NOVEL BAHASA SUNDA REMAJA

CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

Nempo baju éta téh, bet asa bréh-bréhan deui Mamah ngajanteng hareupeun. Matak deungdeuleueun puguh, diacuk éta téh raray Mamah beuki cahayaan. Erok buludru hideung. Dadana rada ngaliglag, panjangna satuur. Ngepas pisan di Mamah mah, bubuhan dada jeung imbitna ngareusi. Ari di si Aa. Ih, ngéwa pisan! Lebah dada jeung bujurna teu kaeusian, da puguh lalaki si Aa mah.

Urang istigpar bari ngusap beungeut sababaraha kali. Raray Mamah kokolébatan. Urang ngedeprek, nukangan kamar si Aa. Késang renung dina tarang. Awak ngadadak ramohpoy. Hayang jejeritan satakerna, tapi buru-buru ditungkup ku leungeun duanana. Cipanon murubut teu kaampeuh. Urang maksakeun cengkat. Blus ka kamar. Cetrék, ngerem manéh. Gauk wé ceurik bari nanangkeup bantal.

Ti saprak kajadian si Aa ngajaran baju si Mamah, haté urang mindeng seseblakan, Li. Urang watir ka si Aa. Komo ayeuna mah si Aa kaluar ti sakolana. Era ku babaturanana, nyaritana mah. Sok dipoyokan, cenah, ngaranna kawas awéwé.

15+ NOVEL BAHASA SUNDA SINGKAT

CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

Geus aya taunna Si Uha ngumbarana di dayeuh. Ku dununganana kacida dipika-nyaahna; keur mah teu kagungan putra, turug-turug budakna bisa mihapékeun manéh. Sakaluarna ti sakola ku dununganana diasupkeun ka Kursus Dagang; lebar ku pangartina, cenah.

Kana gawé beuki singer, méh sagala katangkes, taya kabau. Geus puguh ari pagawéan lalaki mah; ka nyangunyangu kacabak. Atuh dununganana téh beuki tamplok baé kanyaahna.

Salebaran sakali sok merlukeun balik ka lembur; boh méméhna sakalian ngadon lebaran riung mungpulung jeung indung jeung dulur, atawa sabadana mun meneran dian-deg mah kudu lebaran di dayeuh. Unggal bulan dununganana sok ngiriman, ngabanjel-banjel kaperluan indungna jeung Si Aah. Atuh ku kituna nu di lembur jongjon, nu ngumbara betah. Teu sumoréang teuing ka nu ditinggalkeun.

BACA NOVEL BAHASA SUNDA

CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

Kira-kira tabuh lima, kuring geus anjeucleu dina mobil. Kabagéan diuk téh di tukang, dina luhureun tumpukan karung béas. Mang Mahmud diukna di hareup, ngaréndéng jeung Kang Kosasih katilu supir.

“Tah, silaing aya batur ngobrol ayeuna mah, Jana,” ceuk supir ka kenékna. Apal kuring ogé ka Si Jana téh, budak ti Guranténg, ngan pédah wawuhna ukur saliwat.
“Kadé silaing diukna sing ati-ati, Kondi, bisi ragrag!” ceuk Kang Mahmud. “Jeung kadé deuih ulah nundutan!”
“Moal, Mang,” cekéng téh.
Teu kungsi lila, mobil geus maju ninggalkeun lembur. Béak jalan désa anu taringgul, bras waé ka jalan aspal.
“Rék udud, euy?” ceuk Si Jana bari ngasongkeun roko anu geus gepéng dua batang, balas hantem kadiukan meureun.
“Uing mah tara udud,” cekéng téh.
Diuk téh ngeunah bari nyelegon, dina tumpukan karung béas, nyanghareup ka tukang. Jadi tumpak mobil téh karasana mundur. Lantaran kitu, angin anu ngahiuk ti hareup teu nebak teuing.
“Geus tepi ka lebah mana ieu téh?” ceuk kuring, duméh harita geus kadéngé adan isa.
“Karék gé Ujungberung,” témbal Si Jana.
“Ari mobil rék dibawa meuting di Bandung, Na?”
“Moal. Geus nurunkeun barang mah, rék terus balik deui, lantaran isukan aya tarikeun.”
“Atuh tabuh sabaraha cundukna deui ka lembur, mun wayah kieu di dieu kénéh?”
“Kana tengah peuting.”

