• SISINDIRAN

    SISINDIRAN PAPARIKAN PIWURUK

    Paparikan Piwuruk: Ka kulah nyiar kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar tipeuting Osok loba gogodana Melak suplir makè huut, dibawa ka Cicalèngka, Ari nyupir ulah ngebut, kumaha lamun cilaka? Kacapanon dina jukut, geus ruksak rèk diomèan. Ku naon abdi bet ngebut, apan keur ngudag setoran

  • SISINDIRAN

    WAWANGSALAN

    Conto Wawangsalan Abdi mah caruluk Arab Henteu tarima téh teuing. (wangsalna : Korma) Paribasa petis Cina Hayang nepi ka cacapna (wangsalna : Kecap) Mesin ketik siga tivi Nyimpen data meni pinter ( wangsalna : Komputer ) Bibika tipung tarigu Ku engkang tacan kahart (wangsalna : Roti)

  • SISINDIRAN

    SISINDIRAN PAPARIKAN SESEBRED

    Paparikan Sésébréd (heureuy) Poe saptu poé kemis Salasa heuleut-heuleutan Saha itu murilkumis Leumpangna eundeuk-eundeukan Saninten reujeung japilus Ka Cinisti dipapaykeun Ari peunteun hayang alus Tatapi anti ngapalkeun Korék api dijajarkeun Dikuatan dikarétan Sanés abdi teu ngapalkeun Kabéngbat ku internétan

  • SISINDIRAN

    SISINDIRAN PAPARIKAN SILIH ASIH

    Paparikan silih asih : Aya meri dina rakit Boboko wadah bakatul Lain nyeri ku panyakit Kabogoh direbut batur Isukna muka komputer diseuseulan ku Bu Lilis Rina mah sanés mung pinter katambihan ogé geulis... Sanaos ka Haur geulis Andi mah resep ka Cina Sanaos Néng Nunur geulis Andi mah resep ka Rina Mandi isuk rada beurang Tampian jalanna nanjak Andi atos terus terang Badé ditampi, ditolak?

  • SISINDIRAN

    SISINDIRAN RARAKITAN SESEBRED

    rarakitan sésébréd ( heureuy) Majar manéh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru Rarasaan cengkéh konéng Kulit peuteuy dina nyiru Rarasaan lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru Najan peuteuy dina nyiru Sakoteng dibawa muter Najan kulit beuteung nambru Da ganteng katambah pinter

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  SISINDIRAN

    SISINDIRAN SUNDA NYAETA?

    Dina jaman kiwari, ana nyarita urang Sunda téh resep togmol. Langsung kana bukur caturna. béda jeung baheula. Dina kahirupan karuhun urang baheula kapanggih paribasa “malapah gedang”. Hartina, saméméh nyaritakeun maksud nu saenyana, nyaritakeun heula perkara séjén minangka bubukana, supaya nu ngadéngékeun ulah reuwas atawa leutik haté (Satjadibrata, 2005). Hartina, nyarita téh kudu aya senina. Nu sok kapanggih téh lain baé kabiasaan malapah gedang, urang Sunda ogé boga kabiasaankabiasaan séjén nu patali jeung seni nyarita atawa seni komunikasi. Di antarana baé seni nyarita téh diébréhkeun dina sisindiran. Ngan baé, sisindiran urang Sunda baheula mah lain sisindiran siga jaman ayeuna nu sakapeung ngahaja dijieun keur kaperluan pagelaran. Sisindiran jaman baheula éstuning dalit…

  • SISINDIRAN

    CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA

    Daék sotéh ka cinangka Ka cisitu mah teu purun Daék sotéh ka nu dipita Kanu itu mah teu purun Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol néangan élmu Nu guna dunya ahérat Majar manéh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru

error: Content is protected !!