CONTOH ARTIKEL BUDAYA SUNDA SINGKAT
Ku ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.