SEMPALAN NOVEL BASA SUNDA

CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

Pamolah urang gunung beuki ngagalaksak waé. Daratangna ka lembur mingkin kerep, abrul-abrulan – samagrang ku pakarang, laju barangpénta ka rahayat bari maksa.

Teu kaharti, ceuk pamikir Erom, ongkoh manéhna téh cenah bajuang make dadasar agama, tapi naha bet kitu peta. Keun ari ngaduruk balé désa, éta mah rada kaharti, da meureun wawangunan milik pamaréntah. Tapi ari masjid jeung pasantrén mah apan murni pikeun kapentingan agama. Kitu deui ku ayana ajengan atawa kiyai anu dipaténi, éstu matak jadi baluweng. Mun urang gunung ngabedil komandan tangsi, éta mah bisa kaharti, da apan aya dina posisi musuh.

NOVEL BASA SUNDA PIKEUN BARUDAK

CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

JANG Udin nutur-nutur kuda lumping tepi ka poho balik. Duit titipan keur indungna leungit di panglalajoan. Ukur bisa ngahinghing ceurik. Rék balik sieun dicarékan. Komo apan cék bapana, budak bangor mah rék dikirim ka Tangerang, dikerem di jero bui. Bakating baluweng, basa aya jalma ngajak indit, milu waéh. Teu apal ka mana nu rék dijugjug. Tungtungna kadungsang-dungsang di lembur batur.

Kitu ku kira-kira mah ringkesan buku Kabandang ku Kuda Lumping (KKL) beunang Ahmad Bakri téh. Bisi pondok teuing, nya urang caritakeun wé saeutik mah kahirupan Jang Udin anu kabandang ku kuda lumping téh. Cenah, cék nu ngarangna, Jang Udin téh budak bangor. Lamun ulin sok kamalinaan, tara inget ka waktuna balik. Atuh ku Jurutulis, bapana, mindeng pisan diseukseukan. Malah hiji mangsa mah disingsieunan: upama bangor waé, rék dikirim ka Tangerang.

NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN

NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN

Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh.

Upama hidep maca novel bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu aya novel.

Téma nyaéta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata. Ku kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéh pangarang nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana.

50+ KUMPULAN SOAL NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11

KUMPULAN SOAL NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11

Baruang ka nu Ngarora, Gogoda ka nu Ngarora, Rusiah nu Goréng patut
kaasup kana wanda….
a. carpon
b. novel
c. puisi
d. dongéng

Novel munggaran di tatar Sunda nyaéta….
a. Gogoda ka nu Ngarora
b. Handeuleum Na Haté Beureum
c. Baruang ka nu Ngarora
d. Rusiah nu Goréng Patut

Novel Baruang ka nu Ngarora minangka novel munggaran di tanah
Sunda ogé cikal bakal novel di Indonesia. Novel Baruang ka nu Ngarora
ngamimitian dicitak dina taun…..
a. 1912
b. 1915
c. 1914
d. 1916

CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

Assalamualaikum wr wb
Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.

MATERI NOVEL BAHASA SUNDA SMA KELAS 11

Istilah novel asalna tina basa Laten, nyaéta novellus, tina kecap novus nu hartina “anyar”. Disebut anyar téh pédah novel gelarna anyar di dunya sastra umumna, upama dibandingkeun jeung wangun sastra lianna, saperti puisi jeung carpon. Tapi, dina sastra Sunda mah sabalikna, novél téh leuwih ti heula me dal jadi buku batan carpon.

Novél téh carita rékaan (fiksi) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeuran, umumna panjang sarta galur carita atawa plotna ngarancabang (loba tur kompléks). Ku kituna, novél mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku (tokoh), kajadian, jeung laluasa ngahirupkeun karakter masing-masing palaku.

