istilah drama, asalna téh tina basa Yunani, dramoi, hartina ni ru-niru. Kitu deui téater, asalna tina basa Yunani, teatron, harti na tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna). Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Jawa, sandi (rusiah), wara(h), hartina pangajaran atawa atikan. Hartina sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunana sacara samar atawa disilibkeun (dirusiahkeun).

error: Content is protected !!