PEDARAN TRADISI RITUAL KAMPUNG CIREUNDEU BASA SUNDA

Kampung nu mayoritas masarakatna masih kénéh ngagem kapercayaan Sunda Wiwitan téh, dikokolakeun ku tilu sesepuh kampung, nyaéta Sesepuh nu nangtukeun kawijakan hirup kumbuh tur ngokolakeun ritual taunan dicepeng ku Emen Sunarya (75), Ais Pangampih nu ngokolakeun kamasarakatan dicepeng ku Widia (50), jeung Panitén nu ngokolakeun kapamudaan jeung tani sampeu dicepeng ku Asep Wardiman (45).

Lega lahanna kurang leuwih 100 héktar, kabagi kana opat bagian, nyaéta 10 héktar lahan padumukan, 25 héktar leuweung baladahan (lahan tani sampeu), sarta 65 héktar kabagi kana leuweung tutupan jeung larangan.

PEDARAN KAMPUNG CIREUNDEU BASA SUNDA

“Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa.

Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam. Éta gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu. Da puguh kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang mah naék angkot nu ka Cimahi, laju naék deui jurusan Cimahi- Leuwigajah, terus Cimahi-Cangkorah, jeung ditungtungan ku naék ojég sangkan nepi ka nu dituju.

PEDARAN TRADISI SUNDA SINGKAT

Di Sumedang mah di antarana nu sok pada ngarep-ngarep ku balaréa téh iring-iringan, nyaéta ngaleutkeun budak sunatan, dina poéan mandi kembang piisukaneun ngeureut. Kuda rénggong jeung bangbaronganana nu pangdidago-dagona téh.

Dina émprona jalma ti unggal lembur nu kaliwatan iring-iringan, sok budal maregat di sisi jalan. Tong boro nu keur nyalsé, nu keur baranggawé ogé, cul wé lanan. “Rada rurusahan nyeuseuh téh da sieun kaporotan iringiringan.” Teu anéh ngadéngé omong kitu téh.

Tukang warung nu keur ngaladangan, tukang bas nu keur ngagusruk, tukang macul nu keur ngagecruk, tukang ngarambét nu keur totonggéngan, sakurang-kurangna nyelang ngajanteng, nyérangkeun heula ti kaanggangan.

PEDARAN ADAT ISTIADAT URANG SUNDA

Sélér bangsa naon waé jeung di mana waé ayana tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung méh sarua, sakapeung béda pisan. Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kaseniananana, kadaharanana, wangun imahna, jeung adat-istiadatna.

Ari adat ngurus orok jaman baheula tangtu bakal béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung modérén. Baheula mah éstu sarwa basajan, boh pakakasna boh cara ngurusna. Baheula mah réréana nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna gé meni sagala aya.

Di sawatara daérah utamana di pakampungan, cara ngurus orok mimitina mah sok dipapagahan. Anu mapagahanana biasana mah paraji. Sanggeus ngurus nu ngalahirkeun, biasana paraji gé ngurus orokna. Sajeroning ngurus orok, paraji méré conto jeung mapagahan ka indungna orok, pangpangna dara, nu can boga pangalaman ngurus orok, da munggaran pisan.

PEDARAN TENTANG TRADISI IKET SUNDA

Iket atawa totopong téh di Sunda mah kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna. Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina sabeungkeutan atawa sauyunan dina hiji pakumbuhan. Silokana, nyéré mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan tangtu bakal beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina minangka objék nu kudu sayaga pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pegeuh kancing, saringset pageuh iket.

Mimiti resep kana iket memang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung saha baé nu weruh kana iket, bari terus ngeureuyeuh ngadongdon kampung adat. Najan masih kénéh héngkér ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladang tetelepék téh saheulaanan mah bisa dicindekkeun yén iket téh ngawéngku tilu bagian, nyaéta bahan, corak/motif, jeung wangun iket. Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana nu bogana golongan menak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna, upama iketna polos (saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero) atawa ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna gé golongan cacah. Sedeng tina wangunna iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna ari wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut tina wangun asalna nu pasagi.

PEDARAN TRADISI SUNDA

Istilah bahasan sok disebut ogé karangan pedaran (eksposisi), malah sok disebut ogé karangan éséy. Eusina, biasana ngajéntrékeun tur medar hiji hal kalawan gemet.

Supaya hidep parigel, ayeuna urang diajar nulis bahasan. Kahadé hidep perlu merhatikeun katangtuan dina nyusun hiji tulisan. Pék geura tengetan sawatara hal penting ieu di handap!

(1) Nangtukeun Topik, jeung Judul
Topik atawa téma téh ambahan (ruang lingkup) ngeunaan pasualan atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh singget) eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis. Leuwih loba maca, nu nulis bakal leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.

error: Content is protected !!