50+ SOAL DONGENG BAHASA SUNDA SMA KELAS 10

50+ KUMPULAN SOAL DONGENG SUNDA KELAS 7

1. Carita rékaan anu ngabogaan unsur pamohalan disebut ….
a. carpon
b. novél
c. dongéng
d. éséy
e. biografi

2. Salasahiji ciri dongéng téh anonim, maksudnya nyaéta ….
a. sumebarna sacara lisan
b. sumebarna sacara tinulis
c. kanyahoan anu ngarangna
d. teu kanyahoan saha anu ngarangna
e. ngabogaan amanat

3. Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Garut nyaéta ….
a. Sasakala Kalapa Genep
b. Sasakala Situ Bagendit
c. Sasakala Leuwi Ronggéng
d. Sasakala Situ Cileunca
e. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

50+ KUMPULAN SOAL DONGENG SUNDA KELAS 7

50+ KUMPULAN SOAL DONGENG SUNDA KELAS 7

1. Dongeng téh sumebarna sacara _
a. tulisan
b. gerakan
c. isarat
d. lisan
2. Ciri-ciri dongéng nya éta _
a. eusi caritana panjang
b. sumebar sacara tulisan
c. eusina pamohalan
d. karangan dina wangun ugeran
3. Dongéng nu nyaritakeun ngeunaan sasatoan disebut __
a. fabel
b. legénda
c. parabel
d. mite

DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO

DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO

Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Hiji hal anu ngabédakeun dongéng jeung golongan carita lianna pangpangna dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana loba anu teu katepi ku akal (pamohalan). Najan kitu, keur nu ngabandunganana pangpangna barudak tinangtu baris ngumbar pantasi anu pohara.
Dongéng jadi pohara dipikaresepna, pangpangna ku barudak. Ku ngabandungan dongéng sacara teu langsung budak diwawuhkeun jeung rupa-rupa atikan. Kituna téh lantaran dina dongéng mah leubeut naker ku ajén-ajén atikan. Nya ajén atikan pisan anu ngajadikeun ciri pangpentingna dina dongéng. Upamana baé, atikan kacerdasan, atikan kaéndahan, jeung atikan kasusilaan.

DONGENG SUNDA : FABEL SASAKALA SAGE & MITE

DONGENG SUNDA SMP KELAS 7

Dina dongéng téh sok aya pieunteungeunana sok aya ogé picontoeunana. Tah anu disebut picontoeun mah kalakuan hadé anu kudu diturutan, lantaran bakal mawa kahadéan boh keur dirina sorangan boh keur batur. Dina dongéng di luhur, teu kacaritakeun tokoh anu bisa dijadikeun picontoeun keur urang.

Tah ajén-ajén kahadean anu aya dina dongéng saperti kitu téh disebutna ajén atikan moral. Dongéng téh lain ngan sakadarkeur hiburan, tapi ogé jadi bahan/alat pikeun nepikeun atikan. Dumasar kana eusina dongéng téh dibagi jadi genep golongan, nyaéta:

MATERI DONGENG BAHASA SUNDA SMP KELAS 7

MATERI DONGENG SUNDA KELAS 7

Dongeng nyaéta carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna ogé tara kapaluruh, hésé ditéangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riungan ka riungan séjénna. Ukuran carita dongéng ilaharna parondok, méh sarua jeung carpon, tapi dina dongéng mah aya unsur pamohalan nu teu kaharti ku akal.

DONGENG BAHASA SUNDA

DONGENG BAHASA SUNDA

Dongéng nya eta carita anu tumuwuh di masarakat, sumebar sacara lisan ti hiji jalma ka jalma lian, ti hiji generasi ka generasi saterusna sarta eusina loba anu pamohalan. Hal anu pamohalan atawa teu asup akal dina dongéng upamana waé aya sasatoan bisa ngomong, parahu nangkub robah jadi gunung, jalma bisa hiber jeung sajaba ti éta. Dongéng téh mangrupa karya sastra lisan sabab sumebarna tatalepa sacara lisan, tapi sanggeus ayana kamajuan teknologi citak, réa dongéng anu disalin kana wangun tulisan.

error: Content is protected !!