-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA 6 ORANG
Opang: Lurah kongsi! Tong panjang teuing atuh pidatona! Singet wé singet! Geuwat pungkas! Lurah Kongsi: (Bari ngajenghok terus ngeleper) Ju...juragan Demang anu kahurmat, Juragan Patinggi anu kahurmat, Juragan... Opang: Kalah balikan deui! Geuwat pungkas! Lurah Kongsi: Ju...ju...juragan Pungkas anu kapungkas... Opang: Naon tatéh naon? Kalah ka beuki ngaco!? Lurah Kongsi: Ju...ju...jur...juriiig! (Bari naplékan biwirna sorangan bawaning ku keuheul). Naha biwir téh jadi kieu? (Ka gegedén). Duh juragan Demang, neda hampura, janten macét kieu.... Demang: (Bari imut wibawaan) Keun baé. Teu kudu inggis. Sakitu gé lumayan aya soraan kénéh. Ngan tangtu di Kadaleman mah kudu daria tur lungsur- langsar. Bisa teu kira-kirana biantara hareupeun Dalem?
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia. “Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya. “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék. “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna. “Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.” “Naon ari tatakrama…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA 3 ORANG
Ma Cioh: “Ku naon atuh maneh téh, Péndi?” Péndi: “Duka atuh, Ma. Peuting téh Péndi dahar saté hayam paméré ti babaturan.” Indungna ngahuleung sakeudeung Ma Cioh : “Naon hubunganana saté hayam jeung gering ayeuna?” Péndi : (Ngomong lalaunan) “Katerap kasakit flu burung sugan. Ma, Péndi téh.” Ma Cioh : (Nyentak) “Gagabah ari ngomong téh, Péndi !” Péndi : “Henteu gagabah, Ma. Ceuk dina bacaan ogé tanda-tanda gering flu burung téh kieu!” Ma Cioh : “Teu gampang kadeuleu tapi kudu dipariksa ka Hongkong sagala rupa béjana mah!” Péndi : “Mun teu ka Hongkong, ka Amerika, Ma.” Ma Cioh : “Heueuh! Naha atuh ari manéh meni gampang nyebutkeun flu burung téh!” Ti…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA SINGKAT
“Sampurasun, Nyai.” Ceuk aki-aki téh. “Rék naon aki-aki, rék baramaén?” ceuk Nyi Endit bari kurawed haseum. “Ih, manawi aya sih piwelasna ka aki.” “Nyingkah aki-aki tujuh mulud!” “Manawi wéh atuh Nyai, aki téh lapar kacida.” “Lain ménta ka kami tapi usaha kadituh, harta kami mah moal dibikeunan ka jalma modél anjeun.” “Euleuh Nyai, kadé tah cariosan téh bilih janten mamala ka salira.” “Ah, teu paduli kami mah da ieu mah rejeki kami naha kudu dibikeunan ka batur. Jig-jig nyingkah tong ngaganmggu ka kami!” “Kadé Nyai.” Ceuk aki-aki bari ngaléos, ngan méméh indit si aki nancebkeun iteuk anu di pakéna. Burial aya cai ka luar beuki lila éta cai beuki loba…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA SAPOPOE
Risma: “Gus, kumaha ari kelas Agus sami pelajaran basasunda dipasihan pancén?” Agus: “Pancén anu mana téa, Ris?” Risma: “Éta dipiwarang nyarioskeun pangalaman waktulibur.” Tiara: “Muhun kelas abi ogé sami dipiwarang.” Agus: “Oh, éta. Atos deui Agus mah.” Tiara: “Agus, basa libur téh kamana kitu?” Agus: “Agus mah ameng ka Kampung Pulo.” Risma: “Nu dimana téa kitu, Gus?” Agus: “Éta nu di Lélés téa.” Tiara: “Muhun nya, Gus resep ameng ka dinya téh jaba ayacarita sajarahna, sareng urang tiasa rarakitan di SituCangkuang.”
-
PAGUNEMAN SUNDA DINA DONGENG
Aya budak miskin, ngarana Si Teka. Manéhna hayang boga élmu , tuluy guguru. Tapi ku Pandita dijieun juru béték, henteu diangken murid cara ameng nu séjéna. Unggal poé ti isuk-isuk nepi ka peuting digawékeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun dipatapaan téh teu nyaho di alip bingkeung-bingkeung acan, cék babasan téa mah, da tara diwuruk. Dina hiji poé Si Teka dipiwarang meuleum béton ku Pandita. Prak beton téh dibubuy. Ari geus asak, terus dijait, bet euweuh sasiki. Beton sapuluh kari salapan.
-
CONTOH TEKS PAGUNEMAN SUNDA
Rama: “Kang naha nya nagara urang téh ning nuju berkembang tapi perkembanganana seueur dampak anu teu saé?”…” Alis: “Muhun kang, kitu ogé sareng budaya urang sundana. Diantawisna, karya seni tos jarang deui kakuping sapertos wayang golék tos langki dipagelarkeun dina hajatan, malihan mah tos seueur anak, incu, buyut urang sunda anu teu tiasa sareng alim nyarios ku basa sunda.” Kang Ahmad: “Éta téh éfék tina urbanisasi, seueur kota-kota ageung di tatar sunda anu jadi targét urbanisasi, sapertos, Bandung, Bogor, Bekasi, Karawang.” Rama: “Naha kumaha tiasa kitu, Kang?” Kang Ahmad: “Kapan tatar sunda téh caket sareng ibu kota nagara nyaéta Jakarta, seueur éfék sapertos pangwangunan ogé janten énggal pisan, tapi seuseueurna…
-
PAGUNEMAN SUNDA
Paguneman téh nya éta Kagiatan nyarita dua arah nu dilakukeun ku leuwih ti saurang pikeun ngungkabkeun rasa, pikiran, kahayang luyu jeung tujuan nu dicaritakeunana.